> From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> > ANu teu kaharti teh, eta mani siga nu EUWEUH nu protes. Batur > digarabugan ... bet jempling!
Kang, Sigana IPDN teh nerapkeun elmu diktaktor, jieun jelema tepi ka sarieuneun, geus sarieuneun mah gampang ngaturna. Jurus sina sarieuneun teh keuna pisan ka mahasiswa IPDN/STPDN mah. Kahijina mah mahasiswa IPDN teh mahasiswa Ikatan Dinas, lamun lulus, langsung digawe jadi PNS. Jadi mahasiswa IPDN paling sieun lamun dipecat. Kaduana, mahasiswa IPDN umumna ti suklak-siklukna, barudakna sigana parolos pisan jeung rada kurang kanyaho (kurang pengetahuan umumna). Atuh waktu mimiti sakola ka IPDN terus didoktrin ku sistem, langsung nyerep da kurang pangaweruh (alias kurang maca). Katarana budak IPDN tara maca, waktu anggota DPR nempo asramana. Cenah di kamar para mahasiswa teh teu aya buku-buku. Hal nu aneh keur mahasiswa mah. Kaanehan ieu ditambah deuih ku Perpustakaanana nu ngan buka tepi ka Jam 2 beurang. Lucu, aya sakola nu sakompleks jeung asramana, perpustakaanana ngan buka satengah poe. Jadi di IPDN lain dilatih intelektualitasna, tapi nya kitu kagiatan fisik siga di akademi militer (malah ngaleuwihan). Tungtungna nu dibentuk lain jelema tapi robot. Robot? ....enya pan ngan robot nu cicing wae sanajan digebugan ge! Baktos, WALUYA
