2008/7/1 Rahman <[EMAIL PROTECTED]>:
> Kang,
>
> Mun dina kitab disebutkeun yen jalma anu lahir di Sukabumi teh dosa...
> naha kudu diteureuy buleud siga kitu karah? Kuring kabeneran
> dilahirkeun di SMI deuih, teu bisa milih! ;))
>
DN:
Leres ari lahir di mana mah teu tiasa milih.
Tapi urang masih tiasa milih kawin sareng saha.

R:
> Sigana mah KONTEKS eta istilah kudu ditalingtik deui. Pedah aya
> dongeng dina teks heubeul dongeng Sodom jeung Gomorra anu nyebutkeun
> yen homo teh dosa, otomatis ku urang dianggap dosa?
>
DN:
Urang watesan bahasanana anu aya dina Qur'an wae nya kang.
1: urang percaya yen Qur'an diturunkeun ti Alloh.
2: Alloh masihan ganjaran ka nu amalna saleh (pahala), masihan adzab
ka nu amalna awon (dosa).
3: kasebatkeun yen Alloh nurunkeun adzab ka kaum Luth lantaran
kalakuan homoseksual tea. (QS 11:82)

Tilu kalimah di luhur runtut raut, kasimpulanana: homoseksual teh dosa.

Leres anu bakal ngadzab mah Alloh, nanging dina bagian nu sanes, urang
dipiwarang nyegah sangkan jalma-jalma teh henteu papalingpang.

Carana, tiasa ngalangkungan jalur parlemen.

R:
> Hiji hal, genetika kakara mucunghul di abad ieu. Mun nabi Ibrahim
> nyaho genetika, sigana mah dongeng na bakal beda? :)))
> Jeung deui, sigana mah Hitler ge bakal boga anggepan sejen ka manusa
> homo deuih?;))
>
DN:
Perkawis homoseksual dipangaruhan ku gen, cikan dipedar heula Kang. :-)
Artikel wikipedia mung saukur nuduhkeun yen hasil scan uteuk nu homo
jeung nu normal beda. Tapi naha ieu teh bawaan gen atanapi hasil salah
atikan?

--
Dian

Kirim email ke