Ceuk saha Basa Sunda beuki heureut?
Di mana ngadengekeuna?
Ari di Afrika Selatan atawa di Moskow mah meureun!
Milis nu make Basa Sunda lain ukur ieu, aya sababaraha deui nu sanesna, mangga 
korehan nyalira.
Kitu deui media cetak, ayeuna "Mangle" geus lain hiji hijina majalah basa sunda 
sadunya.
Lebah ayana sababaraha kecap anu saliwat mah asa geus teu pati dipake, eta mah 
kumaha 'konteks'na, Basa Sunda teh leubeut ku basa wewengkon (dialek 
lokal?)sarta loba unak anik jeung undak usukna. Dina prungna mah urang 
Majalengka panggih jeung urang Cianjur, henteu matak parasea pedah di Cianjur 
beca ditumpakan ari di Majalengka beca bet diwadahan dina keler. Maksud teh mun 
dina riungan aya hiji kecap nu dikedalkeun ku salah saurang bari teu pati 
dipiwanoh ku nu lian, nu ngariung sok tuluy padungdeng papanjangan neangan 
harti eta kecap nepi ka kaharti ku sararea, malah sok tuluy ngorehan nareangan 
kecap nu teu ilahar sejenna. Teu ilahar soteh pedah teu wawuh, ari keur nu lega 
ambahan jeung rea pangalaman mah ngartieun we diajak make dialek mana oge. Tah 
ieu kuring rada papanjangan teh sakadar conto, mun loba kecap nu teu kaharti 
meureun teu sawewengkon jeung padumukan kuring atawa nu maca heureut basa 
sundana. Amun kaharti naon nu dimaksud ku kuring, ngan aya dua kemungkinan, nu 
maca salembur jeung kuring atawa manehna mibanda luang pangalaman anu jero tur 
lega. Jadi ceuk kuring, lain Basa Sunda nu beuki heureut tapi nu nyarita 
heureut lengkahna.
Mangga lenyepan!

Setiadi


--- In [email protected], mh <khs...@...> wrote:
>
> 2010/12/6 koko_robert29 <koko_rober...@...>
> 
> >
> >
> > artinya ada, tapi pemakaiannya sudah tak terdengar lgi
> >
> Basa Sundana:
> "Hartina aya, ngan ngalarapkeunana geus teu kadenge deui."
> 
> Tenang Kang Koko. Hehehe
> 
> Ramalan, yen basa Sunda hususna, umumna basa daerah tereh punah, geus ti
> baheula.
> Asana kungsi maca hal ieu dina majalah Pusaka Sunda nu terbit taun 20-an.
> Rame deui
> taun kamari, pedah aya wanaca dina laporan Unesco. Tapi buktina mah, basa
> Sunda teh
> geuning "die hard", masih jumeneng nepi ka kiwari.
> 
> Salah sahiji tujuan ieu milis, mun dianalogikeun jeung kaulinan komputer
> mah, asana keur
> upaya narekahan manjangkeun umur basa Sunda. Mun bisa kitu ge.
> 
> Ku kituna, hayu atuh urang ngabiasakeun migunakeun basa Sunda salaku basa
> panganteur
> dina diskusi. Bahan obrolanana mah naon wae, nu penting padungdengna make
> basa Sunda.
> -mh-
> 
> 
> > --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, mh <khs579@>
> > wrote:
> > >
> > > 2010/12/6 Koko Budiman <koko_robert29@>
> >
> > >
> > > >
> > > >
> > > > lanceuk, adi biang, indung sste. ayeuna kayanya sudah hampir tak
> > terdengar
> > > > lagi.
> > > > Nu aya ngan pun rama, pun Ibu; pun raka dst
> > > > jadi basa sunda beuki leungit wae.
> > > > sigama mah 10 taun deui yang dipergunakan senagai basa dehari hari
> > adalah
> > > > bahasa Indonesia................
> > > > pantes kituna mah...................
> > > >
> > > >
> > > Ngarah basa Sunda teu tereh tumpur, urang sundakeun tulisan di luhur:
> > >
> > > "Lanceuk, adi, biang, indung, sareng saterusna; ayeuna jigana geus ampir
> > teu
> > > kadenge deui.
> > > Nu aya, ngan pun rama, pun ibu, pun raka jeung saterusna.
> > > Jadi basa Sunda beuki leungit wae.
> > > Sigana mah 10 taun deui anu dipake pikeun basa sapopoe teh nyaeta basa
> > > Indonesia.
> > > Pantes, kituna mah."
> > >
> > > Catetan uing:
> > > Meureun nu dimaksud ku Kang Koko teh, undak-usuk basa Sunda geus teu pati
> > > diperhatikeun deui.
> > > Sabab ceuk pikiran Kang Koko, nu merenah pikeun kecap ganti teh jiga
> > kieu:
> > > pun lanceuk, pun adi (?), pun biang, atawa pun indung (?); lain pun rama,
> > > pun ibu, atawa pun raka.
> > >
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke