--- In [email protected], Yayan Komara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Kang, 
>   Maenya cara-cara sistematis eksploitatif samodel kitu ngan saukur
> dilawan ku do'a, kumaha deuih lamun do'a na teh teu diijabah he he he 

Miluan ah,

He he he... aya kekecapan 'ora et labora'. Sigana mah mun loba teuing
'ora' (du'a) na teu make 'labora'(gawe) mah keneh2 kehed he he he. Mun
lapar, teu perlu prak dahar... cukup ngadu'a we, ditanggung seubeuh he
he he.

Kuring mah lain agen kapitalis, oge lain agen sosialis. Ngan nempo
data empiris nu aya we, ah... rek pragmatis we. Sistem sisialistis
geus nambru, sistem kapitalistis nanjeur keneh.

Ketah, saha bae oge meunang rek anti naon bae oge. Ngan ulah ngan
sakadar anti wungkul. Mun bisa mah NYIEUN solusi na. AYa kitu sistem
ekonomi sejen anu mampuh bisa ngaronjatkeun kama'muran bangsa urang?

Sigana mah aya kasalahan mikir di urang. ANu anti kapitalis teh mikir
na ngan saukur jadi WADAL wungkul. Ceuk kuring mah ieu teh sikep
minder... Ngarasa diri ngan saukur jadi korban.
Sakuduna mah dibalikeun. Pake eta sistem. Pan ceuk babasaan oge... if
you can't beat them, joint them!

Jadi inget kana papatah guru penca kuring baheula. Kieu cenah...Mun
maneh gelut jeung jelema anu awak na gede sarta tanaga na rohaka.
Maneh teu perlu ngalawan make tanaga deui, gunakeun tanaga lawan! Mun
tanaga urang hengker, tong maksakeun ngalawan make tanaga deui, moal
kabadanan! Pake taktik batur.

Dipikir2 mah aya enya na oge... he he he...

Siga heueuh... nu ngacapruk... ;))

baktos,

Rahman


Kirim email ke