Jadi jigana intina mah, kamekaran budaya hiji bangsa teh kuklantaran
aya interaksi jeung bangsa sejenna.
Aya nu teu dijajah budayana mekar, tapi manehna berinteraksi ku cara
sejen, jiga Thailand ngondang guru ti luar.
Aya teu nya hiji bangsa eksis nepi ka kiwari kalawan budayana mekar,
tanpa interaksi jeung bangsa sejen?

salam,
mh

On Fri, Jan 9, 2009 at 10:31 AM, Waluya <[email protected]> wrote:
> Aya tatangga nagara urang oge nu teu kungsi dijajah, Thailand. Urang
> Thailand mimiti "wawuh" jeung budaya kulon, ngaliwatan Rajana. Raja Thailand
> ngondang guru urang Inggris, keur ngajar barudakna. Sang guru sanggeus balik
> ka Inggris nyieun novel " The King and I". Novel ieu geus difilmkeun tepi ka
> dua kali. Nu kahiji lamun teu lepat mah jaman Bah Iwa "jajaka" keneh. Pelem
> ieu rada lucu, sabab tokoh raja Thailandna diperankeun ku Yul Bryner. Pelem
> nu kadua, sababraha taun katukang, pelemna alus da asup nominasi oscar. Lmun
> teu salah mah, pelem  ieu teu meunang diputer di Thailand, sabab aya
> adegan-adegan nu dianggap ngahina kulawarga raja .....
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>> From: H Surtiwa
>> Gampil wae atuh..pilarian bangsa/etnis anu teu acan katoel ku
>> pangjajahan...suku2 terasing di Amerika Selatan...Asia
>> Tengah..Mongolia..jrrd
>
>
> ------------------------------------
>
> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
> http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda
>
>
> [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

Kirim email ke