Hatur nuhun sateuacanna, Abah Oman. Mudah-mudahan lancar. Bari sakantenan
kanggo dokumentasi ieu teh. Dumeh aya group "Pustaka Sunda" nu sok
ngeureuyeuh ngadokumentasikeun khazanah budaya sareng sastra Sunda.


2013/7/28 H. Abdurrohman M.Sastra <[email protected]>

> Upami kedah ngaguar sastra Sunda dina milist mah teu sanggem margi sanes
> guru Mursid dina widang basa Sastra Sunda komo ieu mah pakait sareng agama
> (tasauf). Resep soteh ngupingkeun upami eta pupuh dihariringkeun ku wanda
> Cianjuran nganggo waditra kacapi suling. Upami di lembur mah kapungkur
> sateu acan aya radio sareng tv, hiburan wengi sok nanggap beluk (sapertos
> mojopat) aya oge wanda Cigawiran. Ari bahan caritana tina buku wawacan
> Sunda anu didangding nganggo wanda "pupuh" tea. Anu sering dibaca jaman sim
> kuring keur budak mah diantawisna buku Muslimit Muslimat, Sajarah Anbiyaa,
> dongeng Umar Maya, Rengganis, Purnama Alam ssj.
> Sakumaha jangji bade ngintun lalaguan wanda Cianjuran dangdingan sim
> kuring diwuwuh ku rumpaka sareng sanggian pangersa Bpk. Prof.DR. Gandjar
> Kurnia, Bpk. Drs. Ubun  Kubarkah sareng kompilasi lagu panambih ti Yayasan
> Palaguna saparakanca, kamari sim kuring parantos ngintun copy kompilasi
> Tembang Sunda ka Alo Febi sareng ka Ki Hasan via pos. Rupina 2-3 dinten
> insya Allah dugi. Dilebetna aya CD-RW tiasa dibuka sapertos USB wae. Upami
> bade didangukeun nya tiasa dina Lap Top atanapi dina CD/DVD player anu
> nganggo monitor supados tiasa milih laguna. Wilujeng ngadangukeun....
>
>   ------------------------------
>  *From:* Ahmad Hazairin <[email protected]>
> *To:* "[email protected]" <[email protected]>
> *Sent:* Sunday, July 28, 2013 10:23 AM
> *Subject:* Re: [kisunda] Re: Monotheisme jeung Tauhid ...asal usul
> sajarah manusa
>
>
>  "Cobi geura titenan basa Sunda anu lemes tur endah komo upami
> dihariringkeun, karaosna keur sim kuring mah nikmat tur khidmat pisan"
>
> Mugi uwa Abdurrohman kersa ngaguar pupuh sapertos kitu. Karaos endah na
> mah ku sim kuring teh, mung atuh da maklum pangartos kana basa sunda na
> de'et pisan sim kuring teh.  Sapertos na mah bakal raoseun upami dina
> milist diguar pupuh-pupuh sapertos kitu.  Tapi naha nya di sakolaan
> kapungkur teu kantos diajarkeun eta pupuh sapertos kitu, padahal penting
> pisan eta pesan moal sareng batin dibungkus dina budaya anu sakitu endahna.
>
> Hatur Nuhun
>
> Febi Ahmad Hazairin
> ==============
>
>  ------------------------------
>  *Von:* H. Abdurrohman M.Sastra <[email protected]>
> *An:* "[email protected]" <[email protected]>
> *CC:* "[email protected]" <[email protected]>
> *Gesendet:* 9:19 Sonntag, 28.Juli 2013
> *Betreff:* Re: [kisunda] Re: Monotheisme jeung Tauhid ...asal usul
> sajarah manusa
>
>
>
> Bah Oca, leres sono kajaman kapungkur sawala di Wisma UNPAD. Angka 0 (nol)
> sareng 1 (hiji) dina matematika kapan tos janten bahasa komputer, namina
> teh “BIT” (binary digit) upami ngadamel program (parentah kana mesin)
> nganggo simbul “0=pareum” (off) sareng “1=caang”(on). Ieu simbul oge
> dianggo dasar kanggo ngarekonstruksi DNA anu kasohor ku ahli biologi ti
> Jepang tea.
>
> Tah jaman baheula mah karuhun urang  mayunan perkara anu “irrasional”
> kalayan paradoks kitu teh  tiasa diebrehkeun dina ranggeuyan basa anu
> kacida santun sareng bijakna contona kaserat dina anekdot karya bujangga
> Sunda asal Cikajang Garut R.H.H.Mustopa:
>
>
>    1. *Euweuh-euweuh daek mere, aya-aya tara  sok**.** *
