Re: [Urang Sunda] poe basa indung sadunya

2008-02-24 Thread dhipagaluh
Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) mah teu miluan ngagelar acara
Poe Basa Indung di Unpad. Boa apaleun boa henteu tanggal 21 Pebruari
teh minangka Poe Basa Indung sadunya. Malah nurutkeun hiliwir angin,
LBSS mah moal waka digawe satungtung tacan dilantik ku gubernur jeung
tacan meunang bantuan dana ti pamarentah.

http://galuh-purba.com 



--- In urangsunda@yahoogroups.com, "dede solehudin" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> nya di sukuran we,. tugas teh nomor hijingajar dikelas sarua
jeung
> ibadah. sanes kitu ?
> 
> 2008/2/20, mangjamal <[EMAIL PROTECTED]>:
> >
> >   poe ieu 21 februari, poe mieling basa indung sadunya. mother tounge
> > day meureun.
> >
> > ayeuna keur aya acara di aula/gd sanusi hardjadinata unpad. nu gaduh
> > alpukah sigana pp-ss, paguyuban panglawungan sastra sunda oge unpad
> > sareng lembaga basa jeung sastra sunda (lbss).
> >
> > tadi liwat cihampelas, barudak msiswa sastra sunda upi ngabring bari
> > mawa poster ngajak make basa sunda.
> >
> > hanjakal taun ieu teu bisa ngahadiran acara, kudu ka kelas. hiks!
> >
> > 
> >
>




Re: [Urang Sunda] Nedunan panggero "getih goib"

2008-02-22 Thread dhipagaluh
Pikeun informasi Hasil Pasanggiri Tarucing cakra, mangga klik di dieu:
http://galuh-purba.com/bewara-pinunjul-pasanggiri-tarucing-cakra/
(mugia sing janten conto yen upama ngagelar kagiatan teh kudu
buru-buru diembarkeun hasilna atanapi kacindekanana)

http://galuh-purba.com 

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "dhipagaluh" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Pikeun ngalengkepan, ieu tulisan dimuat dina Majalah Seni Budaya,
> Edisi Bulan Juli 2005 (nyaritakeun riungan KUSNET di Jl. Karawitan 46,
> Bandung, anu lumangsung tanggal 19 Juni 2005)
> 
> http://galuh-purba.com/getih-gaib-urang-sunda/
> 
> 
> --- In urangsunda@yahoogroups.com, MRachmat Rawyani
>  wrote:
> >
> > Aya sababaraha alesan, kunaon si kuring ngahaja ka
> > acara mieling poe basa indung.
> > 
> > Kahiji, nedunan panggero "getih goib".
> > Kadua, nedunan ondangan kang Ganjar.
> > Katilu, napak tilas hayang ningali aula Sanusi
> > Hardjadinata. Baheula (1985) jaman mahasiswa, nganjang
> > ka FIKOM Unpad, rombongan mahasiswa jurusan Ilmu
> > Komunikasi FISIP UI ditarima di Aula Unpad eta. Harita
> > mun teu salah mah, rombongan ti UI mondok di hostel
> > jalan Supratman (duka ayeuna masih aya keneh heunteu
> > nya?). Harita teh ngan kuring sorangan anu pirajeunan
> > mamanggul kamera video Sony. Mangkaning beuratna
> > kamera wae 5 kilo, ditambah taktak nahan
> > recorder-player Betamax anu beuratna 5 kilo oge.
> > Ngarekam acara maen basket para mahasiswi UI-Unpad.
> > (masih aya keneh kitu lapangan basketna?). Tas
> > nganjang ka Unpad, rombongan belenyeng ka Situ
> > Patenggang, Ciwidey. Nepi ka ayeuna rekaman video eta
> > masih aya keneh (ditransfer ka DVD). Taun kamari
> > waktu, aya rombongan FIKOM Unpad nganjang ka FISIP UI
> > di Kampus Depok, disuguhan rekaman video eta, para
> > dosen FIKOM Unpad karageteun.
> > 
> > 
> > baktos,
> > 
> > mrachmat uidipura
> > 
> > --- MSasmita  wrote:
> > 
> > > Cariosna mah kieu, waktos aya riungan Kusnet di
> > > Bandung di kantorna Cupumanik waktos di Jl.Karawitan
> > > keneh, asana mah harita teh taun 2003 atanapi awal
> > > 2004, biasa nu hadir teh ti Kusnet, ti Cupumanik,
> > > aya kana 30 jalmi mah, malih kang Soni presentasi
> > > perkawis kaulinan (games) barudak dina wangun
> > > animasi, atuh Apih Sidik van Korea ge aya lengkep
> > > sareng ingkang garwa pleus putra, asana harita teh
> > > Apih Sidik ngabagi dasi.
> > > Kasiangnakeun jol Kang Ganjar Kurnia nuju jeneng
> > > Atase Kebudayaan di Perancis keneh harita mah, nya
> > > anjeuna masihan wawadi, diantawisna aya cariosan
> > > kieu "...naon pangna urang ngariung didieu, juljol
> > > anu timana anu timendi, teu kakurung kujauhna, teu
> > > kawengku kuwaktu, ngahaja hoyong patepung lawung,
> > > padahal teu hir teu walahir, euweuh pancakakina, anu
> > > ngajurung teh iwal ti getih goib anu aya di diri
> > > urang sewang-sewangan, getih goib Sunda.., da naon
> > > deui atuh..anu urang bisa ngalantarankeun ngariung
> > > kieu.."
> > > Nya aya leresna, da urang ge manjangkeun tali
> > > silaturahim dina milis ieu ge iwal ti eta, intuisi
> > > Sunda. Sigana hal eta anu diserat ku Kang Rachmat
> > > Rawyani ge hal getih goib teh. Kang Rachmat
> > > tuturubun ti Jakarta ka Bandung, mung saukur hoyong
> > > ningal kagiatan Mieling Poe Basa Indung di Unpad, da
> > > upami henteu ge teu janten matak, tapi panginten aya
> > > dorongan anu kuat, karna naon atuh, nya panginten
> > > getih goib tea.
> > > Tah ieu gambarna harita teh, waktos riungan di
> > > kantor Cupumanik tea
> > > 
> > > MSasmita
> > 
> > 
> > 
> >  
>

> > Be a better friend, newshound, and 
> > know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now. 
> http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ
> >
>




Re: [Urang Sunda] Nedunan panggero "getih goib"

