Aya tatangga nagara urang oge nu teu kungsi dijajah, Thailand. Urang 
Thailand mimiti "wawuh" jeung budaya kulon, ngaliwatan Rajana. Raja Thailand 
ngondang guru urang Inggris, keur ngajar barudakna. Sang guru sanggeus balik 
ka Inggris nyieun novel " The King and I". Novel ieu geus difilmkeun tepi ka 
dua kali. Nu kahiji lamun teu lepat mah jaman Bah Iwa "jajaka" keneh. Pelem 
ieu rada lucu, sabab tokoh raja Thailandna diperankeun ku Yul Bryner. Pelem 
nu kadua, sababraha taun katukang, pelemna alus da asup nominasi oscar. Lmun 
teu salah mah, pelem  ieu teu meunang diputer di Thailand, sabab aya 
adegan-adegan nu dianggap ngahina kulawarga raja .....

Baktos,
WALUYA

> From: H Surtiwa
> Gampil wae atuh..pilarian bangsa/etnis anu teu acan katoel ku
> pangjajahan...suku2 terasing di Amerika Selatan...Asia
> Tengah..Mongolia..jrrd

Kirim email ke