--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, gusaeni <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> ngaruksak Islam, Ngobrak-ngabrik kayakinan urang Islam, ngajadikeun
> urang Islam jadi ham-ham(ragu-ragu) kana kayakinan Islamna.
> sok sanajan ditembongkeun bukti-bukti anu nyata maranehna keukeuh 

Haturan Kang G,

Wah ... wah ... wah, eta nepi ka kitu Kang? Cikan... buktikeun, hiji
weh tong loba2. Lebah mana manusa JIL (Iblis nyah? Sigana mah Si Akang
mah Malaikat?ck ck ck...) NGARUKSAK? SOk ah geura pedar. Panasaran!

Kuring lain anggota JIL. Tapi kuring boga simpati kana CARA MIKIR
jeung aktivitas urang JIL. Kuring ge ana kitu mah kaasup Iblis teu?

Anu ngaruksak Islam mah samodel Al Qaida! Bukti na? Teu pupuguh
beledag beledug maehan jalma nu teu tuah teu dosa! Citra Islam jadi
goreng patut di Kulon lain ku aktivitas samodel JIL, tapi samodel HT,
Al Qaida, MMI... jlte. Ngaran Islam asrua jeung teror lantaran saha cing? 

Kuring hayang ngarti cara pikir Akang, naha make nyebut JIL ngaruksak?
Pedah maranehna MAKE AKAL dina ngajalankeun agamana? Kabeh ditafsir
ulang ngigelan jaman, sarta teu diteureuy buleud?

Situs JIL geus sababaraha minggu aya nu ngablok. Aya leungeun2 jail
anu masang kuda troya di eta situs! Teuing saha, kuring teu apal! Ngan
kaciri we, jelema anu delerka anu teu satuju kana cara pikir urang JIL. 

Ngan asa kabina2 teuing euy, Kang Gunawan Mohamad kudu disebut Iblis! :(((

baktos,

Rahman

Reply via email to