ASSALAMUALAIKUM, SAMPURASUN... Para wargi, ngiring jabung tumalapung ah, sakedik eta perkawis dijajah jeung teu dijajah dina wartos ngeunaan AGAMA VERSUS NAGARA? kieu ceuk simkuring mah:
sakumaha ceuk kasauran MAHATMA GHANDI, PERKARA diajajah jeung merdeka ETA URUSAN BATHIN (MENTAL). KUKITUNA Ir. Soekarno kantos sasauran yen satutas perang revolusi 1945, mangka urang Indonesia asup kana penjajahan gaya baru nyaeta penjajahan neokolonialisme anu ayeuna disebut GLOBALISASI, jeung penjajahan anu dilakonan ku bangsa sorangan (anu ngakuna sebagai bangsa Indonesia) saperti korupsi, jeung pamarentahan anti demokrasi anu salila ieu diterapkeun ku hiji bangsa di Nusantara. Jadi ari ceuk simkuring mah, lain khilafah atawa naon bae ngaranna, bahkan kaasup NASIONALISME kudu ditolak lamun ANTI DEMOKRASI mah. keur kuring mah, kuring sebagai urang Sunda, miboga budaya sorangan, etika jeung kakayaan sosial budaya jeung kaayaan ekonomis kasundaan, berhak mengatakan BANGSA SUNDA yang dijajah ku urang Nusantara sebagai tangan kanan neokolonialisme (Amerika Serikat, G8 dan Uni Eropa). keur Urang Sunda mah taya alesan mertahankeun nagara anu pamarentahna korup, leuwih hade jadi bagian ti hiji nagara internasional daripada jadi bagian ti hiji nagara anu ngomongna BANGSA INDONESIA, tapi teu nguntungkeun ka urang Sunda. coba tinggali, ITB, UNPAD, UPI, UI, IPB, aya di tanah Sunda, tapi Urang SUnda jadi minoritas. urang SUnda teh bodo?belegug? LAIN!, TIDAK!, urang Sunda dibobodo kusabab ADA YANG MENYEBABKAN URANG SUNDA DIBODOHI, mereka lah para penjahat yang senantiasa mengatasnamakan PAnca Sila dan bangsa. KAPITALISME, geus ngabalukarkeun ancurna tatanan budaya manusa di sakuliah alam dunya, kaasup budaya Sunda, KApitalisme bakal ngamanjakeun salah sahiji budaya kuat (superior) anu bakal ngadominasi ngelehkeun budaya Sunda, nyaeta budaya Pop. maenya di Bandung nyebut lalaki anu biasana "Aa", naha jadi "Mas", GAUL CEUNAH EUY, CUA!. INI INDONESIA BUNG, YANG DIBANGUN OLEH BANYAK BUDAYA BANGSA, TERMASUK BANGSA SUNDA, BERHAK DONG MEMPERTAHANKAN BUDAYA BAIK WARISAN NENEK MOYANGNYA. maka, sim kuring pasti lebih sepakat dari konsep internasionalismena, kana khilafah teh, tapi lain sistem pemerintahanana, sabab KARL MARX oge pernah nganjurkeun NAGARA INTERNASIONALISME. sabab taya cara lain pikeun NGALAWAN KAPITALISME SALIAN NGAWANGUN KAKUATAN INTERNASIONAL, ULAH NGAWAKILKEUN DEUI KA ANU NGAKU BANGSA (NASIONALISME). AH sakieu bae baraya, ieu mah sakadar KELUH KESAH AWAM, da simkuring mah teu bodo-bodo acan. SAKALI DEUI URANG SUNDA KUDU HUDANG ULAH UKUR NGIMPI, BUDAYA SUNDA TEH BUDAYA BANGSA SUNDA, ANU TEU PERCAYA DEUI KA KAUM NASIONALIS INDONESIA ANU GEUS NGALINDIH BUDAYA BANGSA SUNDA, PADAHAL MARANEHNA GEUS NYODEKAAN URANG SUNDA. diantos pisan waleranana. WASALAMUALAIKUM Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed]
