hehe, naha nu katingal ku abdi mah, santos maca seratan mang yani, gelar honoris causa teh bet jiga upeti bin sogok nya?
ah mudah-mudahan we abdi lepat... 2011/9/6 Ki Hasan <[email protected]> > ** > > > Nuhun Kang Yani infona. Jadi rada imbang yeuh wartana > > > 2011/9/6 MRachmat Rawyani <[email protected]> > >> ** >> >> >> Taun 2008, aya nu ngusulkeun supados Raja Arab dileler doktor honoris >> causa (Dr.HC) kana jasana anu luar biasa. (mangga tingali di Kompas Terbitan >> November 2008, tokoh Raja Abdullah). Kaleresan tahun 2007 UI nuju ngarehab >> masigit ARH di Kampus Salemba, kenging dana 13 Milyar ti karajaan Arab. Tim >> penasihat Rektor UI anu ngahususkeun dina perkara masihan gelar doktor >> honoris causa ngadamel hiji tim (peergroups) kanggo nalungtik sagala hal >> naon-naon anu tos dilaksanakeun ku Raja Abdullah. Aya 4 opatan anggota tim >> eta, dua diantawisna non-muslim. Hasil penelaahan eta teras dikonsultasikeun >> sareng Dr. Alwi Shihab, salah saurang anggota MWA UI, anu kaleresan >> nyangking dubes RI keliling Timur Tengah. Pak ALwi Shibah sapuk raja Arab >> dipasihan Dr. HC. >> >> Rencana gelar Dr. HC bade dipasihkeun ka Raja waktos raja bade masemon >> (kunjungan kanagaraan) ka Indonesia, tapi teu janten margi Raja teu damang. >> Dua kali Raja teu janten ngayakeun kunjungan kanagaraan ka Indonesia. Ahirna >> Ketua tim pemberian gelar Dr. HC UI, Prof.Dr. Ichramsyah, SpOG sasih mei >> ngadeuheus ka Raja Arab, ngabadantenkeun gelar Dr. HC ieu. Raja Satuju nampi >> gelar eta, 10 dinten sateuacan lebaran Idul Fitri. Sasih Juni geletuk aya >> kasus hukuman Qishas Ruyati, bingung oge urang UI. Naha bade dibatalkeun >> atawa diteraskeun masihan gelar ka Raja Arab. Ari saran Dr. Alwi Shihab mah, >> gelar doktor kedah tetep dilaksanakeun, leuwih bahaya akibatna upama heunteu >> dilaksanakeun. >> >> Masih saur Alwi Shihab dina acara Metro TV senin sonten kamari (05/09), >> proses hukuman pancung di Arab teu tiasa diintervensi ku raja margi aya >> lembaga husus anu ngalaksanakeun eta hukuman anu gaduh otonomi, kajaba upami >> aya pangampunan ti kulawarga korban. Kumargi kitu Raja Arab nyalira nadamel >> hiji lembaga kanggo ngusahakeun ngaringankeun para terkukum qishas, malihan >> mah Raja ngadanaan sacara pribadi kanggo mayar denda (diat) upami pihak >> kulawarga korban nyuhunkeun bayaran denda. Sistem sareng proses siga kieu >> anu teu sadaya urang Indonesia uninga. (tingali oge kiprah raja Abdullah >> dina laporan National geographic/NG anu ditayangkeun metro tv dina dinten >> terakhir puasa, kuring teu kantos ningali, tapi saur batur kuring mah, NG >> ngalaporkeun sacara obyektif & positif). Ping 14 September ieu, saur Thamrin >> Amal Tomagola, salah sawios motor anu kontra kana Dr. HC ieu, rektor UI bade >> disaur ku MWA UI, piwarang ngadadarkeun perkara Dr.HC ieu. Para anggota MWA >> engke nangtoskeun, naha tindakan Rektor UI teh "menyimpang" atanapi heunteu. >> Upami menyimpang, Rektor UI tiasa "digulingkeun" sakumaha anu dipikahoyong >> ku Thamrin Amal Tomagola. >> >> Ari katerangan Rektor dina konsferensi pers senen siang (05/09), aya >> laporan ti Atase Pendidikan RI di Arab Saudi, persepsi masyarakat Arab ka >> urang Indonesia karaos jadi robah sacara drastis. Urang Arab teu percanten >> aya hiji paguron di Indonesia anu peringkatna langkung luhur ti paguron >> anu aya di Nagri Arab ngaleler doktor Raja Arab. Hal ieu teh tiasa >> katingali dina pemberitaan di media arab. Reaksi siga kieu heunteu >> dipikaterang ku media di Indonesia sareng heunteu jadi bahan pamikiran ku >> para kalangan anu ngritik ka UI. Masih aya 12 urang Indonesia anu ngantosan >> putusan hukuman Qishas. Rektor UI ngaraos yakin ku ayana masihan Dr. HC ka >> Raja Arab, 12 urang Indonesia Insya Allah tiasa diringankeun hukumanana. >> Tapi Prof.Dr. Maswadi Rauf, salah sawios anggota tim penganugerahan Dr. HC, >> mangpaurkeun ku ayana "gonjang ganjing" Dr.HC ieu, Raja Arab "ngadawuh" >> masihkeun deui gelar Dr. HC ka UI. Upama hal ieu kajantenan, hubungan dua >> nagara tiasa 'ancur'. Sigana kajantenan ieu anu dipikahoyong ku anu kontra >> Dr.HC. >> >> baktos, >> >> mrachmatrawyani >> >> ------------------------------ >> > __ > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
