Bah Oca, leres sono kajaman kapungkur sawala di
Wisma UNPAD. Angka 0 (nol) sareng 1 (hiji) dina matematika kapan tos janten
bahasa komputer, namina teh “BIT” (binary digit) upami ngadamel program
(parentah kana mesin) nganggo simbul “0=pareum” (off) sareng “1=caang”(on). Ieu
simbul oge dianggo dasar kanggo ngarekonstruksi DNA anu kasohor ku ahli biologi
ti Jepang tea. 
 
Tah jaman baheula mah karuhun urang  mayunan perkara anu “irrasional” kalayan 
paradoks
kitu teh  tiasa diebrehkeun dina ranggeuyan
basa anu kacida santun sareng bijakna contona kaserat dina anekdot karya 
bujangga
Sunda asal Cikajang Garut R.H.H.Mustopa:
 
        1. Euweuh-euweuh daek mere, aya-aya tara  sok.
        2. Allah Ta’ala mah sumawonna di ayakeun, dieuweuhkeun oge salah.
        3. Sumur kaliputan situ.
        4. Gusti nu saenyana mah tara kapanggih, teu kaur panggih  kaburu 
dikawulakeun, tara pisah sawajah pada silih wajahkeun.
        5. Ayana Allah teh kudu disampeurkeun ku euweuh.
        6. Leuleupeutan leuleumeungan, ayakan dikaparakeun. Deudeukeutan 
reureujeungan, nu aya disapirakeun.
        7. Sing katimu  tapak sireum dina batu, tapak meri dina leuwi, tapak 
soang di awang-awang.
 
Kritikan anjeunna ka para ulama anu sok “nyombong”
asa geus pangcaketna ka “Gusti Allah” dina “kama’rifatan”, didugikeun ku
ranggeuyan basa dina wanda pupuh (dangdingan). Tara siga urang langsung “debat”
bari pakeukeuh keukeuh ngadu dalil sareng tafsir.
 
Cobi geura titenan basa Sunda anu lemes tur
endah komo upami dihariringkeun, karaosna keur sim kuring mah nikmat tur
khidmat pisan.
 
1.        Hayang limus ngajul kadu,
ragrag lain nu dipamrih,
kadu ragrag di usumna,
teu kungsi diajul deui,
urut hayang dipihayang,
urut pamrih bet dipamrih.
 
2.        Syuhud maksud kanu suwung,
ari timu lain bukti,
geus cacap manggih nu enya,
tapi ati geus tibalik,
puasa kabeurendangan,
buka lain waktu maghrib.
 
3.        Atuh lesu malik syuhud,
salatri kaburu manggih,
nyiram kababawa babar,
geus babar lain kabeuki,
hahaseuman laladaan,
bosen ku kersaning ati.
 
4.        Jati dimaksud ngan imut,
jati dipambrih ngan
seuri,
haleuang ngomong
sorangan,
marukan aing teu suni,
ngayang di ka-Muhammadan,
rep sirep di Maha Suci.
 
5.        Suci laut tujuh tuhu,
tuhuning sileman budi,
budi daya tanpa beda,
ciriwanci leuwih suni,
suni sari suni rasa,
suci mukti teu kaciri.
 
Mangga lajengkeun
ngahaleuang......


________________________________
 From: mang kaby <[email protected]>
To: Kisunda <[email protected]>; UrangSunda <[email protected]>; 
Baraya_Sunda <[email protected]> 
Sent: Sunday, July 28, 2013 3:59 AM
Subject: [kisunda] Re: Monotheisme jeung Tauhid ...asal usul sajarah manusa
 


  
Wooow hade Mang Ocha :). Sok atuh pedaran deui euy... Alusna dijieun series... 
Ti 1 nepika saberesna... Leuwih hade deui dijadikeun buku :).

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com
________________________________

From:  "Roza R. Mintaredja" <[email protected]> 
Sender:  [email protected] 
Date: Sat, 27 Jul 2013 23:02:12 +0700
To: <[email protected]>
ReplyTo:  [email protected] 
Subject: [kisunda] Re: Monotheisme jeung Tauhid ...asal usul sajarah manusa
  
Emh, Abah Sepuh Padepokan Sirna di Rasa. Sonona kabina-bina upami emut ka 
'kamari' teh. Barayasadaya. Leres pisan asa keur 'ngora' ngaguar nu karieu teh. 
Heu. Upama di ibaratkeun lir angka '0', mangrupa wilangan 'euweuh' tapi 'aya'. 
Aya di euweuh na , Euweuh di aya na, kitu rupina. Eta angka '0' teh ka asup 
angka matematis. Lamun calikna dihareup,teu aya nilaina. (paling ge 0,...). 
lamun si '0' ditukangeun angka sejen bisa gogorolongan nilaina. Tapi lamun si 
angka 1 dk 9 dibagi ku 0 ? Beuh , geuning jadi TANPA WATES WANGENAN, infinity , 
tak hingga tea. Eta geuning teori relatifitas teh. Kumaha atuh rek 
ngagambarkeun anu 'miboga' angka eta? heu.
nhn*R3M

 

Kirim email ke