DOA JEUNG PESIMISME

Haturan Kang Yayan,
cara-cara ngalawan Sistem Ekonomi Kapitalistik parantos die-mailkeun dina 
waktos kalangkung, pami hoyong terang mah menurut pamanggih simkuring, nya 
mangga tinggali bae.
tapi ngeunaan DOA, 

KANG SAKUDUNA MAH urang sarerea ngilu peurih ku kaayaan kaum buruh jaman 
ayeuna, khususna di Indonesia. kunaon sabab urang masih keneh aya dina 
heungheuman sistem ekkonomi anu kacida NANDASA (OPERESSED/NINDAS) dimana buruh 
teu boga hak pisan pikeun nangtukeun kawijakan perusahaan, pokokna mah ceuk 
sistem ekkonomi eta, buruh mah gawe bae siga MESIN/ROBOT, urusan NAEK jeung 
TURUN gajih, eta mah urusan dunungan (atasan). kang ceuk sim kuring baheula 
numutkeun teori ekonomi kang Karl Marx, LENIN (VLADIMIR ILLICH ULIYANOVSCY), 
Gramsci, jeung para KKOMUNIS anu kacida dipakgeuleuh ku urang sarerea tea cenah 
mun kelas BURUH hayang meunang karaharjaan jeung kasejahteraan mangka kaum 
buruh kudu ngapimilik ALAT PRODUKSI, ari jaman ayeuna mah eta alat produksi teh 
bisa diluyukeun/disetarakan jeung harga tertinggi anu ngantukeun di perusahaan, 
nyaeta salah sahijina SAHAM/SHERE. kukituna mun perusahaan untung, mangka buruh 
milu untung, mun perusahaan rugi, mangka euweuh kabeuratan
 peikeun milu rugi. tapi anu kajadian di jaman ayeuna pan mun perusahaan untung 
buruh mah tetep bae rugi, paling2x dibere bonus, tapi mun perusahaan rugi tetep 
kabawa rugi. tah eta alat produksi teh kudu dicepeng ku dewan perusahaan anu 
dijerona aya serikat buruh.
ngeunaan DOA, 

KANG saur nabi Muhammad, ceunah amal anu paling lemah teh amal anu ukur dina 
jero hate. eta gerentes hate diucapkeun dina doa, pan mun urang percaya keneh 
ka Gusti Allah mah pan jangji-Na pisan "Ud'uni astajiblakum" (punten bisi lepat 
nyeratna, malum jauh ka bedug).

ukituna mangka urang ulah tepika siga anu teu mandang pisan kana anu ngaranna 
doa teh, padahal ku nabi bae eta teh dihargaan. mun ceuk WIJI THUKUL mah doa 
anu ditujukeun pikeun nagalawan penindasan teh GUMAM PARA DEWA. 

Ulah LEUTIK HATE, Kang
saur IMAM GHOZALI, ngaliwatan GERENTES HATE (IDE) anu kemudian disalurkeun kana 
doa, mangka bakal jadi OMONGAN (TEORI AKAN SEBUAH TINDAKAN), terus bakal jadi 
TINDAKAN. tah eta anu ngaranna PROSES.

Ceuk simkuring ari NGADOA mah taya salahna, hak anu hayang ngadoa, anu EMBUNG 
ngadoa nya teu kudu ngadoa, kaasup rek boga pengeran atawa moal oge eta mah 
urusan masing-masing. TAPI lamun DOA atawa gedena kahayang dianggap MENYIMPANG 
kalawan DIPICEUCEUB dina CARITA PARAHYANGAN. tangtu eta cara ngadoana 
jalma-jalma anu salah, pan tadi oge peikeun anu hayoh bae ngadoa bari teu 
barengan ku berjuang praktekna, baraya!, kade tah ulah janten lepat nyanincak 
bilih tikosewad MAMEN!

tapi emut KANG, ORA ET LABORA, loba ngadoa bari poho kana praktekna, sarua 
jeung DORAKA KA PEUJIT SORANGAN 

kahade ulah kalalnjoan saukur ngadoa, KUMAHA MUN TEU DIKABUL?, tah kukituna 
mangka ulah ukur miharep kana doa, da ari dikabul jeung henteuna mah eta urusan 
anu boga HAK NGABULKEUN, nyaeta Gusti Allah, terserah tergantung estimasi urang 
ka Anjeun-Na.Tapi anu leuwih penting eta doa dibarengan ku cara UP GRADE, 
nyaeta tina DOA jadi TINDAKAN. jadi doa bagian tina hiji PROSES seorang 
penganut filsafat POSTMODERNISME siga JURGEN HABERMAS, jeung  THEODOR ADORNO 
sapuk pisan yen perlakuan-perlakuan spiritual singhoreng bisa ningkatkeun 
vitalitas tindakan verbal material. tapi sakali deui ieu keru anu satuju kana 
doa, keur anu teu satuju SABODO teuing, kaci bae eta mah Choey, 


Kang  Ceuk simkuring  ayeuna jaman demokrasi modern, jalma kabeh berjuang  lain 
ngaliwatan  IDENTITAS, tapi ngaliwatan hal-hal anu logis nyaeta  PROGRAM 
PERJUANGAN. jadi kukituna anu diajak ku SIMKURING dina e-mail ieu lain kana 
IDEOLOGI tertentu, masalah KAPITALISME rek DIPIAGUL bari karasa NYIKSA, nya 
sakali deui SABODO, da anu kitu teh ngaranna MASOKIS, nyaman kalawan nagrasa 
ngeungeunaheun aya dina KETERTINDASAN, pek wae eta mah baraya. sakali deui sim 
kuring teu nawarkeun idologi atawa anu sejenna.

tapi anu ku simkuring dipimaksud ukur hiji, hayu urang Sunda anu SADAR rumasa 
MISKIN, tertindas, hayu urang babarengan ngawujudkeun DOA urang ku ngaliwatan 
ngawujudna hiji kakuatan dina beungkeutan anu sauyunan, sabilulungan berjuang 
tepat jeung rahayat, nyaeta ngawangun organisasi atawa gabung ka organisasi anu 
geus aya, anu dasar-dsara perjuanganana jelas pikeun rahayat.

ulah abong kena JABATAN LUHUR, SAKOLA DI LUAR NEGERI, aya jelema anu ngomong 
ANTI KAPITALSIME dianggap KOMUNIS/SOSIALIS, eta kabeh sangkaan NOL BESAR. MUN 
bener niat berjuang sim kuring rek nuduhkeun sababaraha organisasi rahayat, anu 
bisa dijadikeun alat berjaung peikeun ngawujudkeun doa, yeuh, sbenerna mah aya 
keneh serikat-2 rahayat anu lainna, tapi ayeuna mah serikat buruh heula wae 
yeuh, mangga tinggali dina ATTACH FILE-na.OK. simkuring moal ngajuruskeun ka 
salah sahiji organisasi, mun rek aya atawa geus asup ka organisasi lain teu 
maslah, wilujeng berjuang bae, baraya.

HUBUNGAN PERJUANGAN KAUM BURUH JEUNG NIKE. kang asal terang bae nya, perjuangan 
buruh sifatna permanen lainsaukur NGURUS UMR. inget maenya abongkena UMR geus 
kacumponan, najan diPHK teu pupuguh alesan rek narima bae kitu?, HARUS 
PENGERTIAN KEPADA KAPITALIS CHOEY?, OHYA ohya, kapitalis oge teu pernah 
pengertian ka urang teh pan. inget abdi mah buruh, mangka abdi sadar aya 
ketertidasan ka diri abdi. kang ku ngaliwtan perjuangan kaum buruh, mangka PHK 
NIKE anu teu jelas eta diperjuangkeun supaya bisa disalurkeun deui pagawena 
teh, terus perjuagan kaum buruh oge sebagai media PENDIDIKAN KA RAHAYAT, 
nunjukkeun yen anu ngaranna KAPITALIS, ANU JAHAT teh samodel NIKE. tapi sakali 
deui mungkin masihkeneh aya cara sejen annu bisa diperjuangkeun ku kaum 
buruh,lain saukur eta.

KUMAHA MUN PERJUANGANANA TEU BERHASIL?
URANG SUNDA ULAH PESIMIS, PROSES PERJUAGAN KUDU TETEP NGAGEDUR ULAH PAREUM, da 
salian ti doa jeung tanaga, pan anu penting urang geus berjuang melaan diri. 
Urusan hasil jeung henteu anu penting niat berjuang urang geus teguh, MOAL 
GEDAG KAANGINAn, MOAL UNGGUT KALINDUAN, MOAL LAAS KU KAHUJANAN ceuk paribasa 
mah, Urang Sund tetep berjuang.
UTOPIS? keur jalma anu UTOPIS bari teu nyaho sajarah UTOPIA mangka, perjuangan 
teh salialana moal hasil kalawan UTOPIS,
hayu mendingan mikiran kumaha carana supaya perjuangan henteu utopis. Yu Urang 
SUnda ngumpul, sawalakeun ngeunaan strategi mengurangi tingkat PHK, solusi 
naekna harga BBM, jeung masalah karahayatan sejenna.
ulah hayoh bae DEBAT masalah TUHAN, gusti mah keur seuseurian nyeungseurikeun 
anu daerbat bae, hayoh bae debat anu teu arasup kana akal.punten ah ari rahayat 
miskin mah sok rada loba CURHAT.

salam rariweuh
mang bud






 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke