Punten ngiring mairan,

Rahman :
>  Anu jadi dadasar pamikiran kuring mah, aya sikep diskrimintatif dina
>  agama anu disebut samawi kana ieu kelompok moniritas. Pedah boga
>  karesep ngurekan kana liang sejen? ;))
gusaeni :
Tiap ideologi boga aturan, rek mayoritas atawa minoritas lamun teu
sapagodos jeung aturan  eta ideologi bakal keuna sangsi.

Rahman :
>  Kuring ge boga dua budak lalaki. Katempona mah hetero. Resep ka
>  awewe.... Tapi mun engke kanyahoan sorangan yen maranehna 'resep'ka
>  lalaki, kuring teu boga hak nyebut budak kuring sorangan doraka! Komo
>  mun geus kanyahoan mah yen genetika (manual awak) na beda jeung manual
>  kuring, padahal sakocoran getih?
gusaeni :
Ari anu nganut ideolog sekuler mah nya kitu ,rek mawa
pipamajikaneun monyet oge jigana teu nanaon.
Ari urang Islam, jelas ngalarang kalakuan homoseks.

Rahman :
>  Mun aya nu ganggu ka budak kuring lantaran maneh na homo, kuring
>  ngarasa WAJIB mere panyalindungan. Mun hiji waktu budak kuring lalaki
>  datang ka imah, ngenalkeun 'pamajikan'na anu lalaki. Kuring pasti
>  sedih. Tapi kudu nyebut doraka mah teu wasa, eta mah hak prerogatif
>  Pangeran.
gusaeni :
Pangerana nu mana nya ?
Ari ceuk pangeran urang Islam mah jelas, pagawena kitu teh doraka

>  baktos,
>  Rahman

wassalam
-gusaeni-



Reply via email to