Kungsi maca buku ngeunaan masalah2 anu teu galib, di antarana masalah babagian waktu di wewengkon Kutub. Mun enya kudu nepi ka kitu, aya solusina, kurang leuwihna mah nuturkeun waktu anu galibna bae, nyaeta babagian nurutkeun jam, lain wanci. Detilna mah duka poho deui jeung teu pati nginget2, ongkoh can karuhan bakal aya muslim anu ngadon ka Kutub dina bulan puasa... :p
Manusa mah geus kakoncara minculakna. Masalah teh hayoh bae dijieun, euweuh puasna... Dititah meuncit sato ingon, malik nanya sato ingonna naon... Dibejaan sato ingonna domba, malik nanya jalu atawa bikang... Dibejaan sato ingonna domba jalu, malik nanya nu kelirna kumaha... Dibejaan sato ingonna domba jalu anu rengge, malik protes atuh sesah milarianana... Ceuk nu nitah "*Bongan sia loba tatanya!*" :D On Tue, Dec 2, 2008 at 9:02 AM, H Surtiwa wrote: > Tah naha aturan Islam teu berlaku di Kutub kaler ? Atawa interpreasi > ajaran anu kudu dirobah.nyaeta per definisi wae 12 siang beurang 12 jam > peuting...... > [Non-text portions of this message have been removed]
