--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ceuk buku Muhtar Lubis, "Manusia Indonesia", urang Indonesia teh pinuh ku > "azimat" jeung "jurig". "Panyakit" ieu geus aya ti jaman Orla keneh
Ararakang jeung arareuceu, Nyokot thread Kang Waluya, ambeh diskusi na ngajurus. Kang Bud, kapitalismeu teh ari ceuk kuring mah ibarat ubar keur jalema gering. Aya dua jelema gering. Indit ka dokter, da hayang cageur. Ku dokter eta dua jelema teh dibere ubar merek 'kapitalismeu'. Anu hiji, langsung ngadahar eta ubah. Kulantaran ubar na matih... langsung cageur. Tapi eta ubar teh aya efek samping na (naon basa Sunda na nya?). Dokter ge geus ngabejaan, aya efek samping na nu rada goreng. Cenah mah sok jadi rada barangasan. Anu hiji deui. Embung dahar ubah. Sabab manehna sieun jadi barangasan cenah. Kulantaran teu dahar ubar, atuh jadi tambah ngalanglayung. Itu eta teu asup... gering na kalah nambahan parna. Tah, lebah RI mah, sigana teh nyokot jalan nu rada aneh. Ari RI mah tinimbang nyokot ubar paten ti dokter, kalah hayoh nyokot ubar ti DUKUN. Tinimbang cageur, kalah jadi langlayeuseun he he he... RI bisa disebut kapitalis? Wah... rada hese ngajawabna. Sabab mun ninglai fakta empiris mah. Nagara2 anu make ieu sistem... rahayat na mala'mur. Tong jauh2 Kang, bandingkeun we antara Korea Kaler jeung Kidul! Kumaha tah? Mun dititah indit ka Korea, rek milih nu Kaler, rek milih nu Kidul? Amrik (gegedugna kapitalismeu), pan sakitu pertentangna. Jeung deui, coba itung2... andil masyarakat kapitalis dina raraga ngama'murkeun rahayat dunya oge kaitung gede. Tanggung jawab sosialna oge aya. Waktu urang katibannan musibah tsunami. Ti saha dana nu panglobana? Lian ti kitu, produk2 teknologi anu hade. Ti mana kaluarna? Kapal terbang, kareta, listrik, internet... Ah, mun ditata mah moal kaitung. Enya aya efek samping na. Tah, lebah dinya... jelema kapitalis ge keur ngusahakeun sangkan teu kitu. Masyarakat anu bahleunghar di Eropa misalna, ngadorong pamarentah sangkan ngabantu nagara2 miskin. Ari ceuk kuring mah, tinimbang ngajejeleh ubar paten anu geus katempo hasilna, mendingan dipake we..... ;)) baktos, Rahman
