Leres di Alaska sareng di Kutub ari ngagunakeun depinisi taun Solar mah sami
nyaeta Siang 12 jam sareng wengi 12 jam . Kulantaran katangtuan Puas anu aya
dina ajaran Islam nyaeta nganggo patokan Fajar keur mimiti Puasa saparantos
Saur sareng patokan Magrib kanggo nagntukeun buka puasa, nya wayahna wae
janten hese Pas dititik Kutub kaler mah kulantaran panon Poe ngan sataun
sakali "terbit" sareng ngan sataun sakali "tenggelam" sacara depinsi ilmu
astronomi..Konsekwensina teu ya anu disebat Magrib sareng Fjar tea..Diskusi
anu kieu sareng ustdz ti pakistan kalahka ngajawab keukeuh wae Saur samemeh
Fajar..buka pas Magrib..jadi leres teu aya jawabanna...Tah naha aturan Islam
teu berlaku di Kutub kaler ? Atawa interpreasi ajaran anu kudu
dirobah.nyaeta per definisi wae 12 siang beurang 12 jam peuting......

On 12/1/08, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   --- In [email protected] <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com>, "H
> Surtiwa" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Ah..kumaha pan deukuet ka Kutub mah bisa tilu bulan "caang" sesana
> "leuwih
> > caang"..
> >
>
> Kang S,
>
> Mun urang kabeneran nganjrek di kutub kaler, terus kabeneran manjing
> puasa (lantaran sistem pananggalan lunar tea anu usad ised 12 poe
> tiap taun na!), cikan rek kumaha peta?
>
> usum panas di kutub kaler mah, panonpoe teu surup2. Rek nitah puasa
> saendeng2 tilu bulan kitu? Naha memang enya kitu maksud Pangeran teh?
> Ari solat rek dikumahakeun deuih? Sigana mah kaci ditiir sakalian
> sausumeun kitu?
>
> Eta anu jadi pipikiran kuring teh. Solusina mah duka teh teuing! Ngan
> anu jelas, kauniversalan agama urang teh aya watesanana. Sigana mah
> anu disebut rahmatan lil alamin teh kaitung relatif oge. Maksud na
> anu sabenerna KUDU dikobet deui?
>
> baktos,
>
> Rahman
>
>  
>


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke