--- In [email protected], "Maria Astati" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>

> 
> Nu rada heran teh kunaon nya ari kana babi, (enya puguh 
> diharamkeunanamah), saur Bah Willy tea mah tibang nempo daging na ge 
> geus hayang utah, komo ngadaharna, beda jeung alkohol, narkoba, loba 
> nu nyobaan, malah jadi nepika beuki heheh, beda jeung dahar babi, asa 
> can pernah ngadenge urang muslim beuki dahar babi.
> 

Wah... urusan dahar babi mah, kuring pernah euy... najan teu ngahaja
oge. Kieu dongengna.

Waktu jaman masantren di JKT. Kuring pernah milu jadi panitia Dies
Natalis pasantren kuring. Gabung jeung panitia sejen di Salemba. Dana
jang ngareuah2 eta acara teh kaitung gede oge.

Pendek carita, panitia bisa nyieun acara nu nyugemakeun. Dana nyesa
lumayan gede. Rek dibalikkeun ka pasantren... lebar. Jadi, ieu
kapanitiaan teh nyieun acara 'makan2' sakalian ngabubarkeun
kapanitiaan. Tah... eta acara teh diayakeun di hiji restoran (ngaran
na poho deui!), anu jelas ayana di gigireun HI di JKT.

Restoran nu kaitung gede teh di-booking (kawas masjid! he he he).
Dahar na sistem prasmanan... Rek dahar sataker kebek nepi ka ngalehleh
ge kaci!

Dina meja aya kadaharan halal jeung teu halal, sabab panitia teh
nyampur. Kuring apal, da geus dibejaan... di hiji meja loba kadaharan
anu aya babian. Kaitung sate babi.

Teuing naon alesanana... sigana mah balangah kitu? Sakali mangsa,
kuring nyokot sate, aya kana lima tusuk mah. Habek didahar nepi ka
beak. Barang rek ngaduakalian... kuring jadi kerung. BEU... salah meja
euy. Anu tadi didahar teh sate babi... nepi ka ledis!

Teu ku hanteu, nafsu dahar teh euweuh ... bin... turun. Sieun, ngarasa
dosa, ... tapi henteu nepi ka utah mah. Da rasana mah teu beda jeung
hayam he he he. Ngan sacara psikis kuring teu bisa narima.

Isukna, kuring ngingkig balik ka Sukabumi. Lain ku nanaon, kuring
hayang nyaho reaksi kolot kuring, da goreng2 ge nyahoeun kana urusan
agama.

Derkdek kuring ngadongengkeun masalah na. Pun Bapa kalah seuri. Kuring
nanya: 'naha bet seuri, teu dosa kitu?'

'Ah, pan teu dihaja. Mun maneh ngarasa dahar hayam... nya eta teh sate
hayam! ', jawab bapa kuring tandes.

Ngemplong euy... he he he.

Moral ieu dongeng.... babi sarua jeung hayam he he he.... Lieur! ;))

baktos,

Rahman

Kirim email ke