2008-02-22 Thread dhipagaluh
Pikeun ngalengkepan, ieu tulisan dimuat dina Majalah Seni Budaya,
Edisi Bulan Juli 2005 (nyaritakeun riungan KUSNET di Jl. Karawitan 46,
Bandung, anu lumangsung tanggal 19 Juni 2005)

http://galuh-purba.com/getih-gaib-urang-sunda/


--- In urangsunda@yahoogroups.com, MRachmat Rawyani
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Aya sababaraha alesan, kunaon si kuring ngahaja ka
> acara mieling poe basa indung.
> 
> Kahiji, nedunan panggero "getih goib".
> Kadua, nedunan ondangan kang Ganjar.
> Katilu, napak tilas hayang ningali aula Sanusi
> Hardjadinata. Baheula (1985) jaman mahasiswa, nganjang
> ka FIKOM Unpad, rombongan mahasiswa jurusan Ilmu
> Komunikasi FISIP UI ditarima di Aula Unpad eta. Harita
> mun teu salah mah, rombongan ti UI mondok di hostel
> jalan Supratman (duka ayeuna masih aya keneh heunteu
> nya?). Harita teh ngan kuring sorangan anu pirajeunan
> mamanggul kamera video Sony. Mangkaning beuratna
> kamera wae 5 kilo, ditambah taktak nahan
> recorder-player Betamax anu beuratna 5 kilo oge.
> Ngarekam acara maen basket para mahasiswi UI-Unpad.
> (masih aya keneh kitu lapangan basketna?). Tas
> nganjang ka Unpad, rombongan belenyeng ka Situ
> Patenggang, Ciwidey. Nepi ka ayeuna rekaman video eta
> masih aya keneh (ditransfer ka DVD). Taun kamari
> waktu, aya rombongan FIKOM Unpad nganjang ka FISIP UI
> di Kampus Depok, disuguhan rekaman video eta, para
> dosen FIKOM Unpad karageteun.
> 
> 
> baktos,
> 
> mrachmat uidipura
> 
> --- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Cariosna mah kieu, waktos aya riungan Kusnet di
> > Bandung di kantorna Cupumanik waktos di Jl.Karawitan
> > keneh, asana mah harita teh taun 2003 atanapi awal
> > 2004, biasa nu hadir teh ti Kusnet, ti Cupumanik,
> > aya kana 30 jalmi mah, malih kang Soni presentasi
> > perkawis kaulinan (games) barudak dina wangun
> > animasi, atuh Apih Sidik van Korea ge aya lengkep
> > sareng ingkang garwa pleus putra, asana harita teh
> > Apih Sidik ngabagi dasi.
> > Kasiangnakeun jol Kang Ganjar Kurnia nuju jeneng
> > Atase Kebudayaan di Perancis keneh harita mah, nya
> > anjeuna masihan wawadi, diantawisna aya cariosan
> > kieu "...naon pangna urang ngariung didieu, juljol
> > anu timana anu timendi, teu kakurung kujauhna, teu
> > kawengku kuwaktu, ngahaja hoyong patepung lawung,
> > padahal teu hir teu walahir, euweuh pancakakina, anu
> > ngajurung teh iwal ti getih goib anu aya di diri
> > urang sewang-sewangan, getih goib Sunda.., da naon
> > deui atuh..anu urang bisa ngalantarankeun ngariung
> > kieu.."
> > Nya aya leresna, da urang ge manjangkeun tali
> > silaturahim dina milis ieu ge iwal ti eta, intuisi
> > Sunda. Sigana hal eta anu diserat ku Kang Rachmat
> > Rawyani ge hal getih goib teh. Kang Rachmat
> > tuturubun ti Jakarta ka Bandung, mung saukur hoyong
> > ningal kagiatan Mieling Poe Basa Indung di Unpad, da
> > upami henteu ge teu janten matak, tapi panginten aya
> > dorongan anu kuat, karna naon atuh, nya panginten
> > getih goib tea.
> > Tah ieu gambarna harita teh, waktos riungan di
> > kantor Cupumanik tea
> > 
> > MSasmita
> 
> 
> 
>  

> Be a better friend, newshound, and 
> know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now. 
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ
>




[Urang Sunda] Re: Panyelang: TUNANÉTRA BADÉ MAÉN DRAMA SUNDA

2008-02-22 Thread dhipagaluh
Nuhun, Dan. Uing keur macaan anu parasea, bras ka dieu. Asa kaingetan,
enya poe ieu euy maenna teh. Puguh we uing rek lalajo, komo bari rea
ABG mah. sapanjang festival drama basa Sunda, asa kakara taun ieu aya
patandang tuna netra.
Perkara nu parasea, nya hade pisan satungtung PALAGAN WINAYA mah. Asal
ulah papaseaan nyaan, komo dibabawa ka darat mah. Teu resep uing mah
ka jalma tukang ngagugulukeun pasea teh, kajaba pasena Palagan winaya
tea.   

Baktos ka sadayana (kan Kang Darpan, tong hilap kedah masihan nambut
laptop ka Neng Pupi, margi dina kamera pengintai katingali Neng Pupi
ngiring mantuan wew...)

Baktosna

Dhipa Galuh Purba

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "urang_cupumanik"
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Dulur-dulur sadaya, dina Féstival Drama Basa Sunda X, aya grup téater
> anu pamaénna sadayana tuna nétra. Grupna téh "PALAGAN TÉATER", kalayan
> jadwal midangna poé Saptu, 23 Pébruari 2008, Jam 15.45 dugi ka 17.15
> WIB, di Gedong Kasenian Rumentangsiang, Jl. Baranangsiang No.1,
> Bandung. Rarancangna mah PALAGAN TÉATER téh rék ngagelar drama BADOG
> karya Dipa Galuh Purba.
> Béjana mah karcis dina poé éta geus diborong ku barudak ABG ti hiji
> SMA. Tapi… piraku teu kabagéan tempat mah. Dina pagilinggisik ogé teu
> masalah ari jeung ABG mah. Hayu urang nongton drama Sunda. Tuna nétra
> ogé micinta Sunda!!!
> 
> Baktosna
> Urang Cupumanik
>




[Urang Sunda] Re: Butuh Batur ka Miss Tjitjih

2008-02-09 Thread dhipagaluh
Muhun, saé, anjangan tah Gedong Kasenian Miss Tjitjih. Kuring ogé tos
lami teu nganjang ka ditu téh. Pamungkasna tanggal 07 Méi 2005, basa
kuring masih ngontrak di wewengkon Pulo Mas, Jakarta Timur. Perenahna
di Jln. Cempaka Baru IV, Cempaka Putih, Jakarta Pusat. Ngahaja harita
téh malem Minggu, ngarah sakalian lalajo Sandiwara Sunda. 

Gedong Kasenian Miss Tjitjih anu anyar dibangun téh mémang kaitung
agréng. Diadegkeun dina taneuh anu legana  kurang-leuwih 4000 m2,
kalayan diresmikan ku Presiden (harita mah Mégawati Soekarnoputri),
tanggal 26 Maret 2004. Ieu wangunan Gedong Kasenian Miss Tjitjih téh
méakkeun  waragad Rp 14 miliar (ti Pemda DKI). Janggélék gedong
agréng, diwengku ku wangunan  dua tingkat, kalayan panggung nu legana
15 x 4 méter persegi. Korsi lalajo mangrupa korsi lipet warna beureum,
 anu jumlahna 234 korsi. Lengkep asilitas séjénna saperti  kamar rias,
aya di lanté  dua, kaitung lega jeung pikagenaheun. Di tukangeun
gedong, diwangun asrama para pamaén nu jumlahna 20 kamar nu ukuranana
5 x 4 méter persegi. Unggal kamar ditempatan ku hiji atawa dua
kulawarga (basa kuring nganjang, aya hiji kamar nu kosong). 

Bilih Kang Firman hoyong uninga langkung jelas ngeunaan lalampahan
kuring nganjang ka Gedong Kasenian Miss Tjitjih, mangga baé aos
seratan di dieu:
http://galuh-purba.com/sapanjang-jalan-sandiwara-surat-keur-holisoh-me/

(Eta seratan mangrupi walonan surat kuring kanggo Ibu Holisoh MÉ, basa
mantenna ngintun serat panjang anu eusina tetelepék ngeunaan Sandiwara
Sunda. Kaleresan kuring keur diajar ngéstokeun pikeun ngawalonan surat)

Baktosna
Dhipa Galuh Purba
http://galuh-purba.com




--- In urangsunda@yahoogroups.com, Firman Juliansyah <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Sim kuring tos lami nguping hal ihwal perkawis Gedong
> Kasenian Miss Tjitjih di Jakarta. Ti kapungkur teh
> panasaran hoyong nganjang kadinya.
> 
> Ayeuna sim kuring tos ampir opat sasih dumuk di
> Jakarta. Janten emut deui kana kahoyong kapungkur,
> hoyong nganjang ka GK Miss Tjitjih.
> 
> Manawi aya di antawis aranjeun anu uninga alamat, no
> tlp, jadwal, sareng info acara di Miss Tjitjih, mugia
> kersa ngawartosan ka simkuring. 
> 
> Malihan langkung sae upami aya nu kersa ngarencangan
> nganjang atanapi nongton acarana. komo dugi ka ntaktir
> tiket, katuangan, mondok di Ritz Carlton, sareng tiket
> pesawat mah, langkung sae pisan (nu ieu mah heurey
> ketang).
> 
> Ke buruhna, bilih karaos cararangkeul, ku sim kuring
> seja dipeuseulan...
> 
> 
> Hatur Nuhun,
> 
> 
> 
> 
> Firman Juliansyah
> Jl. Kancra Dalam II No 7Ab, Bandung, Indonesia
> Phn: +62 22 5431324, Fax: +62 22 5431325
> MP : +62 (0)81.320.656.905
> YM & FS: [EMAIL PROTECTED]
> http://bozzetto.blogs.friendster.com/bozzetto
> 
> 
> 
>  

> Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
> http://www.yahoo.com/r/hs
>




[Urang Sunda] Re: Kahatur Pangersa Ua Sasmita

2008-02-05 Thread dhipagaluh
Pangapunten, Ua, titimangsana lepat ngetik. Diseratna 6 Pebuari 2007,
kedahna 6 Pebuari 2008. 

Nuhun, Ua.

Baktosna
Dhipa Galuh Purba

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "dhipagaluh" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Duh bulan mapaés langit
> Peuting ieu alam éndah
> Ngahudang galura sono
> Moal laas selang mangsa
> Ngaliwatan aksara
> Seja nyawang lir nu tepung
> Ka salira nu dihormat
> 
> Ka kersana Kang Ismail
> Pangersa Uwa Sasmita
> Nu dihormat dipikolot
> Teu kakantun ka Mang Jamal
> Ogé ka Kang Iskandar
> Nu naratas kusnét tepung
> Kalebet Kang Eko Ruska
> 
> 
> Dua bait pupuh ASMARANDANA di luhur, dihaturkeun kanggo Ua Sas,
> minangka bubuka ieu surat abdi. Mugia ku Ua katampi kalayan
> kabingahan, tur mugia Ua salawasna aya dina panangtayungan Alloh SWT,
> Amin. Hapunten abdi teu tiasa ngahaturkeun nanaon, mung sakadar pupuh
> anu tiasa janten teu aya hartosna. Nanging, mugi kauninga ku Ua, réhna
> abdi tara sagawayah ngalebetkeun hiji komo dua-tilu nami jalmi kana
> karya pupuh. Upami aya nami jalmi anu dilebetkeun kana pupuh karya
> abdi, hartosna éta jalmi kalintang istiméwa di payuneun abdi. 
> 
> Badé henteu istiméwa kumaha, Kang Ismail, tokoh ti Kuningan, nu
> ngawitan ngalalanyahan ieu milis ping 8 Méi 2000. Lajeng anu munggaran
> nguncénan ieu milis téh apan salira Ua, teras Mang Jamal, Kang
> Iskandar, sareng Kang Eko Ruska Nugraha. Kitu sakaterang abdi mah, Ua.
> Kalayan Alhamdulillah dugi ka kiwari ieu milis langkung rempeg
> anggotana, tur ta eusi pagunemanna ogé kawilang euyeub. Bingah
> kagiri-giri, binagh amarwatusa abdi téh, Ua. Margi, abdi ogé diangken
> minangka salahsaurang anggota di ieu milis, ti taun 2002 asana mah
> (punten bilih lepat). Nanging rumaos, salami éta, abdi mah teu acan
> kantos nyumbang artos sapésér-pésér acan kanggo rupaning kagiatan dina
> ieu milis. Kama'lum ku Ua ogé panginten, abdi mah henteu kalebet nu
> seueur artos.
> 
> Kamari téh abdi ngaos seratan Ua, ngeunaan "mundut hapunten wiréh teu
> tiasa ngaluuhan pajemuhan di Unpad". Balaka baé, abdi dugi ka nyurucud
> cisoca. Naha Ua mani kedah mundut hapunten sagala? Ua téh sesepuhna
> ieu milis? Mun badé ogé panitiana nu nyaluyukeun sareng kagiatan Ua.
> Iraha Ua rinéhna, tah éta waktosna gempungan. Abong Ua mah jalmi
> soléh, wijaksana, leuleus jeujeur liat tali, landung kandungan laér
> aisan. Abdi langkung hormat ka Ua.
> 
> Ua, anu dipihormat. Gempungan kamari téh wartosna mah suksés, dina
> perkawis diluuhan ku para inohong. Tapi anéhna, Kang Oman teu tiasa
> ngadadarkeun hasil éta gempungan, sakirang-kirangna kacindekanana.
> Padahal, wartosna, anjeunna téh moderatorna. Ari nu namina moderator,
> bujeng hingga énjingna, malah dina waktos harita kénéh ogé kedah tiasa
> nyindekeun hasil padungdengan. Kitu sakaterang abdi mah moderator téh,
> da abdi kantos sababaraha kali kapapancénan janten moderator atanapi
> panumbu catur. Margi, pami nurutkeun abdi mah, kasuksésan hiji acara
> téh henteu tiasa diukur ku saha-sahana anu sarumping, tapi ukuranana
> mah naon anu dihasilkeun tina éta pajemuhan. Punten bilih abdi
lepat, Ua. 
> 
> Anu saterasna, wawakil panitia ogé mani susumpahan, malih nyebat Asma
> Pangéran, majarkeun téh henteu aya nu ngawaragadan, kajaba katuangan
> sareng fasilitas wisma Unpad. Asa muringkak bulu punduk ngaos laporan
> panitia ku susumpahan, Ua. Nembéan abdi mah ngaos laporan panitia hiji
> acara mani siga nu henteu nyakola. Tapi anu harianeun deui mah, éta ku
> nyebatkeun teu aya nu ngawaragadan téa. Padahal ari katuangan sareng
> fasilitas téh apan waragad. Naha bet siga nyapirakeun bantosan ti
> Pangersa Kang Ganjar, nya, Ua? Tada teuing sedihna Kang Ganjar, upami
> uningaeun éta bantosanana disapirakeun. Teu ngartos abdi mah, Ua.
> 
> Saleresna ku abdi ogé parantos dikintunan serat, Ua. Tapi teu diwaler
> baé da Ua. Ari abdi pan tara maksa. Wios naha, badé diwaler nuhun,
> henteu ogé da seueur ieuh istri nu sok nyeratan ka abdi.
> Romantis-romantis ngaosna ogé nya, Ua. Tapi… abdi téh aya kapanasaran,
> wiréh anjeunna ngayakeun pajemuhan atas nami Kusnét, tapi henteu
> wawartos ka anggota kusnét, atanapi dipilihan wé sababaraha jalmi.
> Patarosan abdi, ari anjeunna téh janten naon kalungguhanana di ieu
milis? 
> 
> Aya deui nu abdi ngaranjug téh. Taya sanés ku sikep Kang Kumi.
> Satadina mah abdi moal nyabit-nyabit anjeunna, da tos katingal hasil
> karyana ogé, jaba dina acara kamari posisina jadi panyatur. Anjeunna
> nyalira nyebatkeun henteu payus mairan nu naroskeun perkawis
> gempungan, da nu payusna mah panitia, kitu cenah. Ongkoh nyebat teu
> payus, tapi dilakonan, Ua. Alesanana, lantaran namina kasabit-sabit.
> Naha mani géhgéran pisan nya, Ua? Abdi ogé nyabit-nyabit Kang Ajip
> Rosidi,

