Gatotkacha kacida amrahna lantarn PLN ngaganggu penampilanana;
lajeng wae ka pln cabang spa; eh siah pln cucungah wani maehan listrik ?
PLN: Paling ge 5 menit atuh pak gatot !
Gatotkacha:"Heueuh sarua we jeung sajamna da filena jadi ruksak siah !
PLN: Sok we atuh urng gentosan ku artos !
Gatotkcha:"Moal bisa ! File nu geis leungit hese dibenerkeunana;
lantaran sarua jeung anyar deui ! cing atuh ngabejaan aru rek pareum teh.
PLN: Muhun pak gatot engke deui nah ngumumkeun heula; hehehehe



--- In [email protected], enjebe@... wrote:
>
> Ambuiing kasakten gatotkacha eleh ku pln hehehehe
> Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung 
> Teruuusss...!
> 
> -----Original Message-----
> From: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> Sender: [email protected]
> Date: Sun, 5 Jun 2011 10:38:01 
> To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]>
> Reply-To: [email protected]
> Cc: Nurkadi<Nurkadi@...>; Ii Sumirat<sumirat@...>; Sam 
> Soemadipradja<sam_soemadipradja@...>; Aldo Desatura ™<hanjakal@...>
> Subject: [kisunda] Bharata Yudha ka-49
> 
> Mudah2an teu lepat deui
> 
> Balik deui ayeuna ka na peperngan Gatotkacha ngalawan 4 Butha nu Karna tea.
> Ayeuna dua Denawa teh kantun dua deui, nya eta Lembusana sareng Kala Murka; 
> ieu nu dua butha jelas pisan ningali Kasakten Gatotkacha sareng 
> kadigjayanana; duanana ngarasa miris sareng ngarasa moal kuat ngalawan 
> Gatotkacha. Tapi dalah dikumaha, maranehna geus keuna sumpah/jangji ku 
> Bhatara Surya pikeun ngabantu Karna. Duanana maju meh bareng maju ngoroyok 
> Gatotkacha; susuganan bisa ngalayanan Gatotkacha ari ku duaan mah, cenah. 
> 
> Gatotkacha tos buringas pisan, ningal dua butha maju rek nyerang; ngahaja 
> Gatotkacha nubruk ka eta dua Butha; atuh tilu Butha teh diadu ! Hiji ngalawan 
> dua ! Malah nu dua Butha nu kawon, Lembusana, sareng Kala Murka duanana 
> tingjolongjong tijengkang
>  tigugulitik. Barang duanana rek harudang, Gatotkacha lir kilat tos nyerang, 
> bari teu kaburu dicingcetkeun; Lembusana katampiling, mani aduh2an; ari Kala 
> Murka ditajong nepi ka tigugulitik.
> 
> Gatotkacha muru Kala Murka, didengkek, saterusna huluna ngaplek.
> 
> Lembusana maksakeun maneh hudang, bari ayeuna mah mawa gegendir; terus 
> dibabukkeun ka Gatotkacha. Nepi ka ngebul eta gada keuna ka na sirah 
> Gatotkacha.
> Gatotkacha teu rengrot2 acan. Lembusana kacida reuwasna, sabab eta gada atawa 
> gegendir teh, WESI KUNING nu kasohor tea. Ngahuleng Lembusana; ku reuwas 
> jeung gimir; keur kitu teh eta gada ditongtak gu Gatotkacha; teras 
> dibalangkeun tebih pisan.
> 
> Lembusana ngadegdeg ku sieun2na; Gatotkacha kaciri ngabarkeun dampal 
> tengenna; atuh mani sieuneun pisan Lembusana, lantaran tampiling nu tadi ge 
> masih karasa keneh panas jeung nyerina; jeungna deui saluar awak karasa 
> lungse teu aya daya. Ieu Lembusana teh diantara nu opat, minangka pang
>  saktina; nu matak nepi ka ayeuna masih kuat nangtung keneh. Tapi barang 
> Gatotkacha ngacungkeun dampalna, siga rek nampiling deui, 
> 
> TIDIEU TEH MASIH LOBA TAMBAHANANA; TAPI KABURU KAPEGAT KU pln PAREUM 
> NGADADAK; ATUH KAPOTONG NGAN UKUR NEPI KA DINYA, TAH ATUH DIKIRIM WE NUIE 
> ENGKE DITERUSKEUN DEUI
> 
> HANCA
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke