Bwahahaha.... Kang R, sigana kavling VVIP di naraka geus nungguan tah hahaha. 
Untung harita euy... beuteungna teu di cuci heula ku Rinso ambeh beresih 
hahaha. 

Kang...abdi basa di Singapur ampir weh euy katipu... soalna si Slice Fork eta 
katinggalina siga Slice Beep euy... untung dibejaan ku si Palayanna... bari 
nunjuk ka palebah Sign-na ;))... are you moslem ceunah? ... maklum pan beungeut 
abdi mah Indonesia pisan ;))... Yes ceuk abdi teh... ieu mah babi ceunah... 
kehed teh... euy kalahka dibejaan :))... mun teu dibejaan sigana mah abdi ge 
beak tah sapiring metung hahaha... jadi maturan nuturkeun ka Naraka meureun 
jeung Kang R hahaha. 

Hehehe ngan beda atuh ari ka nu kasep mah Gusti Alloh ge pasti ngajaga ngariksa 
Kang ;))... janten abdi masih dipaparinan pituduh hehehe. Siga abdi pas 
ninggali tempat jualan Sex Toys teh... pas kabeneran weh keur tutup hehehe... 
mun keur buka ge da ketang teu wani meulina hahaha... da tos gaduh sex toys anu 
yahud si jagur al akbar tea hahaha. Atawa ceuk Gusti Alloh teh... ah ieu jelema 
mah kasep sih kasep tapi KERE geus deuh ulah sina ngarasaan babi ke bisi 
deudeuieun ngeunahna ... ke duitna beak tah hehehe.

Ngan aneh euy... babaturan abdi nu Gelo mah... loba oge anu hayang asup ka 
naraka ceunah ... malahan... ah ceunah rek mesen kavling-na ti ayeuna hahaha... 
Teuing naraka na belah mana na mah nu rek di booking hehehe... susugananan ari 
di VVIP mah naraka na teu panas teuing nya Kang aya AC jeung aya waiterna 
;))... boa-2 didinya eusina artis terkenal nu gareulis tea hehehe.. janten 
upami di Sawarga mah Bidadari parawan hadiahna (taah ieu pertanyaan gede... 
bidadarina geulis atanapi hanteu? hahaha)... ari di naraka VVIP mah artis-2 
terkenal nu gareulis tah eusina wios lah teu parawan oge hehehe. 

Salam Naraka VVIP ;)),
A

  ----- Original Message ----- 
  From: Rahman 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, July 04, 2007 2:36 PM
  Subject: [Baraya_Sunda] Re:Babi Vs Sapi ;)


  Teuing naon alesanana... sigana mah balangah kitu? Sakali mangsa,
  kuring nyokot sate, aya kana lima tusuk mah. Habek didahar nepi ka
  beak. Barang rek ngaduakalian... kuring jadi kerung. BEU... salah meja
  euy. Anu tadi didahar teh sate babi... nepi ka ledis!

  Teu ku hanteu, nafsu dahar teh euweuh ... bin... turun. Sieun, ngarasa
  dosa, ... tapi henteu nepi ka utah mah. Da rasana mah teu beda jeung
  hayam he he he. Ngan sacara psikis kuring teu bisa narima.

  Isukna, kuring ngingkig balik ka Sukabumi. Lain ku nanaon, kuring
  hayang nyaho reaksi kolot kuring, da goreng2 ge nyahoeun kana urusan
  agama.

  Derkdek kuring ngadongengkeun masalah na. Pun Bapa kalah seuri. Kuring
  nanya: 'naha bet seuri, teu dosa kitu?'

  'Ah, pan teu dihaja. Mun maneh ngarasa dahar hayam... nya eta teh sate
  hayam! ', jawab bapa kuring tandes.

  Ngemplong euy... he he he.

  Moral ieu dongeng.... babi sarua jeung hayam he he he.... Lieur! ;))

  baktos,

  Rahman

  . 
   

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke