Ari ceuk kuring mah, kawajiban jeung ciri Muslim geus jelas, RUKUN ISLAM jeung 
RUKUN IMAN. Didinya pan teu disebutkeun kudu maksa batur?

  
Waluya

 ---- Pesan asli ---- 
Dari: Rahman <[EMAIL PROTECTED]>
Terkirim: 10 Jun 2008 10:06am +00:00
Ke:  <Baraya_Sunda@yahoogroups.com>
Perihal: [Baraya_Sunda] Re: Beriman Tanpa Jadi Preman

--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Dian Nugraha" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Kumaha pami urang nyobian 'berlogika tanpa jadi preman' ?
> Kersa teu kang Rahman? :-)
> 
> Cobi abdi gaduh patarosan:
> "Salaku muslim, leres henteu yen urang kedah ngalaksanakeun
kawajiban salaku
> Muslim?"
> 
> (kawajiban naon wae, engke urang kelompokkeun).
> 

Okey Kang Dian urang obrolkeun,

Urang mimitian ku pertanyaan (ngaberendel) siga kieu:

Urang cokot kasus anu nanjeur ayeuna. Cikan Kang D, asup kana kelompok
kawajiban nu mana kudu ngahuru Ahmadiyah? Saha nu ngawajibkeun kudu
ngabubarkeun kaimanan batur?

Naha keur hiji kelompok (FPI misalna!) mani sumanget hayang
ngancurkeun kelompok batur, anu sejen na (kaasup kuring!) kurang luyu
jeung ieu 'KAWAJIBAN' (make tanda petik!). naha ieu teh hartina kuring
KURANG beriman? FPI leuwih beriman tinimbang kuring?

Kongkrit na. Logika kuring mah basajan pisan. Ngan KARUNYA ka batur.
Naha Kang Dian TEU ngarasa milu nyeri aya sabagean dulur urang
sorangan (Ahmadiyah) dikekesek ku dulur urang nu sejen na?

Naon DOSA Ahmadiyah nepi ka kudu didurukan masjid na? Pernah ngaganggu
Kang Dian? Maledogan nepi ka getihan kitu?

Boa2 cinta Kang Dian pernah ditolak ku awewe urang Ahmadiyah kitu?...
he he he....

baktos,

Rahman






-----
 Dikirim menggunakan telepon selular Sony Ericsson

Kirim email ke