Nyaan para akang, mani kejem pisan, Wayne kuabdi dipasihan terang link
Youtube vidio pukul memukul junior tea, ari Wayne mah kalah molongo
bari jeung gogodeg, ceunah eta teh sakola naon, system binaan naon,
sugan di Indonesia mah teu aya perlindungan terhadap students, terus
setelah lulus mereka mau jadi apa ? eta mah Wayne mani merekpek naros
sagala ka abdi, ari kuabdi dijawab "mereka calon pamong/juru
tulis/camat/lurah", Wayne naros deui  "naha ngan saukur jadi pamong
kudu disiksa heula, sugan para pamong di Ind mah maen pukul ka rakyat?".  
Terus Wayne oge emosi ningali salah saurang senior najongan juniorna
mani siga pang akangna, langsung Wayne komentar "bales atuh, tajong
deui ulah cicing wae". Dijawab kuabdi lamun ngabales bisa dibunuh
dibarak pembantaian.  Wah pokokna mah rame didieu abdi sareng Wayne
ngabahas masalah kekejaman IPDN, malahan Wayne upami ka Indonesia,
hoyong ningali kampus IPDN langsung, sareng ningali makam Allyan caket
IPDN (Pedah aya berita ibuna Allyan dongkap ka makam Aliyan setelah 14
tahun untuk yang pertama kalinya).

Bubarkeun IPDN, sakola monster.

Nn



Kirim email ke