Panginten ari dina ajaran Islam mah, kedah saimbang antawis fungsi kapital sareng fungsi sosial.
Salam, Dian. On 7/11/07, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ke Kang, ari kapitalismeu teh naon? sakanyaho kuring mah kapital hartina > > deukeut-deukeut ka modal. Jadi meureun faham ngagolangkeun modal / > kakayaan > kitu?. Tah umpama hartina kitu, ceuk kuring mah geus jadi fitrah jelema > hayang ngagedekeun kakayaanana. Malah dina Agama Islam mah pan dianjurkeun > > pisan usaha teh. Contona kieu, Mang Oyo, tukang bubur hayam, nu > didorong-dorong make roda. Kulantaran buburna ngeunah, jadi payu. Mang Oyo > > untung. Tapi Mang Oyo hayang ngagedekeun usahana. Duitna dipake modal > deui, > nyieun Restoran. Restoranana payu, duitna tambah ngalobaan. Dipake modal > deui, tepi ka restoranana jadi aya di unggal kota di Indonesia ..... malah > > akhirna buka di Luar Nagri. Tah ari Mang Oyo kalebet nu nganut faham > kapitalismeu sanes? Padahal di Indonesia jalma-jalma nu boga kahayang siga > > Mang Oyo teh loba pisan ............. > > Nu kaduana kuring mah rada pajeujeut ngaos seratan Mang Bud teh. > Pajeujeutna > anatara internasional(e) jeung Globalisasi. Ku Mang Bud eta "diadukeun", > padahal ari ceuk kuring mah sarua wae ..... hayang "nyaragamkeun" jelema. > Lamun nga"internasional"keun, pan sarua jeung ngaglobalkeun. Dua-duana > hasilna bakal sarua, nu lokal (contona budaya Sunda) bakal kadeseh. > Buktina > tong boro ngainternasional atawa di"khilafah" keun, kakara dihijikeun jadi > > Indonesia wae, loba nu ngarasa budayana kadesehkeun ku budaya anyar ti > pusat > (tingali posting artikel Pa Jakob Sumardjo: Vanhollen ti Kang Asep). > > Baktos, > WALUYA > [Non-text portions of this message have been removed]
