ah konsepsi nangtukeun sistim waktu ayeuna teh dirudetkeun ku jelema2 anu memang teu ngarti kana konsepsina. Leres Kang R ari soal 12 tanap 10 atanapi X jam sapoe mah kumaha depinisi. waktu didepinsikeun sigana dizaman Romawi?Yunani kuno jadi didaerah deukeut2 ka Equinox anu teu jauh ti daerah Equator lah..Tapi mun depinisi ieu rek dibawa Universal ka sakuliah dunya nya kedah dipahaman yen ieu teh konsepsi matematis anu teu dikaitkeun jeung Panon poe surup jeung bijil. jadi di kutub oge tetep wae depinisina 12 jam beurang jeung 12 peuting. Tah depinisi beuang jeung peuting jelas kudu depinisi Matematis sanes caan versos poek atanapi panon poe bijil sareng suru. Konsepsi panon poe bijil jeung surup mah eta Konsepsi Ilmu Astronomi..dimana peuting lamun urang aya dibeulahan dunya anu kahalangan ku bagian dunya diametral tina Panonpoe. Ari beurang sabalikna, urang aya dibagian dunya sapihak jeung panonpoe. matakna mun d Alaska jam 10.30 peuting caang keneh teu aneh..tos lami kitu ratusan taun..Di Kutub panon poe ngan bijil jeung surup sakali sataun.
Keur lieur mikiran anu siga diluhur...hayoh para Ulama Islam ngahebohkeun waktu lokal jeung waktu2 kaagamaan..jadi mun di Arafah nggeus Shalat....tah kudu der Lebaran haji..Mun di Indonesia mending ngan beda 8-9 jam..Eleh2 kumaha mun urang Islam di Venezuela anu aya beda poe nya ? Pan ari waktu lokal mah ditangtukeun ku posisi tempat dina garis Bujur (sanes Bujur Sunda). Mun rek ningali hilal kumaha mun di Anchorage ? Mal katingali lolobana didaerah tropis oge hese. Keur di SR guru agama sayah urang Padang ngajarkeun yen waktu kaagamaan di saluyukeun kana waktu Lokal diitung atanapi make prinsip ningali ruyah (kumaha diwewengkn anu jauh ti daerah Equinox ? Katingali henteu ?) On 12/2/08, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Inget oge jaman masantren baheula di NL. Harita usum puasa manjing > usum panas. Batur kuring mah puasa nurutkeun jam Indonesia. Jadi > jadwalna 12 jam weh. Kaci kitu? > > Anu jadio masalah, iitungan jam teh (kade ulah poho!) itungan buatan > manusa. Anu dibagi nyaeta panonpoe bijil jeung surup. Babagi 12 jam > teh cocog keur tropis, tapi teu cocog keur sub tropis ka luhur. Jeung > deui, babagi poe jadi 12 jam ge pan relatif, kusabab aya sistem > iitungan losin baheula. Mun harita geus aya sistem desimal mah MOAL > salah poe ge bakal diitung 10 jam? Lain 12 jam siga ayeuna. > > Jadi kudu aya dua arah mikir na. Kanyataan alam nu aya vs tarekah > urang sabage manusa nu kudu nyaluyukeun maneh kana persisteman? Pek > bae pilih.... > > Perkara nu cicing di deukeut kutub mah teu perlu jauh2. Aya dulur > urang siga Teh Maria di Kanada tah anu ngadeukeutan kutub. Atawa Teh > Lilis anu di Norwegia. > > Mikiran kaayaan siga kieu lain minculak, tapi WAJIB hukum na. SAbab > agama teh dijieun lain jang ngariripuh manusa. Kacuali mun boga > doktrin sabalikna mah! Pek bae ketah he he he.... > > baktos, > > Rahman > > --- In [email protected] <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com>, > "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > From: Kumincir Wikidisastra > > > Kungsi maca buku ngeunaan masalah2 anu teu galib, di antarana > masalah > > > babagian waktu di wewengkon Kutub. Mun enya kudu nepi ka kitu, > aya > > > solusina, > > > kurang leuwihna mah nuturkeun waktu anu galibna bae, nyaeta > babagian > > > nurutkeun jam, lain wanci. > > > > Enya cenah mah diitung jam wae, ngarah teu ripuh ...hehehehe. > Manusa nu > > mukim di kutub leres teu aya, tapi manusa nu hirup deukeut-deukeut > ka kutub > > mah aya saperti urang eksimo, siberia, eslandia dst. Di tempat eta > oge geus > > masalah, sabab lilana beurang dina sataun teh beda pisan ..... > > > > Baktos, > > WALUYA > > > > > [Non-text portions of this message have been removed]
