Kang Oman,
Sapertos 'rumasa', 'kumasep', 'gumantung', 'gumeulis', 'bumetah', jsb..
kecap 'sumujud', 'sumambat' mah nganggona teh rarangken tengah 'um', sanes
rarangken awal su-.
Duka tah sumeleber naha:
su + meleber
atanapi:
seleber + um
Salam,
Dian.
On 30/01/2008, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Heuheu...tos bab Sumedang deui geuningan wangkongan sajarah teh,
> wilujeng. Si kuring moal ngajelaskeun naon hartina kecap "Su" dina
> 'Sumendang", bubuhan lain ahli basa, oge lain ahli sajarah. Ngan ieu
> mah sakolepatan wae inget kana sababaraha kecap basa Sunda anu make
> rarangkeun "su" di hareupna. Upamana wae: "sumujud" (asalna kecap:
> "sujud"), "sumeleber" (asal kecap: "meleber"), "sumawonna" (tina kecap
> "mawon" + na di akhir). Naon maksudna eta rarangken "su" dina
> kecap-kecap conto bieu?
>
> Duka teuing anu sabenerna mah, ngan ceuk rarasaan tina larapan anu sok
> kapanggih, aya sababaraha maksud rarangken "su" dumasar conto
> kecap-kecap di luhur. Diantarana: 1) anteb, anu sabenerna (tina conto
> "sumujud" = sujud anu sabenerna, anu anteb), 2) geus karuhan, nyakitu
> keneh, enggeus tangtu (tina kecap "sumawonna"), jeung 3) anu mindeng,
> kerep atawa bolak-balik, terus-terusan, atawa nuduhkeun lain
> pagawean/kaayaan anu ngan sakali-kalina kajadian (tina kecap
> "sumeleber"). Patali jeung harti anu katilu ieu, aya babandinganana
> dina basa Arab.
>
> Dumasar tata basa Arab, aya timbangan nyieun kecap gawe make - sebut
> wae - "pola + "ta" + tasdid dina hurup kadua" (umumna kecap gawe basa
> Arab diwangun ku 3 hurup). Maksudna make eta rarangken nyaeta
> nuduhkeun yen pagawean anu make kecap pola anu bieu robah hartina,
> jadi "pulang anting" atawa "terus-terusan taya eureunna". Jadi, lamun
> kecap asalna, hartina "ngagawean", lamun make eta pola hartina robah
> jadi ngagawean anu terus-terusan teu aya eureunna. Pon kitu deui,
> upama kecap asalna hartina teh "turun", mangka sanggeus make pola anu
> bieu mah hartina teh robah jadi "turun anu terus-terusan" atawa
> "pulang anting turun"
>
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/