Aeh leres Kang Dian oge baraya sadaya, abdi anu lepat. Tuh pan, nyaan
nya santri kalongna teu tamat teh.
Aeh (deui wae), kumaha unicode teh? Diantos.
manAR
On Jan 30, 2008 10:19 PM, Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
>
>
> Kang Oman,
>
> Sapertos 'rumasa', 'kumasep', 'gumantung', 'gumeulis', 'bumetah', jsb..
> kecap 'sumujud', 'sumambat' mah nganggona teh rarangken tengah 'um', sanes
> rarangken awal su-.
>
> Duka tah sumeleber naha:
> su + meleber
>
> atanapi:
> seleber + um
>
> Salam,
> Dian.
>
>
>
> On 30/01/2008, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Heuheu...tos bab Sumedang deui geuningan wangkongan sajarah teh,
> > wilujeng. Si kuring moal ngajelaskeun naon hartina kecap "Su" dina
> > 'Sumendang", bubuhan lain ahli basa, oge lain ahli sajarah. Ngan ieu
> > mah sakolepatan wae inget kana sababaraha kecap basa Sunda anu make
> > rarangkeun "su" di hareupna. Upamana wae: "sumujud" (asalna kecap:
> > "sujud"), "sumeleber" (asal kecap: "meleber"), "sumawonna" (tina kecap
> > "mawon" + na di akhir). Naon maksudna eta rarangken "su" dina
> > kecap-kecap conto bieu?
> >
> > Duka teuing anu sabenerna mah, ngan ceuk rarasaan tina larapan anu sok
> > kapanggih, aya sababaraha maksud rarangken "su" dumasar conto
> > kecap-kecap di luhur. Diantarana: 1) anteb, anu sabenerna (tina conto
> > "sumujud" = sujud anu sabenerna, anu anteb), 2) geus karuhan, nyakitu
> > keneh, enggeus tangtu (tina kecap "sumawonna"), jeung 3) anu mindeng,
> > kerep atawa bolak-balik, terus-terusan, atawa nuduhkeun lain
> > pagawean/kaayaan anu ngan sakali-kalina kajadian (tina kecap
> > "sumeleber"). Patali jeung harti anu katilu ieu, aya babandinganana
> > dina basa Arab.
> >
> > Dumasar tata basa Arab, aya timbangan nyieun kecap gawe make - sebut
> > wae - "pola + "ta" + tasdid dina hurup kadua" (umumna kecap gawe basa
> > Arab diwangun ku 3 hurup). Maksudna make eta rarangken nyaeta
> > nuduhkeun yen pagawean anu make kecap pola anu bieu robah hartina,
> > jadi "pulang anting" atawa "terus-terusan taya eureunna". Jadi, lamun
> > kecap asalna, hartina "ngagawean", lamun make eta pola hartina robah
> > jadi ngagawean anu terus-terusan teu aya eureunna. Pon kitu deui,
> > upama kecap asalna hartina teh "turun", mangka sanggeus make pola anu
> > bieu mah hartina teh robah jadi "turun anu terus-terusan" atawa
> > "pulang anting turun"
> >
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
>
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/