[Urang Sunda] Kahatur Pangersa Ua Sasmita

2008-02-05 Thread dhipagaluh
Duh bulan mapaés langit
Peuting ieu alam éndah
Ngahudang galura sono
Moal laas selang mangsa
Ngaliwatan aksara
Seja nyawang lir nu tepung
Ka salira nu dihormat

Ka kersana Kang Ismail
Pangersa Uwa Sasmita
Nu dihormat dipikolot
Teu kakantun ka Mang Jamal
Ogé ka Kang Iskandar
Nu naratas kusnét tepung
Kalebet Kang Eko Ruska


Dua bait pupuh ASMARANDANA di luhur, dihaturkeun kanggo Ua Sas,
minangka bubuka ieu surat abdi. Mugia ku Ua katampi kalayan
kabingahan, tur mugia Ua salawasna aya dina panangtayungan Alloh SWT,
Amin. Hapunten abdi teu tiasa ngahaturkeun nanaon, mung sakadar pupuh
anu tiasa janten teu aya hartosna. Nanging, mugi kauninga ku Ua, réhna
abdi tara sagawayah ngalebetkeun hiji komo dua-tilu nami jalmi kana
karya pupuh. Upami aya nami jalmi anu dilebetkeun kana pupuh karya
abdi, hartosna éta jalmi kalintang istiméwa di payuneun abdi. 

Badé henteu istiméwa kumaha, Kang Ismail, tokoh ti Kuningan, nu
ngawitan ngalalanyahan ieu milis ping 8 Méi 2000. Lajeng anu munggaran
nguncénan ieu milis téh apan salira Ua, teras Mang Jamal, Kang
Iskandar, sareng Kang Eko Ruska Nugraha. Kitu sakaterang abdi mah, Ua.
Kalayan Alhamdulillah dugi ka kiwari ieu milis langkung rempeg
anggotana, tur ta eusi pagunemanna ogé kawilang euyeub. Bingah
kagiri-giri, binagh amarwatusa abdi téh, Ua. Margi, abdi ogé diangken
minangka salahsaurang anggota di ieu milis, ti taun 2002 asana mah
(punten bilih lepat). Nanging rumaos, salami éta, abdi mah teu acan
kantos nyumbang artos sapésér-pésér acan kanggo rupaning kagiatan dina
ieu milis. Kama'lum ku Ua ogé panginten, abdi mah henteu kalebet nu
seueur artos.

Kamari téh abdi ngaos seratan Ua, ngeunaan "mundut hapunten wiréh teu
tiasa ngaluuhan pajemuhan di Unpad". Balaka baé, abdi dugi ka nyurucud
cisoca. Naha Ua mani kedah mundut hapunten sagala? Ua téh sesepuhna
ieu milis? Mun badé ogé panitiana nu nyaluyukeun sareng kagiatan Ua.
Iraha Ua rinéhna, tah éta waktosna gempungan. Abong Ua mah jalmi
soléh, wijaksana, leuleus jeujeur liat tali, landung kandungan laér
aisan. Abdi langkung hormat ka Ua.

Ua, anu dipihormat. Gempungan kamari téh wartosna mah suksés, dina
perkawis diluuhan ku para inohong. Tapi anéhna, Kang Oman teu tiasa
ngadadarkeun hasil éta gempungan, sakirang-kirangna kacindekanana.
Padahal, wartosna, anjeunna téh moderatorna. Ari nu namina moderator,
bujeng hingga énjingna, malah dina waktos harita kénéh ogé kedah tiasa
nyindekeun hasil padungdengan. Kitu sakaterang abdi mah moderator téh,
da abdi kantos sababaraha kali kapapancénan janten moderator atanapi
panumbu catur. Margi, pami nurutkeun abdi mah, kasuksésan hiji acara
téh henteu tiasa diukur ku saha-sahana anu sarumping, tapi ukuranana
mah naon anu dihasilkeun tina éta pajemuhan. Punten bilih abdi lepat, Ua. 

Anu saterasna, wawakil panitia ogé mani susumpahan, malih nyebat Asma
Pangéran, majarkeun téh henteu aya nu ngawaragadan, kajaba katuangan
sareng fasilitas wisma Unpad. Asa muringkak bulu punduk ngaos laporan
panitia ku susumpahan, Ua. Nembéan abdi mah ngaos laporan panitia hiji
acara mani siga nu henteu nyakola. Tapi anu harianeun deui mah, éta ku
nyebatkeun teu aya nu ngawaragadan téa. Padahal ari katuangan sareng
fasilitas téh apan waragad. Naha bet siga nyapirakeun bantosan ti
Pangersa Kang Ganjar, nya, Ua? Tada teuing sedihna Kang Ganjar, upami
uningaeun éta bantosanana disapirakeun. Teu ngartos abdi mah, Ua.

Saleresna ku abdi ogé parantos dikintunan serat, Ua. Tapi teu diwaler
baé da Ua. Ari abdi pan tara maksa. Wios naha, badé diwaler nuhun,
henteu ogé da seueur ieuh istri nu sok nyeratan ka abdi.
Romantis-romantis ngaosna ogé nya, Ua. Tapi… abdi téh aya kapanasaran,
wiréh anjeunna ngayakeun pajemuhan atas nami Kusnét, tapi henteu
wawartos ka anggota kusnét, atanapi dipilihan wé sababaraha jalmi.
Patarosan abdi, ari anjeunna téh janten naon kalungguhanana di ieu milis? 

Aya deui nu abdi ngaranjug téh. Taya sanés ku sikep Kang Kumi.
Satadina mah abdi moal nyabit-nyabit anjeunna, da tos katingal hasil
karyana ogé, jaba dina acara kamari posisina jadi panyatur. Anjeunna
nyalira nyebatkeun henteu payus mairan nu naroskeun perkawis
gempungan, da nu payusna mah panitia, kitu cenah. Ongkoh nyebat teu
payus, tapi dilakonan, Ua. Alesanana, lantaran namina kasabit-sabit.
Naha mani géhgéran pisan nya, Ua? Abdi ogé nyabit-nyabit Kang Ajip
Rosidi, tapi anjeunna henteu ujug-ujug mairan bari komo
mangmeunangkeun panitia anu sidik teu tiasaeun ngabantah serat abdi nu
kahiji ogé.

Kang Kumi nyebatkeun, naon anéhna mun ngulem urang Kusnét? Margi anu
jadi panyaturna ogé ti Kusnét, badé préséntasi ka urang darat. Tapi
dina émprona, apan nu janten panyatur téh sanés Kang Kumi wungkul, da
mani rempeg ti tokoh-tokoh anu di darat ogé. Naha urang internét
dianggap henteu penting ngalenyepan pedaran urang darat? Anéh abdi
mah, Ua. Dupi anjeunna téh janten naon di ieu milis? 

Aya éta ogé haréwos bojong, saurna Kang Oman sareng Kang Kumi téh tos
janten kuncén. Upami leres kitu, saéna mah dipertimbangkeun deui, Ua.
Upami 

[Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?

2008-02-04 Thread dhipagaluh
Tah sae kitu, Kang Agus. Hawatos. Mudah2an we anjeunna henteu tebih ti
Jakarta. 
Mangga, tah cobi kontak Kang Agus heula...

Simkuring sambung du'a, mugia enggal damang siga sabihara-sabihari deui...


Dhipa Galuh Purba
http://galuh-purba.com

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Agus K \"PAKUSARAKAN\""
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> posisi akang dimana bade lalandong ku cara non medis mah mangga we japri
> atawa sms ka abdi
> 
> 
> On Mon, Feb 4, 2008 at 9:42 PM, kuncen kasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> >   Sampurasun,
> >
> > punten wargi sadaya manawi aya nu terang landong tradisional kanggo
> > panyawat ASMA, atanapi landong TBC, aya nu peryogieun manawi
baraya kusnet
> > aya ny terang.
> >
> > nuhun
> > wasalam "kuncen kasep"
> >
> > - Original Message 
> > From: dhipagaluh <[EMAIL PROTECTED]>
> > To: urangsunda@yahoogroups.com
> > Sent: Monday, February 4, 2008 9:28:01 PM
> > Subject: [Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?
> >
> >
> > Pasualanana sanes ngabantah atanapi ngaenyakeun, da eta mah urusan
> > pribadi Kang Kumi. Tiasa ngabantah bae, nya sae. Sok, tembrakeun
> > argumentasina. Atuh upami teu tiasa, nya kuring oge moal maksa mirusa
> > ka nu teu suka. Sagala rupina oge, nyanggakeun sadaya-daya ka warga
> > internet jeung warga darat. Kuring mah ukur nembrakeun pamadegan, tur
> > aya argumentasina. Piraku diwalonna ukur ku kitu? Lantaran cara
> > ngajawab Kang Kumi kalintang jauh tina sistemastis, bet jadi pasaran,
> > kuring hayang apal, siga kumaha makalah Kang Kumi dina gempungan
> > kamari? Cobi, kuring hayang maca makalahna. Nuhunkeun dipidangkeun di
> > dieu.
> >
> > Tapi sateuacan nyerat, saena uningaan heula TUJUAN atanapi PAMIANGAN
> > eta gempungan. Apan tos jelas, sanes saukur presentasi ti urang
> > Internet anu ditujukeun ka urang darat. Tapi apan sakitu rempegna
> > pemateri urang darat, anu tangtos peryogi dilenyepan ku urang
> > internet. Naha Kang Kumi bet tega nyebatkeun teu aneh pikeun warga
> > internet ngabandungan presentasi Kang Kumi?
> >
> > Baktosna
> > Dhipa Galuh Purba
> >
> > --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com ,
> > kumincir  wrote:
> > >
> > > Upamana bae Kang Dhipaa atawa nu sanesna ngahartikeun yen kuring
> > nganggap
> > > diri leuwih pinter batan urang darat (di antarana bae anu
sumping: Abah
> > > Surya, Abah Yus Rusyana, Ambu Diana, Kang Dadang M., jst.),
mangga teh
> > > teuing, moal rek ngabantah atawa ngaenyakeun.
> > >
> > > On 2/4/08, dhipagaluh wrote:
> > > >
> > > > Hanjakalna Ã(c)ta tulisan Kang Kumi (mairan Kang Agus jeung
> > kuring) bet
> > > > asa harianeun pisan. Kang Kumi kedahna obyÃ(c)ktif, ulah
kÃ(c)na-kÃ(c)na
> > diulem
> > > > pikeun masihan prÃ(c)sentasi. Sok mangga uningaan ku Kang
Kumi, naon
> > > > tujuanna Ã(c)ta pajemuhan anu digembor-gembor ku panitia?
SanÃ(c)s saukur
> > > > masihan prÃ(c)sentasi ka urang darat ti urang internÃ(c)t. Tapi
> > tujuanna tÃ(c)h
> > > > "nepungkeun anu giat di internÃ(c)t jeung anu di darat". Upama
Kang Kumi
> > > > gaduh pamadegan siga kitu,hartosna Kang Kumi gaduh angkeuhan
yÃ(c)n
> > urang
> > > > internÃ(c)t langkung palalinter batan urang darat, anu antukna
urang
> > > > internÃ(c)t mah dianggap teu penting ngabandungan
presÃ(c)ntasi ti urang
> > > > darat.
> > > >
> > >
> >
> >
> >
> > --
> > Never miss a thing. Make Yahoo your
homepage.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51438/*http://www.yahoo.com/r/hs>
> >  
> >
> 
> 
> 
> -- 
> ---
> AGUS PAKUSARAKAN
> 08128377662
>
www.smarthubtech.co.id---
> Koperias Amanah Sunda
> www.inkas.wordpress.com
> www.garut0262.wordpress.com
> www.azzoman.wordpress.com
> www.azzoman.indonetwork.co.id
> www.indonetwork.co.id/azzoman
> -
> http://aguspakusarakan.blogspot.com/
> http://geocities.com/prabu_siliwangi
> http://geocities.com/lodaya_9
> http://siliwangi.blogs.friendster.com
>




[Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?

2008-02-04 Thread dhipagaluh
Rampeees...

Aduh hawatos teuing. Hanjakal simkuring sanes dokter.
Nanging, kamari ieu kantos ngobrol sareng pun lanceuk, Kang Iding,
ngeunaan JAMUR KAPUCA (Punten bilih lepat namina). Saurna mah eta
jamur teh tiasa ngalandongan sawatara panyawat, diantawisna TBC sareng
ASMA.

Cara ngadamelna, ngagodog heula cai dugi ka ngagolak. Teras eta cai
didamel janten teh manis (takeranna dikinten-kinten we sakumaha
ilaharna ngadamel teh manis). Tos kitu, lebetkeun kana keler atanapi
wawadahan naon wae anu didamel tina kaca. Omat ulah tina plastik
saurna teh. Margi, simkuring oge kantos ngaos buku anu judulna "Jangan
Makan Plastik". Kacindekanana, memang katuangan anu dibungkus ku
sabangsaning plastik teh kirang sae kanggo kasehatan.

Tah, tos dilebetkeun kana wadah kaca tea, lebetkeun we jamur kapuca.
Teras we dikekeb sadinten. Engke rasana teh rada haseum, tapi da
nikmat. Komo upami disimpen heula dina kulkas mah. Simkuring oge
saumur2 teu acan ngalaman gaduh kulkas, tapi saatos wawanohan sareng
jamur kapuca mah janten maksakeun meser kulkas.

Karaos ku simkuring mah memang aya hasilna. Tara gampil cape, tara
gmpil tunduh (upami bagadang), sareng (wartosna) nambah kakuatan
pameget dina ngawajiban nu janten istri. Tah, nu pamungkas mah
simkuring teu acan gaduh kasempetan kanggo ngabuktoskeun.  

Kumaha carana kenging eta jamur? Mangga we kontak Bapa Iding: (022)
70012397. InsyaAlloh salami ieu tara kantos diicalan. Nu nuhunkeun mah
tangtos dipaparin, bari dipapatahan cara ngadamelna, pleus tiasa
nyobian hasil racikan anjeunna.

Simkuring oge kirang resep ngaracik nyalira mah. Sok nuhunkeun anu tos
janten we, lajeng disimpen dina kulkas. Alhamdulillah, panyawat mag
simkuring oge damang ku syareatna eta jamur kapuca. Ayeuna simkuring
tos tya wagelan deui ngaleueut kopi siang-wengi, tur henteu kedah
teratur tuang. Margi, tos henteu gaduh mag.

Sakitu anu kapihatur, mugia aya mangpaatna.

Baktosna
Dhipa Galuh Purba
http://galuh-purba.com

 


--- In urangsunda@yahoogroups.com, kuncen kasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Sampurasun,
> 
> punten wargi sadaya manawi aya nu terang landong tradisional kanggo
panyawat ASMA, atanapi landong TBC, aya nu peryogieun manawi baraya
kusnet aya ny terang.
> 
> nuhun
> wasalam "kuncen kasep"
> 
> 
> - Original Message 
> From: dhipagaluh <[EMAIL PROTECTED]>
> To: urangsunda@yahoogroups.com
> Sent: Monday, February 4, 2008 9:28:01 PM
> Subject: [Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?
> 
> 
> Pasualanana sanes ngabantah atanapi ngaenyakeun, da eta mah urusan
> pribadi Kang Kumi. Tiasa ngabantah bae, nya sae. Sok, tembrakeun
> argumentasina. Atuh upami teu tiasa, nya kuring oge moal maksa mirusa
> ka nu teu suka. Sagala rupina oge, nyanggakeun sadaya-daya ka warga
> internet jeung warga darat. Kuring mah ukur nembrakeun pamadegan, tur
> aya argumentasina. Piraku diwalonna ukur ku kitu? Lantaran cara
> ngajawab Kang Kumi kalintang jauh tina sistemastis, bet jadi pasaran,
> kuring hayang apal, siga kumaha makalah Kang Kumi dina gempungan
> kamari? Cobi, kuring hayang maca makalahna. Nuhunkeun dipidangkeun di
> dieu.
> 
> Tapi sateuacan nyerat, saena uningaan heula TUJUAN atanapi PAMIANGAN
> eta gempungan. Apan tos jelas, sanes saukur presentasi ti urang
> Internet anu ditujukeun ka urang darat. Tapi apan sakitu rempegna
> pemateri urang darat, anu tangtos peryogi dilenyepan ku urang
> internet. Naha Kang Kumi bet tega nyebatkeun teu aneh pikeun warga
> internet ngabandungan presentasi Kang Kumi?
> 
> Baktosna
> Dhipa Galuh Purba
> 
> --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, kumincir  wrote:
> >
> > Upamana bae Kang Dhipaa atawa nu sanesna ngahartikeun yen kuring
> nganggap
> > diri leuwih pinter batan urang darat (di antarana bae anu sumping:
Abah
> > Surya, Abah Yus Rusyana, Ambu Diana, Kang Dadang M., jst.), mangga teh
> > teuing, moal rek ngabantah atawa ngaenyakeun.
> > 
> > On 2/4/08, dhipagaluh wrote:
> > >
> > > Hanjakalna éta tulisan Kang Kumi (mairan Kang Agus jeung
> kuring) bet
> > > asa harianeun pisan. Kang Kumi kedahna obyéktif, ulah kéna-kéna
> diulem
> > > pikeun masihan présentasi. Sok mangga uningaan ku Kang Kumi, naon
> > > tujuanna éta pajemuhan anu digembor-gembor ku panitia? Sanés
saukur
> > > masihan présentasi ka urang darat ti urang internét. Tapi
> tujuanna téh
> > > "nepungkeun anu giat di internét jeung anu di darat". Upama
Kang Kumi
> > > gaduh pamadegan siga kitu,hartosna Kang Kumi gaduh angkeuhan yén
> urang
> > > internét langkung palalinter batan urang darat, anu antukna urang
> > > internét mah dianggap teu penting ngabandungan preséntasi ti urang
> > > darat.
> > >
> >
> 
> 
> 
> 
> 
>  

> Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
> http://www.yahoo.com/r/hs
>




[Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?

2008-02-04 Thread dhipagaluh

Pasualanana sanes ngabantah atanapi ngaenyakeun, da eta mah urusan
pribadi Kang Kumi. Tiasa ngabantah bae, nya sae. Sok, tembrakeun
argumentasina. Atuh upami teu tiasa, nya kuring oge moal maksa mirusa
ka nu teu suka. Sagala rupina oge, nyanggakeun sadaya-daya ka warga
internet jeung warga darat. Kuring mah ukur nembrakeun pamadegan, tur
aya argumentasina. Piraku diwalonna ukur ku kitu? Lantaran cara
ngajawab Kang Kumi kalintang jauh tina sistemastis, bet jadi pasaran,
kuring hayang apal, siga kumaha makalah Kang Kumi dina gempungan
kamari? Cobi, kuring hayang maca makalahna. Nuhunkeun dipidangkeun di
dieu.

Tapi sateuacan nyerat, saena uningaan heula TUJUAN atanapi PAMIANGAN
eta gempungan. Apan tos jelas, sanes saukur presentasi ti urang
Internet anu ditujukeun ka urang darat. Tapi apan sakitu rempegna
pemateri urang darat, anu tangtos peryogi dilenyepan ku urang
internet. Naha Kang Kumi bet tega nyebatkeun teu aneh pikeun warga
internet ngabandungan presentasi Kang Kumi?

Baktosna
Dhipa Galuh Purba



--- In urangsunda@yahoogroups.com, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Upamana bae Kang Dhipaa atawa nu sanesna ngahartikeun yen kuring
nganggap
> diri leuwih pinter batan urang darat (di antarana bae anu sumping: Abah
> Surya, Abah Yus Rusyana, Ambu Diana, Kang Dadang M., jst.), mangga teh
> teuing, moal rek ngabantah atawa ngaenyakeun.
> 
> On 2/4/08, dhipagaluh wrote:
> >
> >   Hanjakalna éta tulisan Kang Kumi (mairan Kang Agus jeung
kuring) bet
> > asa harianeun pisan. Kang Kumi kedahna obyéktif, ulah kéna-kéna
diulem
> > pikeun masihan présentasi. Sok mangga uningaan ku Kang Kumi, naon
> > tujuanna éta pajemuhan anu digembor-gembor ku panitia? Sanés saukur
> > masihan présentasi ka urang darat ti urang internét. Tapi
tujuanna téh
> > "nepungkeun anu giat di internét jeung anu di darat". Upama Kang Kumi
> > gaduh pamadegan siga kitu,hartosna Kang Kumi gaduh angkeuhan yén
urang
> > internét langkung palalinter batan urang darat, anu antukna urang
> > internét mah dianggap teu penting ngabandungan preséntasi ti urang
> > darat.
> >
>




[Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?

2008-02-04 Thread dhipagaluh
Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
Néangan nu amis-amis
Sarupaning bubuahan
Naon waé nu kapanggih

Tutungkusan ti karuhun
Dipiara dipupusti
Ku warga di alam maya
Nu karasép nu gareulis
Komunitas Urang Sunda
Di Internét seja ngancik


Ku bubuka dua pada Pupuh KINANTI di luhur, kuring neda widi deui ka
sadayana pikeun mairan panitia pajemuhan di Wisma Unpad, anu
Alhamdulillah wartosna tos lumangsung kalayan lungsur langsar.

Kang Oman, dulur kuring ti tatar Galuh, hatur nuhun kana waleranana.
Tapi ulah lepat harti, da kuring mah teu ngajak paréa-réa omong. Di
ieu milis, kuring henteu ngomong sakecap-kecap acan, éstuning mung
tiasa ngedalkeun eusi haté ku tulisan. Jadi, lepat kabina-bina upama
kuring dianggap ngajak paréa-réa omong.

Basa kuring nulis ieu surat, sakapeung diselangan heula ku maca buku
"Yang Datang Telanjang" (Surat-surat Ajip Rosidi dari jepang
1980-2002, Kepustakaan Populer Gramedia, 2008), anu kandelna 804 kaca.
Eusi surat-surat Kang Ajip Rosidi téh ditujukeun ka Asrul Sani,
Nugroho Notosusanto, Subagio Sastrowardoyo, sareng sajabina.  

Kitu kahirupan di darat mah, surat-surat téh nepi ka dibukukeun, bisa
dibaca ku saha baé nu daék meuli, nginjeum, atawa ménta buku. Jadi,
balaka baé, kuring kakara terang upama di milis aya étika yén surat
japri kudu diwalonan ka japri, pon kitu deui surat group diwalonan
deui ka group. Ana kitu mah heureut pisan kabébasan di dunya maya téh,
dunya anu cenah mah global, tempat pakumbuhan jalma (boa kaasup jin)
saalam dunya. 

Surat kuring nu munggaran, henteu aya anu dibantah ku Kang Oman.
Ngandung harti, sagala anu ditulis ku kuring téh luyu jeung
kanyataanana. Batan ngabantah eusi surat mah, kalah masualkeun téknis
surat. Tapi teu sawios-wios, upama katiasana ngan samet dinya mah
tangtos dima'lum ku kuring ogé.

Pangna surat kuring dicemplungkeun ka group, aya sawatara alesan. Di
antarana:
1.  Kuring tara biasa susulumputan, kajaba mun nuju bobogohan.
2.  Kuring teu terang upama anu diulem téh mung sabagéan warga Kusnét
(dipilihan), sabab dina eusi surat Kang Oman, ditandeskeun yén Kang
Oman ngawakilan sadayana. Ari ngawakilan sadayana, hartosna sadayana
ogé otomatis aruningaeun. Upama Kang Oman ngakukeun ngawakilan
sadayana bari ukur sababaraha urang nu uninga, naha éta kalebet étis
di dunya milis?
3.  Surat kuring ka japri henteu diwalonan baé, antukna dicemplungkeun
ka group. Malah upama henteu diwalonan kénéh mah pasti bakal
dipidangkeun di galuh-purba.com, jeung dikirimkeun ka sunda.web.id,
herni2nisih.blogspot.com, putrisunda.multiply.com, sarta situs-situs
séjénna anu kasawang bakal kersaeun ngamuat tulisan (sanés omongan)
kuring. Di darat ogé, kuring sok kitu. Lamun tulisan henteu dimuat di
hiji média massa, pasti kuring bakal néangan média séjénna anu
kersaeun ngamuat tulisan kuring. Pasti bakal aya nu kersaeun, da
kuring yakin Gusti Alloh Maha Adil.

Perkawis laporan waragad dina gempungan kamari, saumur nyunyuhun
mastaka, aéh… hulu, asa nembé ngaos laporan waragad dibarung ku
susumpahan. Sigana kedah diajar akuntansi. Kang Oman nyebatkeun teu
aya nu ngawaragadan, kajabi caneuteun jeung fasilitas di Wisma Unpad. 

Kumaha logikana éta kalimah téh? Apan caneuteun sareng fasilitas téh
mangrupi waragad. Naha bet nyebat teu aya nu ngawaragadan? Cobi wé
étang, sabaraha upami mésér caneuteun sareng sabaraha upami nyéwa
fasilitas? Kalebet sumbangan moto kopi ti Kang Oman ogé, nu nambutkeun
infokus, apan éta ogé kalebet waragad. 

Upama kuring mah, sigana bakal kieu basana téh: Alhamdulillah,
pajemuhan parantos lumangsung kalayan diwaragadan ku Pangersa Ganjar
Kurnia, mangrupi fasilitas Wisma Unpad, katuangan anu sakitu
raoseunna, ditambih ku waragad ti simkuring mangrupi biaya moto kopi
sareng mangusahakeun infokus. Nu langkung utami, maksad transparan téh
sanés hartosna kedah susumpahan sagala, tapi sumangga konsultasi ka
ahlina, neuleuman cara-carana ngalaporkeun hiji kagiatan.

Dina pasualan uleman, anu didugikeun ku Kang Agus, éta ogé teu kénging
dilalaworakeun. Ulah nyandak praktisna baé, komo bari alesanna henteu
logis. Kantun ngeunteung wé ka HBH (Halal Bi Halal), anu lumangung
kamari ieu di Cipayung waktos manggung… aéh, "waktos manggung"-na mah
henteu kalebet. 

Sanaos sadayana diulem, apan nu hadir téh henteu nyéépkeun tempat dugi
ka heurin usik. Di Wisma Unpad ogé, asa piraku upami henteu kawadahan
mah. Bet anu diulem ogé, sanés hiji-dua anu teu tiasa sumping téh,
patali aya wagelan anu tangtos langkung utami. Mung hiji, ulah
ngawartosan Miftahul Malik. Margi anjeunna mah sok aku-aku angga. Moal
henteu, majarkeun téh éta anu ngarempel mangrupi massa anjeunna, tur
siap milih Pa Agum Gumelar, Pa Dani Setiawan, atanapi Pa Ahmad
Héryawan. Omat, jalmi éta mah sok kitu.

Kang Kumi, aktivis wikipedia Sunda, satadina kuring moal
nyabit-nyabit, sabab geus terang kana ketak Kang Kumi. Kuring salut
tur kalintang ngajénan kana hanca gawé Kang Kumi anu tos napak tur
kaala mangpaatna. Hébat pokona mah, Kang

[Urang Sunda] Re: kumaha hasil gempungan UNPAD?

2008-02-03 Thread dhipagaluh
Hatur nuhun, Kang Agus. 

Ku ayana informasi ti Kang Agus ogé, kuring jadi terang yén panitia
téh manahoréng ngawilah-wilah "urang Sunda anu aya di internét".
Ongkoh di antara jejerna téh hoyong nyieun pajemuhan antara "anu di
internét" sareng "anu di darat". 

Ana kitu mah Kang Agus téh dianggapna ngancik di awang-awang atanapi
di laut. Tapi bisa jadi, Kang Agus dianggap anu henteu giat dina
widang kabudayaan Sunda. Margi, panitia nyebatkeun judulna pajemuhan
téh kirang-langkung "Agenda Pajemuhan Nepungkeun nu Giat dina
Kabudayaan antara nu di Darat jeung nu di Internet". Hiji judul anu
pararadu, henteu dikonsép, atah kabina-bina.

