Anging Allah anu Maha uninga saleresna sagala kajantenan. Manusa mah mung sakadar nyangka-nyangka, hiji kajadian tiasa ditafsirkeun benten-benten, gumantung kana pribadi masing-masing, atanapi untung rugina pikeun diri pribadi. Sapertos naon anu didugikeun ku pa Thamrin Amal tomagola dina acara metro TV. Kumargi anjeunna nuju teu sapaham sareng Rektor UI , nya ditafsirkeun nyogok. Ari Saur pa Alwi Shihab anu kantos janten menlu RI, hiji hal anu wajar, sanes sogokan.
mrachmatrawyani ________________________________ From: Dudi Herlianto <[email protected]> To: [email protected] Sent: Monday, September 12, 2011 2:54 AM Subject: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Bener kitu? hehe, naha nu katingal ku abdi mah, santos maca seratan mang yani, gelar honoris causa teh bet jiga upeti bin sogok nya? ah mudah-mudahan we abdi lepat... 2011/9/6 Ki Hasan <[email protected]> > >Nuhun Kang Yani infona. Jadi rada imbang yeuh wartana > > > >2011/9/6 MRachmat Rawyani <[email protected]> > > >> >>Taun 2008, aya nu ngusulkeun supados Raja Arab dileler doktor honoris causa >>(Dr.HC) kana jasana anu luar biasa. (mangga tingali di Kompas Terbitan >>November 2008, tokoh Raja Abdullah). Kaleresan tahun 2007 UI nuju ngarehab >>masigit ARH di Kampus Salemba, kenging dana 13 Milyar ti karajaan Arab. Tim >>penasihat Rektor UI anu ngahususkeun dina perkara masihan gelar doktor >>honoris causa ngadamel hiji tim (peergroups) kanggo nalungtik sagala hal >>naon-naon anu tos dilaksanakeun ku Raja Abdullah. Aya 4 opatan anggota tim >>eta, dua diantawisna non-muslim. Hasil penelaahan eta teras dikonsultasikeun >>sareng Dr. Alwi Shihab, salah saurang anggota MWA UI, anu kaleresan nyangking >>dubes RI keliling Timur Tengah. Pak ALwi Shibah sapuk raja Arab dipasihan Dr. >>HC. >> >> >>Rencana gelar Dr. HC bade dipasihkeun ka Raja waktos raja bade masemon >>(kunjungan kanagaraan) ka Indonesia, tapi teu janten margi Raja teu damang. >>Dua kali Raja teu janten ngayakeun kunjungan kanagaraan ka Indonesia. Ahirna >>Ketua tim pemberian gelar Dr. HC UI, Prof.Dr. Ichramsyah, SpOG sasih mei >>ngadeuheus ka Raja Arab, ngabadantenkeun gelar Dr. HC ieu. Raja Satuju nampi >>gelar eta, 10 dinten sateuacan lebaran Idul Fitri. Sasih Juni geletuk aya >>kasus hukuman Qishas Ruyati, bingung oge urang UI. Naha bade dibatalkeun >>atawa diteraskeun masihan gelar ka Raja Arab. Ari saran Dr. Alwi Shihab mah, >>gelar doktor kedah tetep dilaksanakeun, leuwih bahaya akibatna upama heunteu >>dilaksanakeun. >> >> >> >>Masih saur Alwi Shihab dina acara Metro TV senin sonten kamari (05/09), >>proses hukuman pancung di Arab teu tiasa diintervensi ku raja margi aya >>lembaga husus anu ngalaksanakeun eta hukuman anu gaduh otonomi, kajaba upami >>aya pangampunan ti kulawarga korban. Kumargi kitu Raja Arab nyalira nadamel >>hiji lembaga kanggo ngusahakeun ngaringankeun para terkukum qishas, malihan >>mah Raja ngadanaan sacara pribadi kanggo mayar denda (diat) upami pihak >>kulawarga korban nyuhunkeun bayaran denda. Sistem sareng proses siga kieu anu >>teu sadaya urang Indonesia uninga. (tingali oge kiprah raja Abdullah dina >>laporan National geographic/NG anu ditayangkeun metro tv dina dinten terakhir >>puasa, kuring teu kantos ningali, tapi saur batur kuring mah, NG ngalaporkeun >>sacara obyektif & positif). Ping 14 September ieu, saur Thamrin Amal >>Tomagola, salah sawios motor anu kontra kana Dr. HC ieu, rektor UI bade >>disaur ku MWA UI, piwarang ngadadarkeun perkara Dr.HC ieu. Para anggota MWA engke nangtoskeun, naha tindakan Rektor UI teh "menyimpang" atanapi heunteu. Upami menyimpang, Rektor UI tiasa "digulingkeun" sakumaha anu dipikahoyong ku Thamrin Amal Tomagola. >> >> >> >>Ari katerangan Rektor dina konsferensi pers senen siang (05/09), aya laporan >>ti Atase Pendidikan RI di Arab Saudi, persepsi masyarakat Arab ka urang >>Indonesia karaos jadi robah sacara drastis. Urang Arab teu percanten aya hiji >>paguron di Indonesia anu peringkatna langkung luhur ti paguron anu aya di >>Nagri Arab ngaleler doktor Raja Arab. Hal ieu teh tiasa katingali dina >>pemberitaan di media arab. Reaksi siga kieu heunteu dipikaterang ku media di >>Indonesia sareng heunteu jadi bahan pamikiran ku para kalangan anu ngritik ka >>UI. Masih aya 12 urang Indonesia anu ngantosan putusan hukuman Qishas. Rektor >>UI ngaraos yakin ku ayana masihan Dr. HC ka Raja Arab, 12 urang Indonesia >>Insya Allah tiasa diringankeun hukumanana. Tapi Prof.Dr. Maswadi Rauf, salah >>sawios anggota tim penganugerahan Dr. HC, mangpaurkeun ku ayana "gonjang >>ganjing" Dr.HC ieu, Raja Arab "ngadawuh" masihkeun deui gelar Dr. HC ka UI. >>Upama hal ieu kajantenan, hubungan dua nagara tiasa 'ancur'. Sigana kajantenan ieu anu dipikahoyong ku anu kontra Dr.HC. >> >> >>baktos, >> >> >>mrachmatrawyani >> >> >> >> >>________________________________ >> >__ -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
