Kang Rahman, Raka abdi oge harita dipaksa ku pun Bapak kudu asup ka IPDN, harita Bapak abdi mah mani bangga ka sakola IPDN, duka kunaon, kalah heran, tapi raka abdi alimeun, malah sempet parasea sakedik sareng bapak abdi, teras raka abdi sakola ka Yogyakarta nyandak fakultas ekonomi. Kumaha teuing lamun raka abdi jadi asup ka IPDN boa-boa tos maot disiksa, atanapi jadi gelo/cacat teu kuat nahan siksaan, untung raka abdi milih ka Yogya.
Kamari abdi nelepon kabumi, terutama ka papah/bapak "Pa, kumaha ayeuna masih keneh bangga ka IPDN?", dijawab singkat ku Bapak "Henteu ayeuna mah, sakola biadab". he..he..he.. atuh abdi teh ngan seuri, soalna kapungkur mah Bapak abdi mani bangga ka IPDN hi..hii..hi.. Nn
