Naaa mani jauh2 pisan ka africa.
Uing teh bulak balik, idek liher di tasik; teu weleh ngadenge pun rama pun raka 
jeung salianna.
Eta hartina pun lanceuk, pun bapa geus tara aya nu marake deui !
Hartina naon ? Hartina basa sunda beuki ngorotan kecap2na !?
Naha aya harti lain salian ti kitu ?
Cing sok jentrekeun. Uing hoyong ngupingkeun

--- In [email protected], "setiadi_rs" <setiadi...@...> wrote:
>
> Ceuk saha Basa Sunda beuki heureut?
> Di mana ngadengekeuna?
> Ari di Afrika Selatan atawa di Moskow mah meureun!
> Milis nu make Basa Sunda lain ukur ieu, aya sababaraha deui nu sanesna, 
> mangga korehan nyalira.
> Kitu deui media cetak, ayeuna "Mangle" geus lain hiji hijina majalah basa 
> sunda sadunya.
> Lebah ayana sababaraha kecap anu saliwat mah asa geus teu pati dipake, eta 
> mah kumaha 'konteks'na, Basa Sunda teh leubeut ku basa wewengkon (dialek 
> lokal?)sarta loba unak anik jeung undak usukna. Dina prungna mah urang 
> Majalengka panggih jeung urang Cianjur, henteu matak parasea pedah di Cianjur 
> beca ditumpakan ari di Majalengka beca bet diwadahan dina keler. Maksud teh 
> mun dina riungan aya hiji kecap nu dikedalkeun ku salah saurang bari teu pati 
> dipiwanoh ku nu lian, nu ngariung sok tuluy padungdeng papanjangan neangan 
> harti eta kecap nepi ka kaharti ku sararea, malah sok tuluy ngorehan 
> nareangan kecap nu teu ilahar sejenna. Teu ilahar soteh pedah teu wawuh, ari 
> keur nu lega ambahan jeung rea pangalaman mah ngartieun we diajak make dialek 
> mana oge. Tah ieu kuring rada papanjangan teh sakadar conto, mun loba kecap 
> nu teu kaharti meureun teu sawewengkon jeung padumukan kuring atawa nu maca 
> heureut basa sundana. Amun kaharti naon nu dimaksud ku kuring, ngan aya dua 
> kemungkinan, nu maca salembur jeung kuring atawa manehna mibanda luang 
> pangalaman anu jero tur lega. Jadi ceuk kuring, lain Basa Sunda nu beuki 
> heureut tapi nu nyarita heureut lengkahna.
> Mangga lenyepan!
> 
> Setiadi
> 
> 
> --- In [email protected], mh <khs579@> wrote:
> >
> > 2010/12/6 koko_robert29 <koko_robert29@>
> > 
> > >
> > >
> > > artinya ada, tapi pemakaiannya sudah tak terdengar lgi
> > >
> > Basa Sundana:
> > "Hartina aya, ngan ngalarapkeunana geus teu kadenge deui."
> > 
> > Tenang Kang Koko. Hehehe
> > 
> > Ramalan, yen basa Sunda hususna, umumna basa daerah tereh punah, geus ti
> > baheula.
> > Asana kungsi maca hal ieu dina majalah Pusaka Sunda nu terbit taun 20-an.
> > Rame deui
> > taun kamari, pedah aya wanaca dina laporan Unesco. Tapi buktina mah, basa
> > Sunda teh
> > geuning "die hard", masih jumeneng nepi ka kiwari.
> > 
> > Salah sahiji tujuan ieu milis, mun dianalogikeun jeung kaulinan komputer
> > mah, asana keur
> > upaya narekahan manjangkeun umur basa Sunda. Mun bisa kitu ge.
> > 
> > Ku kituna, hayu atuh urang ngabiasakeun migunakeun basa Sunda salaku basa
> > panganteur
> > dina diskusi. Bahan obrolanana mah naon wae, nu penting padungdengna make
> > basa Sunda.
> > -mh-
> > 
> > 
> > > --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, mh <khs579@>
> > > wrote:
> > > >
> > > > 2010/12/6 Koko Budiman <koko_robert29@>
> > >
> > > >
> > > > >
> > > > >
> > > > > lanceuk, adi biang, indung sste. ayeuna kayanya sudah hampir tak
> > > terdengar
> > > > > lagi.
> > > > > Nu aya ngan pun rama, pun Ibu; pun raka dst
> > > > > jadi basa sunda beuki leungit wae.
> > > > > sigama mah 10 taun deui yang dipergunakan senagai basa dehari hari
> > > adalah
> > > > > bahasa Indonesia................
> > > > > pantes kituna mah...................
> > > > >
> > > > >
> > > > Ngarah basa Sunda teu tereh tumpur, urang sundakeun tulisan di luhur:
> > > >
> > > > "Lanceuk, adi, biang, indung, sareng saterusna; ayeuna jigana geus ampir
> > > teu
> > > > kadenge deui.
> > > > Nu aya, ngan pun rama, pun ibu, pun raka jeung saterusna.
> > > > Jadi basa Sunda beuki leungit wae.
> > > > Sigana mah 10 taun deui anu dipake pikeun basa sapopoe teh nyaeta basa
> > > > Indonesia.
> > > > Pantes, kituna mah."
> > > >
> > > > Catetan uing:
> > > > Meureun nu dimaksud ku Kang Koko teh, undak-usuk basa Sunda geus teu 
> > > > pati
> > > > diperhatikeun deui.
> > > > Sabab ceuk pikiran Kang Koko, nu merenah pikeun kecap ganti teh jiga
> > > kieu:
> > > > pun lanceuk, pun adi (?), pun biang, atawa pun indung (?); lain pun 
> > > > rama,
> > > > pun ibu, atawa pun raka.
> > > >
> > >
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke