Sampurasuuun...Hampura Ingsun..Excuse Me. _/I\_..._/I\_..._/I\_. Wah, kuring kataji ku guaran kg Febi anu tos nalek ka Gustian via sabaraha sudut pandang. Hal ka Gustian ieu tos disinggung ku kuring diguar samemehna yen moal beak2, sapanjang manusa boga kayakinan masing2 (leuheung mun jadi alakur deuih... heu). Aya gereget 'comment' ti kg Febi dina perkara ngaguar kamandang Gusti nu disaruakeun ilusina jeung adat sipat kalakuan manusa di alam dunya. Nya ,tungtungna ka'kurung' we sipat jeung eksistensiNa. Sabenerna aya kamandang hiji deui anu katempona can kaguar ku kg Febi, nyeta kayakinan dina mere aran ka Gusti ti urg Kanekes/Rawayan, nyeta TEU WASA MERE ARAN. Kamandang ieu ternyata sanada jeung bangsa2 sejenna di Nusantara (sacara hakikina). Sawadina we , cukup di sebut "Nu Ngersa Keun". Hartina teu bisa disaruakeun jeung nu aya di alam ciciptaanna, sok sanajan make kecap awal Maha oge. Saderhana tapi Jero. Kumaha Ka Palay Na we, tanpa embel2 sejen. Titik. Jadi geus hanteu ngawincik guaran ka Tunggalan jeung komo mere gelar2na deui. Teu ngamasalahkeun 'manajemen' ka Gustian jeung sistim staffing-asistenNa sagala. Teu ngamasalahkeun poe peradilan jeung rea2 deui anu aya dina alam pikiran jeung pawenangan manusa. Naha ieu ka asup Paganis, Primitip, Tribalism, Animis, Dinamis? Tapi eces tembres, jentre kalayan teges yen urg Kanekes/Rawayan...lain Atheis ! Cag.
Rampes-Rampa Salira! hn*R3M
