--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > STPDN taun 2000, Ery Rahman maot digebugan ku seniorna. Seniorna > ditewak pulisi. Tapi rewuan mahasiswa STPDN ngademo, protes > babaturanana kudu dikaluarkeun ti tahanan pulisi, sabab ceuk > maranehna ieu teh dina rarangka negakkeun disiplin, sanajan tepi ka > modar ... > > Kamarana ayeuna nu ngagebugan Erry Rahman? meureun geus jadi > pejabat, komo deui nu nyarokong supaya ulah dihukum mah.
Aya hiji "ide" nu kaemutan waktus maos warta kompas eta.. Kumaha pami IPDN teh dirombak..? Tapi tong kapalang tanggung, langsung weh dibubarkeun. Teras diwangun/disusun deui ti awal. Ti undang-undang/hukum, organisasi, dugika seleksi-ulang praja. Pami saukur di-"revisi" mah, asa sami wae, da tos dibuktoskeun ku gentosna STPDN ka IPDN. Salami jaman STPDN dugika ka ayeuna tos IPDN, asa teu aya nu robah ari sanes kurikulum na mah. Dina sosial-budaya, para calon pamingpin teh kalahka maehan calon pamingpin nu lain. Keur mah DPR sakitu riwuehna, geuningan para generasi penerus-na oge kalahka langkung ngariweuhkeun rahayat.
