Upami hoyong terang tujuan hiji organisasi, salah sahijina ditngali
tina tujuan ngadirikeun eta organisasi. JIL dijieun
ngaliberalkeun Islam, ngurak-ngabrik Islam. JIL dibiayaan ku USAID,
lembaga donor ti USA.

Conto ajaran nu ngaruksak Islam :
JIL nganggap Homosek teh teu aya masalah numutkeun Islam (Pendapat
Siti Musdah M, dosen UIN jkt), padahal dina Islam jelas pisan yen Homosek
haram.

Sakitu heula kang, diantos komentarna


wassalam
-gusaeni-

Tuesday, July 1, 2008, 3:43:56 PM, you wrote:

>  
>  Haturan Kang G,
>  
>  Wah ... wah ... wah, eta nepi ka kitu Kang? Cikan... buktikeun, hiji
>  weh tong loba2. Lebah mana manusa JIL (Iblis nyah? Sigana mah Si Akang
>  mah Malaikat?ck ck ck...) NGARUKSAK? SOk ah geura pedar. Panasaran!
>  
>  Kuring lain anggota JIL. Tapi kuring boga simpati kana CARA MIKIR
>  jeung aktivitas urang JIL. Kuring ge ana kitu mah kaasup Iblis teu?
>  
>  Anu ngaruksak Islam mah samodel Al Qaida! Bukti na? Teu pupuguh
>  beledag beledug maehan jalma nu teu tuah teu dosa! Citra Islam jadi
>  goreng patut di Kulon lain ku aktivitas samodel JIL, tapi samodel HT,
>  Al Qaida, MMI... jlte. Ngaran Islam asrua jeung teror lantaran saha cing?
>  
>  Kuring hayang ngarti cara pikir Akang, naha make nyebut JIL ngaruksak?
>  Pedah maranehna MAKE AKAL dina ngajalankeun agamana? Kabeh ditafsir
>  ulang ngigelan jaman, sarta teu diteureuy buleud?
>  
>  Situs JIL geus sababaraha minggu aya nu ngablok. Aya leungeun2 jail
>  anu masang kuda troya di eta situs! Teuing saha, kuring teu apal! Ngan
>  kaciri we, jelema anu delerka anu teu satuju kana cara pikir urang JIL.
>  
>  Ngan asa kabina2 teuing euy, Kang Gunawan Mohamad kudu disebut Iblis! :(((
>  
>  baktos,
>  
>  Rahman



Reply via email to