> From: "rahmi budi" <[EMAIL PROTECTED]>
> pernyataan simkuring: sim kuirng sanes bade ngawacanakeun KOMUNISME, TAPI 
> MENANGGAPI PAHAM
> KHILAFAHNA HIZBUTAHRIR (HT),
> CEUK simkuring langkung sae  urang HT, sanajan sim kuirng lain anggota 
> sareng simpatisanana oge lain, tapi simkuring
> sepakat kana perjuanganana sabab HT geus kalawan tegas ngalawan 
> KAPITALISME.

Ke Kang, ari kapitalismeu teh naon?  sakanyaho kuring mah kapital hartina 
deukeut-deukeut ka modal. Jadi meureun faham ngagolangkeun modal / kakayaan 
kitu?. Tah umpama hartina kitu, ceuk kuring mah geus jadi fitrah jelema 
hayang ngagedekeun kakayaanana. Malah dina Agama Islam mah pan dianjurkeun 
pisan usaha teh. Contona kieu, Mang Oyo, tukang bubur hayam, nu 
didorong-dorong make roda. Kulantaran buburna ngeunah, jadi payu. Mang Oyo 
untung. Tapi Mang Oyo hayang ngagedekeun usahana. Duitna dipake modal deui, 
nyieun Restoran. Restoranana payu, duitna tambah ngalobaan. Dipake modal 
deui, tepi ka restoranana jadi aya di unggal kota di Indonesia ..... malah 
akhirna  buka di Luar Nagri. Tah ari Mang Oyo kalebet nu nganut faham 
kapitalismeu sanes? Padahal di Indonesia jalma-jalma nu boga kahayang siga 
Mang Oyo teh loba pisan .............

Nu kaduana kuring mah rada pajeujeut ngaos seratan Mang Bud teh. Pajeujeutna 
anatara internasional(e) jeung Globalisasi. Ku Mang Bud eta "diadukeun", 
padahal ari ceuk kuring mah sarua wae ..... hayang "nyaragamkeun" jelema. 
Lamun nga"internasional"keun, pan sarua  jeung ngaglobalkeun. Dua-duana 
hasilna bakal sarua,  nu lokal (contona budaya Sunda) bakal kadeseh. Buktina 
tong boro ngainternasional atawa di"khilafah" keun, kakara dihijikeun jadi 
Indonesia wae, loba nu ngarasa budayana kadesehkeun ku budaya anyar ti pusat 
(tingali posting artikel Pa Jakob  Sumardjo: Vanhollen ti Kang Asep).

Baktos,
WALUYA



 

Kirim email ke