>    2. *Allah Ta’ala mah sumawonna di ayakeun, dieuweuhkeun oge salah**.***
>    3. *Sumur kaliputan situ**.** *
>    4. *Gusti nu saenyana mah tara kapanggih, teu kaur panggih  kaburu
>    dikawulakeun, tara pisah sawajah pada silih wajahkeun**.***
>    5. *Ayana Allah teh kudu disampeurkeun ku euweuh**.***
>    6. *Leuleupeutan leuleumeungan, ayakan dikaparakeun. Deudeukeutan
>    reureujeungan, nu aya disapirakeun**.** *
>    7. *Sing katimu  tapak sireum dina batu, tapak meri dina leuwi, tapak
>    soang di awang-awang**.** *
>
> * *
> Kritikan anjeunna ka para ulama anu sok “nyombong” asa geus pangcaketna ka
> “Gusti Allah” dina “kama’rifatan”, didugikeun ku ranggeuyan basa dina wanda
> pupuh (dangdingan). Tara siga urang langsung “debat” bari pakeukeuh keukeuh
> ngadu dalil sareng tafsir.
>
> Cobi geura titenan basa Sunda anu lemes tur endah komo upami
> dihariringkeun, karaosna keur sim kuring mah nikmat tur khidmat pisan.
>
> *1.        **Hayang limus ngajul kadu,*
> *ragrag lain nu dipamrih,*
> *kadu ragrag di usumna,*
> *teu kungsi diajul deui,*
> *urut hayang dipihayang,*
> *urut pamrih bet dipamrih.*
> * *
> *2.        **Syuhud maksud kanu suwung,*
> *ari timu lain bukti,*
> *geus cacap manggih nu enya,*
> *tapi ati geus tibalik,*
> *puasa kabeurendangan,*
> *buka lain waktu maghrib.*
> * *
> *3.        **Atuh lesu malik syuhud,*
> *salatri kaburu manggih,*
> *nyiram kababawa babar,*
> *geus babar lain kabeuki,*
> *hahaseuman laladaan,*
> *bosen ku kersaning ati.*
> * *
> *4.        **Jati dimaksud ngan imut,*
> *jati dipambrih ngan seuri,*
> *haleuang ngomong sorangan,*
> *marukan aing teu suni,*
> *ngayang di ka-Muhammadan,*
> *rep sirep di Maha Suci.*
> * *
> *5.        **Suci laut tujuh tuhu,*
> *tuhuning sileman budi,*
> *budi daya tanpa beda,*
> *ciriwanci leuwih suni,*
> *suni sari suni rasa,*
> *suci mukti teu kaciri.*
>
> Mangga lajengkeun ngahaleuang......
>
>   ------------------------------
>  *From:* mang kaby <[email protected]>
> *To:* Kisunda <[email protected]>; UrangSunda <
> [email protected]>; Baraya_Sunda <[email protected]>
> *Sent:* Sunday, July 28, 2013 3:59 AM
> *Subject:* [kisunda] Re: Monotheisme jeung Tauhid ...asal usul sajarah
> manusa
>
>
>  Wooow hade Mang Ocha :). Sok atuh pedaran deui euy... Alusna dijieun
> series... Ti 1 nepika saberesna... Leuwih hade deui dijadikeun buku :).
> nuhuuuuns,
> mang kabayan
> www.udarider.com
> ------------------------------
> *From: * "Roza R. Mintaredja" <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Sat, 27 Jul 2013 23:02:12 +0700
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *[kisunda] Re: Monotheisme jeung Tauhid ...asal usul sajarah
> manusa
>
>
> Emh, Abah Sepuh Padepokan Sirna di Rasa. Sonona kabina-bina upami emut ka
> 'kamari' teh. Barayasadaya. Leres pisan asa keur 'ngora' ngaguar nu karieu
> teh. Heu. Upama di ibaratkeun lir angka '0', mangrupa wilangan 'euweuh'
> tapi 'aya'. Aya di euweuh na , Euweuh di aya na, kitu rupina. Eta angka '0'
> teh ka asup angka matematis. Lamun calikna dihareup,teu aya nilaina.
> (paling ge 0,...). lamun si '0' ditukangeun angka sejen bisa gogorolongan
> nilaina. Tapi lamun si angka 1 dk 9 dibagi ku 0 ? Beuh , geuning jadi TANPA
> WATES WANGENAN, infinity , tak hingga tea. Eta geuning teori relatifitas
> teh. Kumaha atuh rek ngagambarkeun anu 'miboga' angka eta? heu.
> nhn*R3M
>
>
>
>
>   
>
>
>

Kirim email ke