--- In [email protected], "Dian Tresna Nugraha" 
<dian.nugr...@...> wrote:
>

> DN:
> Punten. Maksad abdi, niley logam mulia mah teu gumantung ka hiji
> institusi. Sapinuhna ditetepkeun ku pasar. Benten sareng artos fiat
> anu gumantung oge kana "sakahoyong" otoritas nu nyitakna. Kala-kala
> perlu, otoritas eta teh nambihan atawa ngirangan artos fiat eta, 

Kang D,

Resep ngobrol teh Kang, jadi mayeng oge yeuh!:))

Komoditi naon bae oge, boh logam mulia boh valuta alias perduitan tea, 
nileyna ditangtukeun ku pasar. Ngan aya kaditu na, pasar OGE 
ditangtukeun alias gumantung ka sababaraha institusi. Mun misalna FED 
ngobral cadangan emas na di pasar bebas, pan niley emas di pasar ge 
kapangaruhan, sabab kalimpudan ku banjir emas Amrik.

Valuta ge sadan mah kitu oge. Makana, pan soka aya spekulan di pasar 
mah. Naon we jadi spekulasi.... emas, valuta, ka hitut2 pan sok 
dispekulasikeun he he he...


> >
> DN:
> Ari minyak mah diproduksi pikeun dipake salaku bahan bakar, bakal
> ngaleungit. Jadi lamun teu diproduksi deui teh bakal ngaleungit.
> Sabalikna logam mulia mah pikeun simpenan tur pikeun alat tukeur. 
Mung
> sakedik anu dipake pikeun kaperluan sejen.

Dina artikel perkara emas anu disebut ku kuring tiheula nyebutkeun, 
emas memang teu leungit2. Emas anu beredar ayeuna bisa jadi umurna 
geus mangrebur2 taun. Emas Fir'aun, emas urang Inca, emas urang 
Mesopotamia.... masih keneh muter.

Ngan aya hiji, emas teh sacara presentaseu cenah dipake UKUR jadi 
perhiasan geuning?

Iitungan na kieu cenah:

51 % perhiasan
12 % elektronika, huntu jeung dirgantara
16 % investasi
18 % cadangan bank sentral
2 % teu jelas jang naon... bisa jadi keur wadal? he he he....

> DN:
> Sami ah ari tina jumlah kalori tuangeun mah. Da sami-sami Homo 
sapiens
> sapiens :-)) Kajaba lamun urang baheula teh benten spesies he he...

Enya oge Kang, memang kitu tah! :)) Mun diitung kalori kabutuhan mah 
tetep we cindeten di dinya! ;)) Ngan kabutuhan jelema teh nanjak wae 
geuning? Lain ukur kabutuhan kalori, tapi pan aya kabutuhan transport, 
imah, olah raga, hiburan.... Sigana mah kudu diitung oge?

Mun kabutuh Neandertal ukur peso tina tanduk kijang misalna. Pan 
ayeuna mah peso ge mangrebu2 jenis na? :))

baktos,

Rahman



Kirim email ke