Nuhun Kang Yani infona. Jadi rada imbang yeuh wartana 2011/9/6 MRachmat Rawyani <[email protected]>
> ** > > > Taun 2008, aya nu ngusulkeun supados Raja Arab dileler doktor honoris causa > (Dr.HC) kana jasana anu luar biasa. (mangga tingali di Kompas Terbitan > November 2008, tokoh Raja Abdullah). Kaleresan tahun 2007 UI nuju ngarehab > masigit ARH di Kampus Salemba, kenging dana 13 Milyar ti karajaan Arab. Tim > penasihat Rektor UI anu ngahususkeun dina perkara masihan gelar doktor > honoris causa ngadamel hiji tim (peergroups) kanggo nalungtik sagala hal > naon-naon anu tos dilaksanakeun ku Raja Abdullah. Aya 4 opatan anggota tim > eta, dua diantawisna non-muslim. Hasil penelaahan eta teras dikonsultasikeun > sareng Dr. Alwi Shihab, salah saurang anggota MWA UI, anu kaleresan > nyangking dubes RI keliling Timur Tengah. Pak ALwi Shibah sapuk raja Arab > dipasihan Dr. HC. > > Rencana gelar Dr. HC bade dipasihkeun ka Raja waktos raja bade masemon > (kunjungan kanagaraan) ka Indonesia, tapi teu janten margi Raja teu damang. > Dua kali Raja teu janten ngayakeun kunjungan kanagaraan ka Indonesia. Ahirna > Ketua tim pemberian gelar Dr. HC UI, Prof.Dr. Ichramsyah, SpOG sasih mei > ngadeuheus ka Raja Arab, ngabadantenkeun gelar Dr. HC ieu. Raja Satuju nampi > gelar eta, 10 dinten sateuacan lebaran Idul Fitri. Sasih Juni geletuk aya > kasus hukuman Qishas Ruyati, bingung oge urang UI. Naha bade dibatalkeun > atawa diteraskeun masihan gelar ka Raja Arab. Ari saran Dr. Alwi Shihab mah, > gelar doktor kedah tetep dilaksanakeun, leuwih bahaya akibatna upama heunteu > dilaksanakeun. > > Masih saur Alwi Shihab dina acara Metro TV senin sonten kamari (05/09), > proses hukuman pancung di Arab teu tiasa diintervensi ku raja margi aya > lembaga husus anu ngalaksanakeun eta hukuman anu gaduh otonomi, kajaba upami > aya pangampunan ti kulawarga korban. Kumargi kitu Raja Arab nyalira nadamel > hiji lembaga kanggo ngusahakeun ngaringankeun para terkukum qishas, malihan > mah Raja ngadanaan sacara pribadi kanggo mayar denda (diat) upami pihak > kulawarga korban nyuhunkeun bayaran denda. Sistem sareng proses siga kieu > anu teu sadaya urang Indonesia uninga. (tingali oge kiprah raja Abdullah > dina laporan National geographic/NG anu ditayangkeun metro tv dina dinten > terakhir puasa, kuring teu kantos ningali, tapi saur batur kuring mah, NG > ngalaporkeun sacara obyektif & positif). Ping 14 September ieu, saur Thamrin > Amal Tomagola, salah sawios motor anu kontra kana Dr. HC ieu, rektor UI bade > disaur ku MWA UI, piwarang ngadadarkeun perkara Dr.HC ieu. Para anggota MWA > engke nangtoskeun, naha tindakan Rektor UI teh "menyimpang" atanapi heunteu. > Upami menyimpang, Rektor UI tiasa "digulingkeun" sakumaha anu dipikahoyong > ku Thamrin Amal Tomagola. > > Ari katerangan Rektor dina konsferensi pers senen siang (05/09), aya > laporan ti Atase Pendidikan RI di Arab Saudi, persepsi masyarakat Arab ka > urang Indonesia karaos jadi robah sacara drastis. Urang Arab teu percanten > aya hiji paguron di Indonesia anu peringkatna langkung luhur ti paguron > anu aya di Nagri Arab ngaleler doktor Raja Arab. Hal ieu teh tiasa > katingali dina pemberitaan di media arab. Reaksi siga kieu heunteu > dipikaterang ku media di Indonesia sareng heunteu jadi bahan pamikiran ku > para kalangan anu ngritik ka UI. Masih aya 12 urang Indonesia anu ngantosan > putusan hukuman Qishas. Rektor UI ngaraos yakin ku ayana masihan Dr. HC ka > Raja Arab, 12 urang Indonesia Insya Allah tiasa diringankeun hukumanana. > Tapi Prof.Dr. Maswadi Rauf, salah sawios anggota tim penganugerahan Dr. HC, > mangpaurkeun ku ayana "gonjang ganjing" Dr.HC ieu, Raja Arab "ngadawuh" > masihkeun deui gelar Dr. HC ka UI. Upama hal ieu kajantenan, hubungan dua > nagara tiasa 'ancur'. Sigana kajantenan ieu anu dipikahoyong ku anu kontra > Dr.HC. > > baktos, > > mrachmatrawyani > > ------------------------------ > *From:* Kumincir Wikidisastra <[email protected]> > *To:* [email protected] > *Sent:* Sunday, September 4, 2011 11:50 PM > > *Subject:* Re: [Urang Sunda] Bener kitu? > > > nu perlu disaliksik, saha nu boga alpukah pikeun mere gelar DHC? Da > sakaterang mah aya prosesna, rektor mah ukur ngalaksanakeun mandat wungkul. > iwal mun alpukahna ti GRS, pek bae rek dicehcer oge... > > 2011/9/3 mang jamal > > Mangga ka urang UI, kang rachmat rawyani sigana tiasa masihan press > release kanggo kusnet > > > > > >
