--- In [email protected], "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Teuing naon alesanana... sigana mah balangah kitu? Sakali mangsa,
> kuring nyokot sate, aya kana lima tusuk mah. Habek didahar nepi ka
> beak. Barang rek ngaduakalian... kuring jadi kerung. BEU... salah > 
> meja euy. Anu tadi didahar teh sate babi... nepi ka ledis!

Kuring mah lain deui, dahar mie instant rasa babi ...hehehe. Caritana 
kuring teh keurseus di Thailand. Waktu kakara datang, maklum peujit 
koreseun (babari lapar), geblus asup ka kantin universitas, langak-
longok sugan aya dahareun. Tapi kulantaran geus peuting, nu aya ngan 
tinggal mie instant. Nya pesen, terus ku pelayan kantin teh 
dipangmasakkeun.

Teu kungsi lila, mie teh geus disodorkeun. Bari cacaleuhakan dahar, 
kuring nempokeun siaran TV sanajan teu ngarti boh basana boh hurufna 
ge. Pas iklan, aya iklan lucu, babi (karton) engklak-engklakan ngigel, 
bari leumpang nuju ....bungkus mie!. 

Gebeg teh boa nu didahar teh mie instant rasa babi. Panasaran, kuring 
nangtung, terus tempa-tempo ka tempat si pelayan masak, bener we mie 
rasa babi mani numpuk kitu. Ah teu bisa kukumaha da geus beak, moal 
enya kudu babalongkengan utah uger di kantin mah ...(jeung ongkoh rada 
ngeunah geuning) ....

Baktos,
WALUYA

 




 


Kirim email ke