Montreal tos cekap tebih ka Kaler dunya..Mun nganggo konsepsi "beurang vs peuting" tos ripuh..kumaha mun langkung ka Kaler sapertos Prodhoe Bay tempat tukang minyak ngumbara...
On 12/2/08, Maria Astati <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Di Montréal pas usum halodo sigana kieu jadwal puasana :buka jam 9 > peuting saur jam 2 peuting, pek tah.. aya nu wani puasa kitu??? jaba panas, > hareudang pisan da humid, teu weleh ngoprot kesang. > Nanya ka babaturan nu tos ngalaman puasa usum panas baheula mah.. manehna > ge teu puasa..., teu kuat ceunah... > > Dalah keur usum tiis ge ripuh.., lapar na karasa pisan..,da urang dieu ge > kitu ning.., pas dina usum tiris teh ngan dahar wa, loba dahar ngarah kuat > ceunah ngalawan suhu nu tiris pisan. > > ----- Original Message ----- > From: Rahman > To: [email protected] <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com> > Sent: Tuesday, December 02, 2008 3:05 AM > Subject: [Baraya_Sunda] Re: Pananggalan & Ramad > > Inget oge jaman masantren baheula di NL. Harita usum puasa manjing > usum panas. Batur kuring mah puasa nurutkeun jam Indonesia. Jadi > jadwalna 12 jam weh. Kaci kitu? > > Anu jadio masalah, iitungan jam teh (kade ulah poho!) itungan buatan > manusa. Anu dibagi nyaeta panonpoe bijil jeung surup. Babagi 12 jam > teh cocog keur tropis, tapi teu cocog keur sub tropis ka luhur. Jeung > deui, babagi poe jadi 12 jam ge pan relatif, kusabab aya sistem > iitungan losin baheula. Mun harita geus aya sistem desimal mah MOAL > salah poe ge bakal diitung 10 jam? Lain 12 jam siga ayeuna. > > Jadi kudu aya dua arah mikir na. Kanyataan alam nu aya vs tarekah > urang sabage manusa nu kudu nyaluyukeun maneh kana persisteman? Pek > bae pilih.... > > Perkara nu cicing di deukeut kutub mah teu perlu jauh2. Aya dulur > urang siga Teh Maria di Kanada tah anu ngadeukeutan kutub. Atawa Teh > Lilis anu di Norwegia. > > Mikiran kaayaan siga kieu lain minculak, tapi WAJIB hukum na. SAbab > agama teh dijieun lain jang ngariripuh manusa. Kacuali mun boga > doktrin sabalikna mah! Pek bae ketah he he he.... > > baktos, > > Rahman > > --- In [email protected] <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com>, > "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > From: Kumincir Wikidisastra > > > Kungsi maca buku ngeunaan masalah2 anu teu galib, di antarana > masalah > > > babagian waktu di wewengkon Kutub. Mun enya kudu nepi ka kitu, > aya > > > solusina, > > > kurang leuwihna mah nuturkeun waktu anu galibna bae, nyaeta > babagian > > > nurutkeun jam, lain wanci. > > > > Enya cenah mah diitung jam wae, ngarah teu ripuh ...hehehehe. > Manusa nu > > mukim di kutub leres teu aya, tapi manusa nu hirup deukeut-deukeut > ka kutub > > mah aya saperti urang eksimo, siberia, eslandia dst. Di tempat eta > oge geus > > masalah, sabab lilana beurang dina sataun teh beda pisan ..... > > > > Baktos, > > WALUYA > > > > ---------------------------------------------------------- > > Internal Virus Database is out of date. > Checked by AVG - http://www.avg.com > Version: 8.0.175 / Virus Database: 270.9.8/1801 - Release Date: 2008-11-20 > 09:11 > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > [Non-text portions of this message have been removed]
