mungkin begitu kali. Jadi leres pan basa sunda ngirangan , sanes ?
--- In [email protected], Jalak Pakuan <jalakpak...@...> wrote:
>
> Kang Koko, mungkin di wewengkon Tasik tos ngageser basa nu make undak usuk ka
> basa pergaulan (basa loma). Bisa jadi arah/tren na sagala cukup ku hiji
> kecap,
> lanceuk jeung raka nu tahan/survive salah sahiji bisa lanceuk bisa raka. Pami
> dina basa lisan memang katingalna aya proses "ngorotan", tapi dina tulisan
> kamungkinan dina ayana oge prosesna langkung lambat, undak usuk masih
> diperhatoskeun keneh. Naha gejala ieu tanda basa sunda arahna moal dipake
> sapopoe, bisa jadi...tapi paling henteu arahna kana jadi basa praktis.
> Mungkin
> bae lamun leuwih praktis malah leuwih gede survive na sabab leuwih babari,
> praktis dipakena, tanpa undak usuk basa.
>
> JP
>
>
> Makarya Mawa Raharja
>
>
>
>
> ________________________________
> Dari: koko_robert29 <koko_rober...@...>
> Kepada: [email protected]
> Terkirim: Rab, 8 Desember, 2010 11:32:36
> Judul: [kisunda] Re: Basa Sunda beuki heureut
>
>
> Naaa mani jauh2 pisan ka africa.
> Uing teh bulak balik, idek liher di tasik; teu weleh ngadenge pun rama pun
> raka
> jeung salianna.
> Eta hartina pun lanceuk, pun bapa geus tara aya nu marake deui !
> Hartina naon ? Hartina basa sunda beuki ngorotan kecap2na !?
> Naha aya harti lain salian ti kitu ?
> Cing sok jentrekeun. Uing hoyong ngupingkeun
>
> --- In [email protected], "setiadi_rs" <setiadi_rs@> wrote:
> >
> > Ceuk saha Basa Sunda beuki heureut?
> > Di mana ngadengekeuna?
> > Ari di Afrika Selatan atawa di Moskow mah meureun!
> > Milis nu make Basa Sunda lain ukur ieu, aya sababaraha deui nu sanesna,
> > mangga
> >korehan nyalira.
> > Kitu deui media cetak, ayeuna "Mangle" geus lain hiji hijina majalah basa
> > sunda
> >sadunya.
> > Lebah ayana sababaraha kecap anu saliwat mah asa geus teu pati dipake, eta
> > mah
> >kumaha 'konteks'na, Basa Sunda teh leubeut ku basa wewengkon (dialek
> >lokal?)sarta loba unak anik jeung undak usukna. Dina prungna mah urang
> >Majalengka panggih jeung urang Cianjur, henteu matak parasea pedah di
> >Cianjur
> >beca ditumpakan ari di Majalengka beca bet diwadahan dina keler. Maksud teh
> >mun
> >dina riungan aya hiji kecap nu dikedalkeun ku salah saurang bari teu pati
> >dipiwanoh ku nu lian, nu ngariung sok tuluy padungdeng papanjangan neangan
> >harti
> >eta kecap nepi ka kaharti ku sararea, malah sok tuluy ngorehan nareangan
> >kecap
> >nu teu ilahar sejenna. Teu ilahar soteh pedah teu wawuh, ari keur nu lega
> >ambahan jeung rea pangalaman mah ngartieun we diajak make dialek mana oge.
> >Tah
> >ieu kuring rada papanjangan teh sakadar conto, mun loba kecap nu teu kaharti
> >meureun teu sawewengkon jeung padumukan kuring atawa nu maca heureut basa
> >sundana. Amun kaharti naon nu dimaksud ku kuring, ngan aya dua kemungkinan,
> >nu
> >maca salembur jeung kuring atawa manehna mibanda luang pangalaman anu jero
> >tur
> >lega. Jadi ceuk kuring, lain Basa Sunda nu beuki heureut tapi nu nyarita
> >heureut
> >lengkahna.
> > Mangga lenyepan!
> >
> > Setiadi
> >
> >
> > --- In [email protected], mh <khs579@> wrote:
> > >
> > > 2010/12/6 koko_robert29 <koko_robert29@>
> > >
> > > >
> > > >
> > > > artinya ada, tapi pemakaiannya sudah tak terdengar lgi
> > > >
> > > Basa Sundana:
> > > "Hartina aya, ngan ngalarapkeunana geus teu kadenge deui."
> > >
> > > Tenang Kang Koko. Hehehe
> > >
> > > Ramalan, yen basa Sunda hususna, umumna basa daerah tereh punah, geus ti
> > > baheula.
> > > Asana kungsi maca hal ieu dina majalah Pusaka Sunda nu terbit taun 20-an.
> > > Rame deui
> > > taun kamari, pedah aya wanaca dina laporan Unesco. Tapi buktina mah, basa
> > > Sunda teh
> > > geuning "die hard", masih jumeneng nepi ka kiwari.
> > >
> > > Salah sahiji tujuan ieu milis, mun dianalogikeun jeung kaulinan komputer
> > > mah, asana keur
> > > upaya narekahan manjangkeun umur basa Sunda. Mun bisa kitu ge.
> > >
> > > Ku kituna, hayu atuh urang ngabiasakeun migunakeun basa Sunda salaku basa
> > > panganteur
> > > dina diskusi. Bahan obrolanana mah naon wae, nu penting padungdengna make
> > > basa Sunda.
> > > -mh-
> > >
> > >
> > > > --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, mh <khs579@>
> > > > wrote:
> > > > >
> > > > > 2010/12/6 Koko Budiman <koko_robert29@>
> > > >
> > > > >
> > > > > >
> > > > > >
> > > > > > lanceuk, adi biang, indung sste. ayeuna kayanya sudah hampir tak
> > > > terdengar
> > > > > > lagi.
> > > > > > Nu aya ngan pun rama, pun Ibu; pun raka dst
> > > > > > jadi basa sunda beuki leungit wae.
> > > > > > sigama mah 10 taun deui yang dipergunakan senagai basa dehari hari
> > > > adalah
> > > > > > bahasa Indonesia................
> > > > > > pantes kituna mah...................
> > > > > >
> > > > > >
> > > > > Ngarah basa Sunda teu tereh tumpur, urang sundakeun tulisan di luhur:
> > > > >
> > > > > "Lanceuk, adi, biang, indung, sareng saterusna; ayeuna jigana geus
> > > > > ampir
> > > > teu
> > > > > kadenge deui.
> > > > > Nu aya, ngan pun rama, pun ibu, pun raka jeung saterusna.
> > > > > Jadi basa Sunda beuki leungit wae.
> > > > > Sigana mah 10 taun deui anu dipake pikeun basa sapopoe teh nyaeta basa
> > > > > Indonesia.
> > > > > Pantes, kituna mah."
> > > > >
> > > > > Catetan uing:
> > > > > Meureun nu dimaksud ku Kang Koko teh, undak-usuk basa Sunda geus teu
> pati
> > > > > diperhatikeun deui.
> > > > > Sabab ceuk pikiran Kang Koko, nu merenah pikeun kecap ganti teh jiga
> > > > kieu:
> > > > > pun lanceuk, pun adi (?), pun biang, atawa pun indung (?); lain pun
> rama,
> > > > > pun ibu, atawa pun raka.
> > > > >
> > > >
> > >
> >
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/