Bah Oca..asa balik deui ka ngora nya. Padungdengan dina soal asal usul...anu 
brasna kana ka Gustian. Enya pisan kitu, TEU WASA ngomong saenyana mah he..he. 
Enya ceuk urang Kanekes mah lain teu aya tapi teu bisa disebut. Naha kasebutna 
siga angka "NOL (0)" bisa ditsebut tapi euweuh barangna?. Tah dina seratan Alo 
Febi sababarah waktos ti payun hal anu nyered kana hal ieu (mudah-mudahan sim 
kuring teu salah nyutat), saurna: 

"Di dunya urang salaku jelema anu boga konsep kognitif anu cerdas terus nyieun 
konsep. Misalna konsep cai (sunda), air (indonesia), water (inggris), wasser 
(jerman). Pan hakekatna mah eta teh iketan atom-atom anu ngabentuk naon anu 
diaranan cai. Lamun cai disebut seuneu sok dianggap salah. Tapi pan eta ngan 
saukur konsep jijieunan, jadi lamun sim kuring hayang nyebut cai teh ku ngaran 
seuneu lain salah sacara hakekat da maksud sim kuring mah seuneu teh cai tea 
(versi sim kuring anu bedegong); ngan nya jadi salah ku konseptual anu geus 
jadi konvensi di urang yen eta teh ngarana cai. Tah sabenerna 'laa ilaha 
illallah' teh bisa diteuleuman jero pisan lamun uran lesot heula tina koseptual 
anu dijieun ku jelema. Kosongkeun diri urang tina sagala konseptual, kulantaran 
sang maha tunggal mah diluar sagala konseptual. Jadi 'laa illah' heula.... 
kakara bakal aya Allah (illallah)..."


Upami ditengetan kalimat terakhir sabage kasimpulan (huruf bulao), naha eta 
sanes ngandung hartos yen kapendakna Gusti teh kudu nyorang kosong (laa illah) 
heula?. Naha kecap "laa illah" teh teu sami sareng "Atheis". Atuh upami kitu 
leres sakumna anu tos ngaraos "ma'rifat", tauhid ka Gusti kudu nyorang heula 
"Atheis" nya, kajabi urang Kanekes.....tos apal ti barang gubrag tapi TEU WASA 
MERE ARAN....he...he..

________________________________
 From: Roza R. Mintaredja <[email protected]>
To: [email protected] 
Sent: Saturday, July 27, 2013 10:13 AM
Subject: [kisunda] Re: Monotheisme jeung Tauhid ...asal usul sajarah manusa
 


  
Sampurasuuun...Hampura Ingsun..Excuse Me. _/I\_..._/I\_..._/I\_.

Wah, kuring  kataji ku guaran kg Febi anu tos nalek ka Gustian via sabaraha 
sudut pandang. 
Hal ka Gustian ieu tos disinggung ku kuring diguar samemehna yen moal beak2, 
sapanjang manusa boga kayakinan masing2 (leuheung mun jadi  alakur deuih... 
heu).  
Aya gereget 'comment' ti kg Febi dina perkara ngaguar kamandang Gusti nu 
disaruakeun ilusina jeung adat sipat kalakuan manusa di alam dunya. Nya 
,tungtungna ka'kurung' we sipat jeung eksistensiNa. 
Sabenerna aya  kamandang hiji deui anu katempona can kaguar ku kg Febi, nyeta 
kayakinan dina mere aran ka Gusti ti urg Kanekes/Rawayan, nyeta TEU WASA MERE 
ARAN. 
Kamandang ieu ternyata sanada jeung bangsa2 sejenna di Nusantara (sacara 
hakikina). 
Sawadina we , cukup di sebut "Nu Ngersa Keun".  
Hartina teu bisa disaruakeun jeung nu aya di alam ciciptaanna, sok sanajan make 
kecap awal  Maha oge. 
Saderhana tapi Jero. Kumaha Ka Palay Na we, tanpa embel2 sejen. Titik.
Jadi geus hanteu ngawincik guaran ka Tunggalan jeung komo mere gelar2na deui. 
Teu ngamasalahkeun 'manajemen' ka Gustian jeung sistim staffing-asistenNa 
sagala. 
Teu ngamasalahkeun poe peradilan jeung rea2 deui anu aya dina alam pikiran 
jeung pawenangan manusa. 
Naha ieu ka asup Paganis, Primitip, Tribalism, Animis, Dinamis? 
Tapi eces tembres, jentre kalayan teges yen urg Kanekes/Rawayan...lain Atheis ! 
  Cag.

Rampes-Rampa Salira!
hn*R3M

 

Kirim email ke