Sapuk pisan sareng cariosan kang rahmat lah.
--- In [email protected], MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...> wrote:
>
> Anging Allah anu Maha uninga saleresna sagala kajantenan. Manusa mah mung
> sakadar nyangka-nyangka, hiji kajadian tiasa ditafsirkeun benten-benten,
> gumantung kana pribadi masing-masing, atanapi untung rugina pikeun diri
> pribadi. Sapertos naon anu didugikeun ku pa Thamrin Amal tomagola dina acara
> metro TV. Kumargi anjeunna nuju teu sapaham sareng Rektor UI , nya
> ditafsirkeun nyogok. Ari Saur pa Alwi Shihab anu kantos janten menlu RI, hiji
> hal anu wajar, sanes sogokan.
>
> mrachmatrawyani
>
>
>
> ________________________________
> From: Dudi Herlianto <dudi.herlianto@...>
> To: [email protected]
> Sent: Monday, September 12, 2011 2:54 AM
> Subject: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Bener kitu?
>
>
> Â
> hehe, naha nu katingal ku abdi mah, santos maca seratan mang yani, gelar
> honoris causa teh bet jiga upeti bin sogok nya?
>
> ah mudah-mudahan we abdi lepat...
>
>
> 2011/9/6 Ki Hasan <khs579@...>
>
>
> >Â
> >Nuhun Kang Yani infona. Jadi rada imbang yeuh wartana
> >
> >
> >
> >2011/9/6 MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...>
> >
> >
> >>Â
> >>Taun 2008, aya nu ngusulkeun supados Raja Arab dileler doktor honoris causa
> >>(Dr.HC) kana jasana anu luar biasa. (mangga tingali di Kompas Terbitan
> >>November 2008, tokoh Raja Abdullah). Kaleresan tahun 2007 UI nuju ngarehab
> >>masigit ARH di Kampus Salemba, kenging dana 13 Milyar ti karajaan Arab. Tim
> >>penasihat Rektor UI anu ngahususkeun dina perkara masihan gelar doktor
> >>honoris causa ngadamel hiji tim (peergroups) kanggo nalungtik sagala hal
> >>naon-naon anu tos dilaksanakeun ku Raja Abdullah. Aya 4 opatan anggota tim
> >>eta, dua diantawisna non-muslim. Hasil penelaahan eta teras
> >>dikonsultasikeun sareng Dr. Alwi Shihab, salah saurang anggota MWA UI, anu
> >>kaleresan nyangking dubes RI keliling Timur Tengah. Pak ALwi Shibah sapuk
> >>raja Arab dipasihan Dr. HC.
> >>
> >>
> >>Rencana gelar Dr. HC bade dipasihkeun ka Raja waktos raja bade masemon
> >>(kunjungan kanagaraan) ka Indonesia, tapi teu janten margi Raja teu damang.
> >>Dua kali Raja teu janten ngayakeun kunjungan kanagaraan ka Indonesia.
> >>Ahirna Ketua tim pemberian gelar Dr. HC UI, Prof.Dr. Ichramsyah, SpOG sasih
> >>mei ngadeuheus ka Raja Arab, ngabadantenkeun gelar Dr. HC ieu. Raja Satuju
> >>nampi gelar eta, 10 dinten sateuacan lebaran Idul Fitri. Sasih JuniÂ
> >>geletuk aya kasus hukuman Qishas Ruyati, bingung oge urang UI. Naha bade
> >>dibatalkeun atawa diteraskeun masihan gelar ka Raja Arab. Ari saran Dr.
> >>Alwi Shihab mah, gelar doktor kedah tetep dilaksanakeun, leuwih bahaya
> >>akibatna upama heunteu dilaksanakeun.
> >>
> >>
> >>
> >>Masih saur Alwi Shihab dina acara Metro TV senin sonten kamari (05/09),
> >>proses hukuman pancung di Arab teu tiasa diintervensi ku raja margi aya
> >>lembaga husus anu ngalaksanakeun eta hukuman anu gaduh otonomi, kajaba
> >>upami aya pangampunan ti kulawarga korban. Kumargi kitu Raja Arab nyalira
> >>nadamel hiji lembaga kanggo ngusahakeun ngaringankeun para terkukumÂ
> >>qishas, malihan mah Raja ngadanaan sacara pribadi kanggo mayar denda (diat)
> >>upami pihak kulawarga korban nyuhunkeun bayaran denda. Sistem sareng proses
> >>siga kieu anu teu sadaya urang Indonesia uninga. (tingali oge kiprah raja
> >>Abdullah dina laporan National geographic/NG anu ditayangkeun metro tv dina
> >>dinten terakhir puasa, kuring teu kantos ningali, tapi saur batur kuring
> >>mah, NG ngalaporkeun sacara obyektif & positif). Ping 14 September ieu,
> >>saur Thamrin Amal Tomagola, salah sawios motor anu kontra kana Dr. HC ieu,
> >>rektor UI bade disaur ku MWA UI, piwarang ngadadarkeun perkara Dr.HC ieu.
> >>Para
> anggota MWA engke nangtoskeun, naha tindakan Rektor UI teh "menyimpang"
> atanapi heunteu. Upami menyimpang, Rektor UI tiasa "digulingkeun" sakumaha
> anu dipikahoyong ku Thamrin Amal Tomagola.
> >>
> >>
> >>
> >>Ari katerangan Rektor dina konsferensi pers senen siang (05/09), aya
> >>laporan ti Atase Pendidikan RI di Arab Saudi, persepsi masyarakat Arab ka
> >>urang Indonesia karaos jadi robah sacara drastis. Urang Arab teu percanten
> >>aya hiji paguron di Indonesia anu peringkatna langkung luhur ti paguronÂ
> >>anu aya di Nagri Arab ngaleler doktor Raja Arab. Hal ieu teh tiasa
> >>katingali dina pemberitaan di media arab. Reaksi siga kieu heunteu
> >>dipikaterang ku media di Indonesia sareng heunteu jadi bahan pamikiran ku
> >>para kalangan anu ngritik ka UI. Masih aya 12 urang Indonesia anu ngantosan
> >>putusan hukuman Qishas. Rektor UI ngaraos yakin ku ayana masihan Dr. HC ka
> >>Raja Arab, 12 urang Indonesia Insya Allah tiasa diringankeun hukumanana.
> >>Tapi Prof.Dr. Maswadi Rauf, salah sawios anggota tim penganugerahan Dr. HC,
> >>mangpaurkeun ku ayana "gonjang ganjing" Dr.HC ieu, Raja Arab "ngadawuh"
> >>masihkeun deui gelar Dr. HC ka UI. Upama hal ieu kajantenan, hubungan dua
> >>nagara tiasa
> 'ancur'. Sigana kajantenan ieu anu dipikahoyong ku anu kontra Dr.HC.
> >>
> >>
> >>baktos,
> >>
> >>
> >>mrachmatrawyani
> >>
> >>
> >>
> >>
> >>________________________________
> >>
> >__
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> paciringan.wordpress.com
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/