Moal ari parasea mah. Ngan wae ieu di Tasik keneh kabeh dikumkeun jadi rama, 
raka jste. Jadi hartina geus poho we naon hartina LANCEUK ADI jeung sajabana.
Memag nu penting mah NGARTI.
Masalaha lain eta; tapi basa Sunda jadi nyaeutikan alias heureut tea.
Eta naon sababna ?
Lantaran pada ngantep; ditembelarkeun; teu dijaga; nya atuh mun awal akhir 
musna tea mah, nya wajar saja lah.


--- In [email protected], "koko_robert29" <koko_rober...@...> wrote:
>
> Naaa mani jauh2 pisan ka africa.
> Uing teh bulak balik, idek liher di tasik; teu weleh ngadenge pun rama pun 
> raka jeung salianna.
> Eta hartina pun lanceuk, pun bapa geus tara aya nu marake deui !
> Hartina naon ? Hartina basa sunda beuki ngorotan kecap2na !?
> Naha aya harti lain salian ti kitu ?
> Cing sok jentrekeun. Uing hoyong ngupingkeun
> 
> --- In [email protected], "setiadi_rs" <setiadi_rs@> wrote:
> >
> > Ceuk saha Basa Sunda beuki heureut?
> > Di mana ngadengekeuna?
> > Ari di Afrika Selatan atawa di Moskow mah meureun!
> > Milis nu make Basa Sunda lain ukur ieu, aya sababaraha deui nu sanesna, 
> > mangga korehan nyalira.
> > Kitu deui media cetak, ayeuna "Mangle" geus lain hiji hijina majalah basa 
> > sunda sadunya.
> > Lebah ayana sababaraha kecap anu saliwat mah asa geus teu pati dipake, eta 
> > mah kumaha 'konteks'na, Basa Sunda teh leubeut ku basa wewengkon (dialek 
> > lokal?)sarta loba unak anik jeung undak usukna. Dina prungna mah urang 
> > Majalengka panggih jeung urang Cianjur, henteu matak parasea pedah di 
> > Cianjur beca ditumpakan ari di Majalengka beca bet diwadahan dina keler. 
> > Maksud teh mun dina riungan aya hiji kecap nu dikedalkeun ku salah saurang 
> > bari teu pati dipiwanoh ku nu lian, nu ngariung sok tuluy padungdeng 
> > papanjangan neangan harti eta kecap nepi ka kaharti ku sararea, malah sok 
> > tuluy ngorehan nareangan kecap nu teu ilahar sejenna. Teu ilahar soteh 
> > pedah teu wawuh, ari keur nu lega ambahan jeung rea pangalaman mah 
> > ngartieun we diajak make dialek mana oge. Tah ieu kuring rada papanjangan 
> > teh sakadar conto, mun loba kecap nu teu kaharti meureun teu sawewengkon 
> > jeung padumukan kuring atawa nu maca heureut basa sundana. Amun kaharti 
> > naon nu dimaksud ku kuring, ngan aya dua kemungkinan, nu maca salembur 
> > jeung kuring atawa manehna mibanda luang pangalaman anu jero tur lega. Jadi 
> > ceuk kuring, lain Basa Sunda nu beuki heureut tapi nu nyarita heureut 
> > lengkahna.
> > Mangga lenyepan!
> > 
> > Setiadi
> > 
> > 
> > --- In [email protected], mh <khs579@> wrote:
> > >
> > > 2010/12/6 koko_robert29 <koko_robert29@>
> > > 
> > > >
> > > >
> > > > artinya ada, tapi pemakaiannya sudah tak terdengar lgi
> > > >
> > > Basa Sundana:
> > > "Hartina aya, ngan ngalarapkeunana geus teu kadenge deui."
> > > 
> > > Tenang Kang Koko. Hehehe
> > > 
> > > Ramalan, yen basa Sunda hususna, umumna basa daerah tereh punah, geus ti
> > > baheula.
> > > Asana kungsi maca hal ieu dina majalah Pusaka Sunda nu terbit taun 20-an.
> > > Rame deui
> > > taun kamari, pedah aya wanaca dina laporan Unesco. Tapi buktina mah, basa
> > > Sunda teh
> > > geuning "die hard", masih jumeneng nepi ka kiwari.
> > > 
> > > Salah sahiji tujuan ieu milis, mun dianalogikeun jeung kaulinan komputer
> > > mah, asana keur
> > > upaya narekahan manjangkeun umur basa Sunda. Mun bisa kitu ge.
> > > 
> > > Ku kituna, hayu atuh urang ngabiasakeun migunakeun basa Sunda salaku basa
> > > panganteur
> > > dina diskusi. Bahan obrolanana mah naon wae, nu penting padungdengna make
> > > basa Sunda.
> > > -mh-
> > > 
> > > 
> > > > --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, mh <khs579@>
> > > > wrote:
> > > > >
> > > > > 2010/12/6 Koko Budiman <koko_robert29@>
> > > >
> > > > >
> > > > > >
> > > > > >
> > > > > > lanceuk, adi biang, indung sste. ayeuna kayanya sudah hampir tak
> > > > terdengar
> > > > > > lagi.
> > > > > > Nu aya ngan pun rama, pun Ibu; pun raka dst
> > > > > > jadi basa sunda beuki leungit wae.
> > > > > > sigama mah 10 taun deui yang dipergunakan senagai basa dehari hari
> > > > adalah
> > > > > > bahasa Indonesia................
> > > > > > pantes kituna mah...................
> > > > > >
> > > > > >
> > > > > Ngarah basa Sunda teu tereh tumpur, urang sundakeun tulisan di luhur:
> > > > >
> > > > > "Lanceuk, adi, biang, indung, sareng saterusna; ayeuna jigana geus 
> > > > > ampir
> > > > teu
> > > > > kadenge deui.
> > > > > Nu aya, ngan pun rama, pun ibu, pun raka jeung saterusna.
> > > > > Jadi basa Sunda beuki leungit wae.
> > > > > Sigana mah 10 taun deui anu dipake pikeun basa sapopoe teh nyaeta basa
> > > > > Indonesia.
> > > > > Pantes, kituna mah."
> > > > >
> > > > > Catetan uing:
> > > > > Meureun nu dimaksud ku Kang Koko teh, undak-usuk basa Sunda geus teu 
> > > > > pati
> > > > > diperhatikeun deui.
> > > > > Sabab ceuk pikiran Kang Koko, nu merenah pikeun kecap ganti teh jiga
> > > > kieu:
> > > > > pun lanceuk, pun adi (?), pun biang, atawa pun indung (?); lain pun 
> > > > > rama,
> > > > > pun ibu, atawa pun raka.
> > > > >
> > > >
> > >
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke