> rahmi budi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > maka, sim kuring pasti lebih sepakat dari konsep > internasionalismena, kana khilafah teh, tapi lain sistem > pemerintahanana, sabab KARL MARX oge pernah nganjurkeun NAGARA > INTERNASIONALISME.
Maksadna nu kumaha nu akang sapuk teh? ulah aya nagara (bangsa/nation) kitu? ....hehehe eta mah lagu Imaginena the Beatles atuh kang, atawa lagu nu leuwih anyar, ah poho deui judulna mah ngan baitna apal sabaris " We are the world ....." ENya idealna mah kitu Kang, ngan nyaeta saperti disebut Bah Surtiwa, eta mah ukur utopis. Ari nu ideal-ideal teh, kuring mah inget kana Fisika, aya rumus keur gas Ideal. Eta rumus umumna nempel dina otak barudak SMA jurusan IPA. Tapi pas sakola di paguron luhur, nu aranna rumus teh tinggal rumus, sabab nu disebut gas ideal teh sabenerna teu aya. Rumus nu diapal di SMA teh ...robah da dina kanyataanana mah (realitas), jauh leuwih pajurawet .... Meureun lain dina Fisika wae, tapi oge dina hal-hal sejenna ... Baktos, WALUYA
