> 
> Ke Kang RH, kecap unggah teh rarasaan mah hartina teh ngalengkah ka 
> tempat nu leuwih luhur. Kalimah "unggah ka imah", nunjukkeun 
> ngalengkah ka tempat nu leuwih luhur. Imah pastina oge leuwih luhur 
> ti buruan, komo imah panggung mah. Atawa kalimah siga kieu : "Geura 
> unggah siah ...tong guyang wae di balong, bisi ararateul"
> 
> Janten, umpama unggah basisir, hartina tempat nu diunggahan teh 
> leuwih luhur ti basisir, padahal pan kuduna sahandapeun basisir ...
> 
> Naon nya kecapna, kanggo ngalengkah ka tempat nu handap?


Akur lebah dinya na mah Kang. Ngan anu jadi udagan kuring teh, dina
kecap 'unggah' teh ngandung harti proses 'ngalengkah'na. 

Ieu teh, ceuk kuring ieu mah, nunjukkeun wilayah atawa jarak A ka B.
Tah lebah dinya aya kasaluyuan antara jarak A (basisir) ka B (laut anu
teu pati jauh jeung basisir). 

Memang... euweuh unsur luhur na mah he he he. Tapi.. jarakna bisa
dianggap kaunggahan.

Aya alternatif sejen Kang?

baktos,

Rahman

Kirim email ke