Heuheu...tos bab Sumedang deui geuningan wangkongan sajarah teh, wilujeng. Si kuring moal ngajelaskeun naon hartina kecap "Su" dina 'Sumendang", bubuhan lain ahli basa, oge lain ahli sajarah. Ngan ieu mah sakolepatan wae inget kana sababaraha kecap basa Sunda anu make rarangkeun "su" di hareupna. Upamana wae: "sumujud" (asalna kecap: "sujud"), "sumeleber" (asal kecap: "meleber"), "sumawonna" (tina kecap "mawon" + na di akhir). Naon maksudna eta rarangken "su" dina kecap-kecap conto bieu?
Duka teuing anu sabenerna mah, ngan ceuk rarasaan tina larapan anu sok kapanggih, aya sababaraha maksud rarangken "su" dumasar conto kecap-kecap di luhur. Diantarana: 1) anteb, anu sabenerna (tina conto "sumujud" = sujud anu sabenerna, anu anteb), 2) geus karuhan, nyakitu keneh, enggeus tangtu (tina kecap "sumawonna"), jeung 3) anu mindeng, kerep atawa bolak-balik, terus-terusan, atawa nuduhkeun lain pagawean/kaayaan anu ngan sakali-kalina kajadian (tina kecap "sumeleber"). Patali jeung harti anu katilu ieu, aya babandinganana dina basa Arab. Dumasar tata basa Arab, aya timbangan nyieun kecap gawe make - sebut wae - "pola + "ta" + tasdid dina hurup kadua" (umumna kecap gawe basa Arab diwangun ku 3 hurup). Maksudna make eta rarangken nyaeta nuduhkeun yen pagawean anu make kecap pola anu bieu robah hartina, jadi "pulang anting" atawa "terus-terusan taya eureunna". Jadi, lamun kecap asalna, hartina "ngagawean", lamun make eta pola hartina robah jadi ngagawean anu terus-terusan teu aya eureunna. Pon kitu deui, upama kecap asalna hartina teh "turun", mangka sanggeus make pola anu bieu mah hartina teh robah jadi "turun anu terus-terusan" atawa "pulang anting turun" Urang make conto geura, meh langsung nyoko ka anu dimaksud: tina kecap "tanazala" (fiil madi: geus turun si fulan), make pola anu tadi, aya kecap "tanazzala" (make tasdid, "z"-na dua; fiil madi, hartina jadi "geus pulang anting turun"). Kukituna urang mendakan kecap anu kadua dina kalimah Al Qur'an: "tanazzalu al malaaikati fiiha biidzni robbihim min kulli amrin salam" (salah sahiji ayat tina Surah Al Qodar anu mashur salaku dalil naqli karomahna laitaltul qadar). Kulantaran kitu, pihartieunana, kalawan maksud fiil madi di dieu teu kudu nunjukeun pagawean anu geus liwat wae, balikta bisa oge nunjukkeun hiji kapastian (seueur pisan conto ayat-ayat Al Qur'an anu ngagambarkeun kaayaan poe akhir tapi make kecap wangun fiil madi) kl : "jeung tangtu baris pulang anting turun para malaikat dina maleman eta (maleman lailatul qadar tea) kalawan ijin Pangeranana (Pangeran para malikat, nyatana Gusti Alloh)". Lah, na asa di pangajian santri kalong nya ieu teh? hapunten para wargi upami abdi nyayahonana, ieu mah bati sakainget wae, inget mangsa baheula keur jadi santri kalong bari teu tamat. Ngan, maksud si kuring tina dadaran ngaji anu teu anggeus ieu teh taya lian yen aya sababaraha kecap tina aturan basa dina basa Sunda anu sarimbag pimaksudeunana jeung aturan basa dina basa Arab. Salah sahijina nyaeta rarangken "su" jeung anu dirarangkenana anu bisa disajajarkeun (leupas tina faktor "waktu" atawa "mangsa" anu memang aturan grammar basa Sunda teu ngawengku soal "waktu" atawa "mangsa"). Contona: "sumeleber", anu bisa dihartikeun "seleber" anu terus-terusan, teu aya ereunna. "Sumeleber, sumeleber, nyambuang sapakarangan", kitu ceuk salah sahiji kalimah dina Sinom "Malati". Jadi, 'Sumendang"? Mangga wae teraskeun. Teu wasa si kuring mah, bisi nyalahan. manAR On Jan 30, 2008 9:20 PM, richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > Su- Medang > mdang kahiyangan, dupi su-na naon, kakantun teu dijelaskeun > mdang kahiyangan > ku kiwari janteng Sumedang larang > larang = kahiyangan = > suci. > > Punten, SU... dijelaskeun > > Nyanggakeun > Ambu > > Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Asana mah kuring pernah > maca di milis urangsunda cenah kecap Sumedang teh asalna tina kecap-kecap > ingsun medal. Tapi aya talaah ti J. Noorduyn, urang Walanda anu nyaah ka > Sunda, dumasar kana naskah Bujangga Manik (BM), cenah Sumedang téh mungkin > asalna tina ngaran tempat Medang Kahiangan, bagian ti wilayah Medang (anu > ngawengku Medang Kahiyangan jeung Medang Sasigar). Rumpaka tina naskah BM > anu dijadikeun dasar ku juragan J. Noorduyn téh saperti di handap ieu: > > > leupang aing nyangwétankeun, > meuntasing di Cilamaya, > meuntas di Cipunagara, > lurah Medang Kahiangan, > ngalalar ka Tompo Omas, > meuntas aing di Cimanuk. > > Tah ieu talaah anjeunna ngeunaan sumedang téh: > > After crossing Cipunagara river, Bujangga Manik entered another district > (lurah), called Medang Kahiangan, and passed Mount Tompo Omas (which is the > present day Mount Tampomas near the town of Sumedang. It is not impossible > that the name of Sumedang preserves the memory of the former lurah Medang > Kahiangan, as did the region of Medang which existed in this neighborhood in > the 17th century, and was divided between Bandung and Parakanmuncang at the > foundation of these regencies around 1640, when the later part was called > Medang Sasigar; "one part of Medang" (De Haan 1912:99, 100, 107). Next > Bujangga Manik crossed the Cimanuk, not far to the east of Sumedang. > > Aschev > > __________________________________________________________ > Looking for last minute shopping deals? > Find them fast with Yahoo! Search. > http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping > > [Non-text portions of this message have been removed] > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa > pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu > mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > --------------------------------- > Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. > > > [Non-text portions of this message have been removed] > > > > PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
