Inget oge jaman masantren baheula di NL. Harita usum puasa manjing 
usum panas. Batur kuring mah puasa nurutkeun jam Indonesia. Jadi 
jadwalna 12 jam weh. Kaci kitu?

Anu jadio masalah, iitungan jam teh (kade ulah poho!) itungan buatan 
manusa. Anu dibagi nyaeta panonpoe bijil jeung surup. Babagi 12 jam 
teh cocog keur tropis, tapi teu cocog keur sub tropis ka luhur. Jeung 
deui, babagi poe jadi 12 jam ge pan relatif, kusabab aya sistem 
iitungan losin baheula. Mun harita geus aya sistem desimal mah MOAL 
salah poe ge bakal diitung 10 jam? Lain 12 jam siga ayeuna.

Jadi kudu aya dua arah mikir na. Kanyataan alam nu aya vs tarekah 
urang sabage manusa nu kudu nyaluyukeun maneh kana persisteman? Pek 
bae pilih.... 

Perkara nu cicing di deukeut kutub mah teu perlu jauh2. Aya dulur 
urang siga Teh Maria di Kanada tah anu ngadeukeutan kutub. Atawa Teh 
Lilis anu di Norwegia.

Mikiran kaayaan siga kieu lain minculak, tapi WAJIB hukum na. SAbab 
agama teh dijieun lain jang ngariripuh manusa. Kacuali mun boga 
doktrin sabalikna mah! Pek bae ketah he he he....

baktos,

Rahman


--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > From: Kumincir Wikidisastra
> > Kungsi maca buku ngeunaan masalah2 anu teu galib, di antarana 
masalah
> > babagian waktu di wewengkon Kutub. Mun enya kudu nepi ka kitu, 
aya 
> > solusina,
> > kurang leuwihna mah nuturkeun waktu anu galibna bae, nyaeta 
babagian
> > nurutkeun jam, lain wanci.
> 
> Enya cenah mah diitung jam wae, ngarah teu ripuh ...hehehehe. 
Manusa nu 
> mukim di kutub leres teu aya, tapi manusa nu hirup deukeut-deukeut 
ka kutub 
> mah aya saperti  urang eksimo, siberia, eslandia dst. Di tempat eta 
oge geus 
> masalah, sabab lilana beurang dina sataun teh beda pisan .....
> 
> Baktos,
> WALUYA
>


Kirim email ke