tah eta cocog....lalaguan Sunda sok lah kintunkeun....
________________________________ Dari: H. Abdurrohman M.Sastra <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Minggu, 28 Juli 2013 13:53 Judul: Re: [kisunda] Re: ; Monotheisme jeung Tauhid ...asal usul sajarah manusa Upami kedah ngaguar sastra Sunda dina milist mah teu sanggem margi sanes guru Mursid dina widang basa Sastra Sunda komo ieu mah pakait sareng agama (tasauf). Resep soteh ngupingkeun upami eta pupuh dihariringkeun ku wanda Cianjuran nganggo waditra kacapi suling. Upami di lembur mah kapungkur sateu acan aya radio sareng tv, hiburan wengi sok nanggap beluk (sapertos mojopat) aya oge wanda Cigawiran. Ari bahan caritana tina buku wawacan Sunda anu didangding nganggo wanda "pupuh" tea. Anu sering dibaca jaman sim kuring keur budak mah diantawisna buku Muslimit Muslimat, Sajarah Anbiyaa, dongeng Umar Maya, Rengganis, Purnama Alam ssj. Sakumaha jangji bade ngintun lalaguan wanda Cianjuran dangdingan sim kuring diwuwuh ku rumpaka sareng sanggian pangersa Bpk. Prof.DR. Gandjar Kurnia, Bpk. Drs. Ubun Kubarkah sareng kompilasi lagu panambih ti Yayasan Palaguna saparakanca, kamari sim kuring parantos ngintun copy kompilasi Tembang Sunda ka Alo Febi sareng ka Ki Hasan via pos. Rupina 2-3 dinten insya Allah dugi. Dilebetna aya CD-RW tiasa dibuka sapertos USB wae. Upami bade didangukeun nya tiasa dina Lap Top atanapi dina CD/DVD player anu nganggo monitor supados tiasa milih laguna. Wilujeng ngadangukeun.... ________________________________ From: Ahmad Hazairin <[email protected]> To: "[email protected]" <[email protected]> Sent: Sunday, July 28, 2013 10:23 AM Subject: Re: [kisunda] Re: Monotheisme jeung Tauhid ...asal usul sajarah manusa "Cobi geura titenan basa Sunda anu lemes tur endah komo upami dihariringkeun, karaosna keur sim kuring mah nikmat tur khidmat pisan"Mugi uwa Abdurrohman kersa ngaguar pupuh sapertos kitu. Karaos endah na mah ku sim kuring teh, mung atuh da maklum pangartos kana basa sunda na de'et pisan sim kuring teh. Sapertos na mah bakal raoseun upami dina milist diguar pupuh-pupuh sapertos kitu. Tapi naha nya di sakolaan kapungkur teu kantos diajarkeun eta pupuh sapertos kitu, padahal penting pisan eta pesan moal sareng batin dibungkus dina budaya anu sakitu endahna.Hatur NuhunFebi Ahmad Hazairin============== ________________________________ Von: H. Abdurrohman M.Sastra <[email protected]> An: "[email protected]" <[email protected]> CC: "[email protected]" <[email protected]> Gesendet: 9:19 Sonntag, 28.Juli 2013 Betreff: Re: [kisunda] Re: Monotheisme jeung Tauhid ...asal usul sajarah manusa Bah Oca, leres sono kajaman kapungkur sawala di Wisma UNPAD. Angka 0 (nol) sareng 1 (hiji) dina matematika kapan tos janten bahasa komputer, namina teh “BIT” (binary digit) upami ngadamel program (parentah kana mesin) nganggo simbul “0=pareum” (off) sareng “1=caang”(on). Ieu simbul oge dianggo dasar kanggo ngarekonstruksi DNA anu kasohor ku ahli biologi ti Jepang tea. Tah jaman baheula mah karuhun urang mayunan perkara anu “irrasional” kalayan paradoks kitu teh tiasa diebrehkeun dina ranggeuyan basa anu kacida santun sareng bijakna contona kaserat dina anekdot karya bujangga Sunda asal Cikajang Garut R.H.H.Mustopa: 1. Euweuh-euweuh daek mere, aya-aya tara sok. 2. Allah Ta’ala mah sumawonna di ayakeun, dieuweuhkeun oge salah. 3. Sumur kaliputan situ. 4. Gusti nu saenyana mah tara kapanggih, teu kaur panggih kaburu dikawulakeun, tara pisah sawajah pada silih wajahkeun. 5. Ayana Allah teh kudu disampeurkeun ku euweuh. 6. Leuleupeutan leuleumeungan, ayakan dikaparakeun. Deudeukeutan reureujeungan, nu aya disapirakeun. 7. Sing katimu tapak sireum dina batu, tapak meri dina leuwi, tapak soang di awang-awang. Kritikan anjeunna ka para ulama anu sok “nyombong” asa geus pangcaketna ka “Gusti Allah” dina “kama’rifatan”, didugikeun ku ranggeuyan basa dina wanda pupuh (dangdingan). Tara siga urang langsung “debat” bari pakeukeuh keukeuh ngadu dalil sareng tafsir. Cobi geura titenan basa Sunda anu lemes tur endah komo upami dihariringkeun, karaosna keur sim kuring mah nikmat tur khidmat pisan. 1. Hayang limus ngajul kadu, ragrag lain nu dipamrih, kadu ragrag di usumna, teu kungsi diajul deui, urut hayang dipihayang, urut pamrih bet dipamrih. 2. Syuhud maksud kanu suwung, ari timu lain bukti, geus cacap manggih nu enya, tapi ati geus tibalik, puasa kabeurendangan, buka lain waktu maghrib. 3. Atuh lesu malik syuhud, salatri kaburu manggih, nyiram kababawa babar, geus babar lain kabeuki, hahaseuman laladaan, bosen ku kersaning ati. 4. Jati dimaksud ngan imut, jati dipambrih ngan seuri, haleuang ngomong sorangan, marukan aing teu suni, ngayang di ka-Muhammadan, rep sirep di Maha Suci. 5. Suci laut tujuh tuhu, tuhuning sileman budi, budi daya tanpa beda, ciriwanci leuwih suni, suni sari suni rasa, suci mukti teu kaciri. Mangga lajengkeun ngahaleuang...... ________________________________ From: mang kaby <[email protected]> To: Kisunda <[email protected]>; UrangSunda <[email protected]>; Baraya_Sunda <[email protected]> Sent: Sunday, July 28, 2013 3:59 AM Subject: [kisunda] Re: Monotheisme jeung Tauhid ...asal usul sajarah manusa Wooow hade Mang Ocha :). Sok atuh pedaran deui euy... Alusna dijieun series... Ti 1 nepika saberesna... Leuwih hade deui dijadikeun buku :). nuhuuuuns,mang kabayan www.udarider.com ________________________________ From: "Roza R. Mintaredja" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sat, 27 Jul 2013 23:02:12 +0700 To: <[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: [kisunda] Re: Monotheisme jeung Tauhid ...asal usul sajarah manusa Emh, Abah Sepuh Padepokan Sirna di Rasa. Sonona kabina-bina upami emut ka 'kamari' teh. Barayasadaya. Leres pisan asa keur 'ngora' ngaguar nu karieu teh. Heu. Upama di ibaratkeun lir angka '0', mangrupa wilangan 'euweuh' tapi 'aya'. Aya di euweuh na , Euweuh di aya na, kitu rupina. Eta angka '0' teh ka asup angka matematis. Lamun calikna dihareup,teu aya nilaina. (paling ge 0,...). lamun si '0' ditukangeun angka sejen bisa gogorolongan nilaina. Tapi lamun si angka 1 dk 9 dibagi ku 0 ? Beuh , geuning jadi TANPA WATES WANGENAN, infinity , tak hingga tea. Eta geuning teori relatifitas teh. Kumaha atuh rek ngagambarkeun anu 'miboga' angka eta? heu. nhn*R3M
