Numutkeun sim kuring mah kasus ieu mirip ributna komentator mengbal sanggeus 
pertandingan rengse. Geus teu proporsional deui. Ngerakeun sasama gurubesar UI 
ribut diluar kampus. Kamarana komentator basa proses keur jalan? Lah kuring mah 
curiga we eta gurubesar2 nu kontra  keki ka rektor urang sunda nu egaliter. 
Kuduna memeh 2015 rektor ITB jeung IPB ku  urang sunda lah.
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: MRachmat Rawyani <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Tue, 6 Sep 2011 03:25:27 
To: [email protected]<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Bener kitu?

Bantuan kanggo renovasi masigit mah mung salah sahiji faktor wae, anu 
nunjukkeun raja Arab aya perhatian kana masalah kamaslahatan umat di luar nagri 
arab. Cobi geura tingali seratan kompas perkawis raja Arab ieu dina terbitan 
sasih november 2008. Dina seratan eta netelakeun ketak  raja abdullah. Pami anu 
tos angkat haji,mangga diilo kumaha kamajengan Mekkah sareng Madinah dina 
palaksanaan Ibadah haji. Kuring kenging wartos ti pembimbing ibadah haji, 
kaayaan Mekah sareng Madinah sabada dirajaan ku Raja Abdullah, kawilang anu 
paling nyongcolang dibandingkeun waktos dirajaan kunu raja sanes. Nya kitu oge 
dina perkara Palestina, Nagri Arab ngadukung Palestina Merdeka, sok sanajan 
masih tiasa 'dipangaruhan' ku Amerika Serikat.

Anu pangenggalna, Raja Abdullah nyaluyuan sareng ngadukung ngadegna hiji 
paguron luhur di Arab, dimana para mahasiswana pacampur pameget sareng istri. 
Teu kantos aya dina pipikiran Raja Arab sateuacanna nyampurkeun pameget sareng 
istri dina perkara tolab ilmi. Bandingkeun oge sareng kaayaan ayeuna dimana 
upami urang shalat di masigit Nabawi, masih sok dipisah tempat pameget sareng 
istri. Ieu teh salah sahiji kawijakan revolusioner anu tiasa mangaruhan kana 
widang sanesna. Tong dibandingkeun sareng kaayaan di nagri sanes, dimana 
pameget sareng istri tos ilahar tiasa pacampur. atanapi ngabandingkeun mangpaat 
nyata pikeun rahayat Indonesia sacara umum. Tapi bandingkeun diantara para 
TKI/TKW anu damel di Arab sabaraha urang anu hirupna katalangsara sareng 
sabaraha urang janten hirup sejahtera. Jantenmemang nagri Arab aya doktor 
honoris causa atanapai teu aya doktor honoris causa, aya hukum qishas atanapi 
heunteu, tetep janten  pilihan favorit pikeun para
 TKI/TKW. naon margina? Nyaeta daya tarik tiasa ibadah di Masjidil Haram. 
Kuring kantos ngobrol sareng cleaning service urang Sukabumi, anu tugasna di 
tempat panampungan cai jam-jam di jajalaneun Shofa-Marwa. Gajih sasasihna 
kirang ti 500 rebu rupiah, tapi ngaraos sugema, margi unggal dinten tiasa 
shalat payuneun Ka'bah. 

Janten sacara menyeluruh sagala kawijakan Raja Arab janten hiji penilaian 
pikeun dileler gelar Dr.HC.Kadang-kadang memang aspek penilaian  akademik sok 
teu pati nyambung sareng kahirupan nyata anu serba instan, pro rahayat. Tapi 
diharepkeun ku ayana Dr.HC ieu tiada jadi "penyadaran" pikeun rahayat Arab oge 
rajana aya hubungan silaturahim sacara batiniah, anu engkena janten aya 
kanyaah. Ku cara kieu, mudah-mudahan bangsa arab anu kasar, barangasan teh 
tiasa leah manahna. Urang antosan wae kumaha perkembangan salajengna.

baktos,

mrachmatrawyani



________________________________
From: Sp Saprudin <[email protected]>
To: "[email protected]" <[email protected]>
Sent: Monday, September 5, 2011 8:14 PM
Subject: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Bener kitu?


  
Pa, rada bingung kuring yeuh. UI masihan gelar DR HC ka Raja Arab. Naha aya 
jasa timbal balik kulantaran raja Arab masihan acis 13 milyar kanggo ngarehab 
masigit ARH di Kampus Salemba atanapi aya muatan politis pedah loba pisan TKW 
anu bermasalah di Aab Saudi? Dua-duana meureun nyah? Ceuk pikiran bodo kuring 
mah, naon kontribusina raja Arab kumna ka bangsa Indonesia. Mun teamah aya laku 
lampah raja Arab anu karasa ku rahayat Indonesia, hususna tina pemberdayaan 
masyarakat kurang mampu atawa pemberdayaan masyarakat tani Indonesia (aya 
prestasi anu karasa ku bangsa Indonesia kumna), pastina Paguron Luhur Indonesia 
kudu mikiran kana kiprahna raja Arab ka bangsa Indonesia. Janten gelar DR HC 
henteu jadi masalah. Upami kitumah Moamar Kadafy oge kudu dibere gelar DR HC, 
da anjeuna oge masihan acis kanggo ngawangun masjid, pan aya Masjid MOAMAR 
KHADAFY, duitna ti maneha.
Masalah politis TKW anu jadi masalah? Saur Pak Ali Sihab raja henteu tiasa 
mengintervensi sabab aya lembaga anu indevenden, kumaha ieu Pa ?

Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Dikirim: Selasa, 6 September 2011 9:01
Judul: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Bener kitu?


  
Nuhun Kang Yani infona. Jadi rada imbang yeuh wartana


2011/9/6 MRachmat Rawyani <[email protected]>

 
>  
>Taun 2008, aya nu ngusulkeun supados Raja Arab dileler doktor honoris causa 
>(Dr.HC) kana jasana anu luar biasa. (mangga tingali di Kompas Terbitan 
>November 2008, tokoh Raja Abdullah). Kaleresan tahun 2007 UI nuju ngarehab 
>masigit ARH di Kampus Salemba, kenging dana 13 Milyar ti karajaan Arab. Tim 
>penasihat Rektor UI anu ngahususkeun dina perkara masihan gelar doktor honoris 
>causa ngadamel hiji tim (peergroups) kanggo nalungtik sagala hal naon-naon anu 
>tos dilaksanakeun ku Raja Abdullah. Aya 4 opatan anggota tim eta, dua 
>diantawisna non-muslim. Hasil penelaahan eta teras dikonsultasikeun sareng Dr. 
>Alwi Shihab, salah saurang anggota MWA UI, anu kaleresan nyangking dubes RI 
>keliling Timur Tengah. Pak ALwi Shibah sapuk raja Arab dipasihan Dr. HC.
>
>
>Rencana gelar Dr. HC bade dipasihkeun ka Raja waktos raja bade masemon 
>(kunjungan kanagaraan) ka Indonesia, tapi teu janten margi Raja teu damang. 
>Dua kali Raja teu janten ngayakeun kunjungan kanagaraan ka Indonesia. Ahirna 
>Ketua tim pemberian gelar Dr. HC UI, Prof.Dr. Ichramsyah, SpOG sasih mei 
>ngadeuheus ka Raja Arab, ngabadantenkeun gelar Dr. HC ieu. Raja Satuju nampi 
>gelar eta, 10 dinten sateuacan lebaran Idul Fitri.  Sasih Juni  geletuk aya 
>kasus hukuman Qishas Ruyati, bingung oge urang UI. Naha bade dibatalkeun atawa 
>diteraskeun masihan gelar ka Raja Arab. Ari saran Dr. Alwi Shihab mah, gelar 
>doktor kedah tetep dilaksanakeun, leuwih bahaya akibatna upama heunteu 
>dilaksanakeun.
>
>
>
>Masih saur Alwi Shihab dina acara Metro TV senin sonten kamari (05/09), proses 
>hukuman pancung di Arab teu tiasa diintervensi ku raja margi aya lembaga husus 
>anu ngalaksanakeun eta hukuman anu gaduh otonomi, kajaba upami aya pangampunan 
>ti kulawarga korban. Kumargi kitu Raja Arab nyalira nadamel hiji lembaga 
>kanggo ngusahakeun ngaringankeun para terkukum  qishas, malihan mah Raja 
>ngadanaan sacara pribadi kanggo mayar denda (diat) upami pihak kulawarga 
>korban nyuhunkeun bayaran denda. Sistem sareng proses siga kieu anu teu sadaya 
>urang Indonesia uninga. (tingali oge kiprah raja Abdullah dina laporan 
>National geographic/NG anu ditayangkeun metro tv dina dinten terakhir puasa, 
>kuring teu kantos ningali, tapi saur batur kuring mah, NG ngalaporkeun sacara 
>obyektif & positif). Ping 14 September ieu, saur Thamrin Amal Tomagola, salah 
>sawios motor anu kontra kana Dr. HC ieu, rektor UI bade disaur ku MWA UI, 
>piwarang ngadadarkeun perkara Dr.HC ieu. Para anggota
 MWA engke nangtoskeun, naha tindakan Rektor UI teh "menyimpang" atanapi 
heunteu. Upami menyimpang, Rektor UI tiasa "digulingkeun" sakumaha anu 
dipikahoyong ku Thamrin Amal Tomagola.
>
>
>
>Ari katerangan Rektor dina konsferensi pers senen siang (05/09), aya laporan 
>ti Atase Pendidikan RI di Arab Saudi, persepsi masyarakat Arab ka urang 
>Indonesia karaos jadi robah sacara drastis. Urang Arab teu percanten aya hiji 
>paguron di Indonesia  anu peringkatna langkung luhur ti paguron  anu aya di 
>Nagri Arab  ngaleler doktor Raja Arab. Hal ieu teh tiasa katingali dina 
>pemberitaan di media arab. Reaksi siga kieu heunteu dipikaterang ku media di 
>Indonesia sareng heunteu jadi bahan pamikiran ku para kalangan anu ngritik ka 
>UI. Masih aya 12 urang Indonesia anu ngantosan putusan hukuman Qishas. Rektor 
>UI ngaraos yakin ku ayana masihan Dr. HC ka Raja Arab, 12 urang Indonesia 
>Insya Allah tiasa  diringankeun hukumanana. Tapi Prof.Dr. Maswadi Rauf, salah 
>sawios anggota tim penganugerahan Dr. HC, mangpaurkeun ku ayana "gonjang 
>ganjing" Dr.HC ieu, Raja Arab "ngadawuh" masihkeun deui gelar Dr. HC ka UI. 
>Upama hal ieu kajantenan, hubungan dua nagara tiasa
 'ancur'. Sigana kajantenan ieu anu dipikahoyong ku anu kontra Dr.HC.
>
>
>baktos,
>
>
>mrachmatrawyani
>
>
>
>From: Kumincir Wikidisastra <[email protected]>
>To: [email protected]
>Sent: Sunday, September 4, 2011 11:50 PM 
>
>Subject: Re: [Urang Sunda] Bener kitu?
>
>
>  
>nu perlu disaliksik, saha nu boga alpukah pikeun mere gelar DHC? Da sakaterang 
>mah aya prosesna, rektor mah ukur ngalaksanakeun mandat wungkul. iwal mun 
>alpukahna ti GRS, pek bae rek dicehcer oge...
>
>
>2011/9/3 mang jamal 
>Mangga ka urang UI, kang rachmat rawyani sigana tiasa masihan press release 
>kanggo kusnet
>
>
>



 

Kirim email ke