Hehehe... pan eta pisan anu di kritik bebeakan ku Carita Parahyangan ;))... ceunah hareee geneee Karajaan Sunda keur dirongrong ku serbuan Karajaan Islam naha silaing para Raja bet caricing wae kalahka hayoooh menekung mujas medi, tapa, puasa, diajar tantra, jrrd... laina mikir nyieun strategi berjoang ngalawan Karajaan Islam anu ngeus mulai ngangsreg wae hehehe... secara togmol na mah epes meer ceunah kumeok memeh dipacok tea :)). Duka ketang real kajadianana siga kumaha bisa aya sababaraha kemungkinan tea... kumargi dicaritakeun oge harita pan Pasukan Koalisi Islam tos ngadamel Agreement / Kasepakatan yen beres perang damai sadayana Sunda Kalapa diserahkeun teras Karajaan Sunda ngan saukur di Bogor tea. Taah bisa jadi harita si Raja oge mikir POLOS teuing hehehe... duka POLOS duka BELEGUG alias NGEPER hehehe... sieun meureun ribut tea... jadi tisaprak Surawisesa tilar digentos ku palaputrana taaah mulai pisan tidinya konsentrasi ngembangkeun Elmu Ageman tea ceunah... ngabebenah Istana, ngadamel taman, malahan upami teu lepat mah jaman Nilakendra kitu... ngadamel bendera tea anu diyakini gaduh kakiatan MAGIS ti Nu Kawasa lamun eta bendera dikolebatkeun bakal ngelehkeun Pasukan Koalisi Islam... padahal mah ti baheula oge Pangeran mah ceuk Kang Dang tea dina postingan Homo Sapiens sareng Homo Religius tea... Pangeran mah ceunah tara Ulubiung ... samodel misalna KORUPSI pan geus puguh Jahat (boa hehehe) taaah mun tea mah Pangeran ulubiung pan meureun disarentilan eta anu KARORUPSI teh hehehe... tapi geuning angger weh kalahka beuki maceuh hehehe. Janten nya sigana Nilakendra harita kacele alias teu mikir panjang ... naha bet ngandelkeun bendera hehehe... laina singkil carincing pageuh kancing... saringset pageuh iket patandang perang ngumpulkeun wadia balad keur melaan nagara ;)).
Tah eta Kang... sigana urang kedah ninggali oge salami ieu emang Kapitalis anu masih kumelenang geuning... China oge tadina Sosialis ayeuna mah ceunah jadi Kapitalis ;))... ceunah eta kapitalis kirang sae sok atuh geura geol tah anu langkung sae anu samodel kumaha hehehe. Nagara Islam anu maju geuning nagara Kapitalis sapertos Dubai, Qatar, Bahrain, jrrd ;). Salam, A ----- Original Message ----- From: Rahman Miluan ah, He he he... aya kekecapan 'ora et labora'. Sigana mah mun loba teuing 'ora' (du'a) na teu make 'labora'(gawe) mah keneh2 kehed he he he. Mun lapar, teu perlu prak dahar... cukup ngadu'a we, ditanggung seubeuh he he he. Kuring mah lain agen kapitalis, oge lain agen sosialis. Ngan nempo data empiris nu aya we, ah... rek pragmatis we. Sistem sisialistis geus nambru, sistem kapitalistis nanjeur keneh. Ketah, saha bae oge meunang rek anti naon bae oge. Ngan ulah ngan sakadar anti wungkul. Mun bisa mah NYIEUN solusi na. AYa kitu sistem ekonomi sejen anu mampuh bisa ngaronjatkeun kama'muran bangsa urang? Sigana mah aya kasalahan mikir di urang. ANu anti kapitalis teh mikir na ngan saukur jadi WADAL wungkul. Ceuk kuring mah ieu teh sikep minder... Ngarasa diri ngan saukur jadi korban. Sakuduna mah dibalikeun. Pake eta sistem. Pan ceuk babasaan oge... if you can't beat them, joint them! Jadi inget kana papatah guru penca kuring baheula. Kieu cenah...Mun maneh gelut jeung jelema anu awak na gede sarta tanaga na rohaka. Maneh teu perlu ngalawan make tanaga deui, gunakeun tanaga lawan! Mun tanaga urang hengker, tong maksakeun ngalawan make tanaga deui, moal kabadanan! Pake taktik batur. Dipikir2 mah aya enya na oge... he he he... Siga heueuh... nu ngacapruk... ;)) baktos, Rahman . [Non-text portions of this message have been removed]
