SAMPURASUN... SIM KUIRNG KATAJI KU pamadegan kang Surtiwa sareng nu sanesna yeuh. nanging sapamendak sim kuirng UTOPI munggaran dikenalkeun ku SIR THOMAS MORE, penulis asal Inggris anu ngagagas KONSEP NEGARA MATAHARI, nyaeta nagara anu tanpa aturan, nagara anu bebas tanpa pamarentahan. TAH UPAMI ETA NEMBE namina UTOPIA, numawi kaum KOMUNIS di jaman sateuacan KARL MARX, diantawisna wae;Saint SImon, bapak Koperasi Dunia, sok disebat kaum sebagai Kaum Komunis Utopis, nangin saparantosna gagasan internasionale 1848 anu diterbitkeun dina MANIFESTIO KOMUNIS ku KARL MARX sareng ENGELS, maka kaum komunisna tesh sok nyebut maneh sebagai kaum KOMUNIS ILMIAH, sabab sagala perjuanganana didasarkeun kana realitas objektif anu tumiba di tengah-tengah masyarakat. salajengna kaum Komunis saparantos internasionalisme kabagi kana kaum Komunis anu puritan (Leninis sareng Maois), aya deui kaum komunis REVISIONIS, nyaeta kamu komunis anu ngajabarkeun pamikiran MARXISME ku kadunyaan di jaman anu realitas objektifna memang keur tumiba pisan down to earth
pernyataan simkuring: sim kuirng sanes bade ngawacanakeun KOMUNISME, TAPI MENANGGAPI PAHAM KHILAFAHNA HIZBUTAHRIR (HT), CEUK simkuring langkung sae urang HT, sanajan sim kuirng lain anggota sareng simpatisanana oge lain, tapi simkuring sepakat kana perjuanganana sabab HT geus kalawan tegas ngalawan KAPITALISME. TAPI KANG URANG SADAYANA KEDAH EMUT. AYEUNA PERTAROSAN SIMKURING KA SADAYANA: KAPITALISME anu mana anu saur kang Surtiwa ALUS? KAPITALISME geus ngabalukarkeun pendidikan mahal KAPITALISME geus ngabalukarkeun Amerika ngajorag Irak KAPITALISME geus ngabalukarkeun upah buruh ukur ripuh KAPITALISME geus ngabalukarkeun pendapatan petani ukur daki KAPITALISME geus ngabalukarkeun urang Sunda paeheun Budayana da eleh ku budaya kapitalisme anu disebut Globalisasi KAPITALISME geus ngabalukarkeun Urang Sunda jadi miskin KAPITALISME geus ngabalukarkeun tumbuhna TERORISME da cenah ngalawan Amerika URANG SUNDA KUDU INGET: SUNDA TEH HIJI BANGSA ANU NGAHIJI DINA PERSATUAN BANGSA INDONESIA Saur sim kuring lain teu perlu nagara Bangsa, tapi sing emut sakumaha katerangan KENICHI OHMAI (2000) dina bukuna HANCURNYA NEGARA BANGSA, nyebatkeun yen nagara bangsa bakal eleh ku anu disebut 4I; informasi, industri, investasi, individu. cobi tinggali anu narik hasil bumi di tatar Sunda uraang mana?, anu menguasai teknologi informasi di tatar Sunda urang mana?anu mobanda perusahaan anu maslahat kanggo rakyat urang mana? AH MEUREUN BAE DA URANG SUNDA-NA BARARODO ATUH? satemenna lain, tapi sabab urang Sunda geus dibobodo jeung dijieun bodo. kukituna Urang Sunda geus waktuna ngalawan, kumaha bae carana. sabab salian ti kitu KAPITALISME KACIDA LUWESNA, ayeuna manehna geus jalan dina ampir satiap jalan, manehna ngulinkeun agama, manehna oege ngulinkeun Suku Bangsa anu dominan pikeun nguasaan suku bangsa lainna, jrrd. LAIN SAKADAR TERIAK REVOLUSI, TAPI PASTI URANG SUNDA HAYANG HIRUP KALAWAN TERHORMAT, NANJEUR BUDAYANA, MAKMUR RAHAYATNA HENTEU? LAMUN HAYANG URANG SUNDA KUDU WANI HIRUP BENER, KALAWAN NYINGKAHKEUN ANU SALAH HATUR NUHUN Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed]