Kang Agus, kuring henteu terang kalayan écés saha-sahana nu hadir tur
naon kacindekan tina éta pajemuhan. Sabab, kuring henteu ngiring
pajemuhan. Tadina mah badé ngahadiran, tapi diantos-antos waleran
serat ti panitia téh henteu jol baé. Anu torojol téh kalah Cucu.
Wengina… torojol Cucu deui. Cucu sareng cucu wé anu sumping téh. Teu
aya serat waleran ti panitia mah.

Jadi, sigana panitia teu bisaeun ngajawab surat kuring (komo
ngadebat), da puguh teu gaduheun argumén anu pertéla. Padahal kuring
ogé bakal ngama'lum upama panitia bingung ngajawabna. Kilang kitu,
surat kuring tetep perelu dibales, sakurang-kurangna ngaku kana
kahéngkéran tatahar éta acara. Teu kudu réa alesan itu-ieu, upama
jejerna teu jelas mah, mending aku wé henteu jelas.

Atuh dina poé Ahad ogé, anu norojol téh kalah Lugiena De, pangarang
Sunda anu jangkung luhur simbar dada, mahasiswa UPI Bandung. Lugiena
ngirim peuteuy 7 papan sareng sukun dua sirah. Malah tuluy dipesék ku
manéhna, dikeureutan, tur digoréng ku manéhna kénéh. 

Kuring teu pati resep ngagoréng sukun téh. Tapi ari ngadaharna mah
sedep kabina-bina. Teu lami ti harita, torojol serat ti panitia
gempungan… aéh lepat, Kang. Maksad téh torojol sapasang nonoman numpak
vésva. Nu hiji jenenganana Ari. Nu hiji deui mah Ciko, aktivis Daya
Mahasiswa Sunda (Damas). Der wé balakécrakan ngahanca goréng sukun.
Kuring nepi ka dua kali pulang-anting ka kamar cai. Margi… (ieu mah
élmu) buah sukun téh saé pisan kanggo nu katarajang panyawat sesah
miceun. Tapi ulah seueur teuing nuangna, bilih méncrét.

7 Langkah Mudah Menjadi Web Master, aéh… maksad téh 7 papan peuteuy,
dua sirah sukun, Lugiena De, Ari, Ciko, raket patalina sareng
pajemuhan di Unpad. Margi, pabuburit, torojol Dadan sareng Kiai Ahmad
Gibsol Al-Bustomi, guru kuring. Dadan sareng Kang Gibson téh apan
mulih ngaluuhan pajemuhan. Teras wé balakécrakan tuang sareng peuteuy,
goréng asin kéré, sambel buatan Lugiena, pleus leunca. Tah, palih
dinya hubunganana antara peuteuy, sukun, Lugiena, Ari, Ciko, sareng
pajemuhan di Unpad.

Naon kacindekan tina pajemuhan téh? Kuring yakin, panitia moal bisaeun
ngadadarkeun kacindekanana. Bet nyieun surat ogé meni wawayagon pisan.
Kuring henteu ngobrol panjang lébar jeung Dadan atanapi Kang Gibson
ngeunaan éta pajemuhan, da kuring geus bisa ngira-ngira siga kumaha. 

Nu jelas mah, ladang tina pajemuhan téh Dadan mah manggih mukena anu
ngagantung dina motorna. Duka mukena saha. Jadi, saha baé anu hilap
ngagantungkeun mukena dina motor Dadan, tiasa ngintun e-mail ka:
[EMAIL PROTECTED] atanapi [EMAIL PROTECTED] Kuring yakin 100%
tur wani taruhan, yén anu kakantun mukena téh pasti istri. Kunaon
pangna éta mukena digantungkeun dina motor Dadan? Tah, ieu mah aya
sababaraha kamungkinan, di antarana:
1.  Anjeunna hilap kana motorna (motor Dadan mirip sareng motor anjeunna)
2.  Anjeunna aya nu ngajak chating pas ngalangkung ka payuneun motor
Dadan. Lajeng anjeunna chating heula, sok wé mukena mah digantungkeun
dina motopr Dadan.
3.  Anjeunna resepeun kana motor Dadan.
4.  Anjeunna aya haté kadua leutik ka Dadan tur ngahaja nyimpen éta
mukena supados kaimpikeun ku Dadan.
5.  Anjeunna seueur teuing mukena di bumina, lajeng hoyong masihan
mukena ka Dadan.
6.  Anjeunna miwarang Dadan énggal-énggal gaduh kabogoh nu nyantri
kalayan dipancing ku mukena; sareng kamungkinan sanésna 

Ku kituna, sakali deui, ka Tétéh atanapi Ibu anu ngaraos kaicalan
mukena, mangga saénggalna ngintun email, bilih kabujeng diical ku
Miftahul Malik. Henteu kedah ngajukeun proposal. Komo ngalampirkeun
surat keterangan rajin solat ti DKM mah. Cekap sebatkeun namina,
alamatna dimana, gaduh putra istri nu lalagasan sabaraha urang, sareng
nomor kontakna. 


Kapayunna, ieu kagiatan nu teu puguh alang-ujurna téh muga baé sing
jadi pieunteungeun. Upama badé ngadamel acara téh sing asak nyusun
konsépna, transparan dina ngabacarkeun waragadna (mun aya nu
ngawaragadan), tur ngabéjaanna ulah dipilihan nu seueur artos wungkul,
siga saur Kang Agus. 


Baktosna
DHIPA GALUH PURBA
Kuring ogé: ANTI DISKRIMINASI




--- In urangsunda@yahoogroups.com, Agus Pakusarakan
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Assalamu'alaikum Wr Wb,
>  wilujeng enjing baraya sadayana kumaha damang?
> kamari isuk2 di Bakus (urangsunda@yahoogroups.com)
> kuring maca uleman anu di haturkeun ku kang oman ka kang dhipa 
> nu terusna di 

[Urang Sunda] Kahatur Panitia Pajemuhan Anu Dipihormat

2008-02-01 Thread dhipagaluh
Assalammu'alaikum Wr.Wb
Sampurasun

Alhamdulillah iber perkawis pajemuhan anu badé lumangsung di Wisma
Unpad parantos katampi. Mugia baé acarana tiasa lumangsung kalayan
lungsur-langsar, kénging rido Nu Maha Kawasa geusan ngahontal udagan
tur cita-cita wargi sadaya nu micinta Ki Sunda. Bingah tur reueus ka
para inohong anu salawasna teu weléh merjoangkeun kabudayaan Sunda
kalayan pok bari prakna, siga Pangersa Prof. Dr. Ganjar Kurnia, DEA,
Pangersa Bapa Hidayat Suryalaga, Pangersa Kang Ahmad Gibson
Al-Bustomi, Pangersa Kang Dingding Haérudin, M.Pd., Pangersa Apih
Sidik, sareng seueur deui nu sanésna. Ku kituna, tangtos baé simkuring
kalintang ngarojongna kana ieu kagiatan. 

Serat anu dikintun ka simkuring téh sumpingna ti Kang Oman. Nanging,
patali Kang Oman nyebatkeun wawakil ti panitia, ieu waleran simkuring
ogé ditujukeun kanggo panitia. Simkuring henteu ngatasnamikeun sasaha,
éstuning kereteg simkuring pribadi anu tiasa janten saukur janten
dogdog pangréwong.

Perkawis jejer anu baris dipadungdengkeun, kalintang lumbrahna upami
seueur nu naroskeun. Margi, ari badé paguneman, padungdengan, diskusi,
atanapi sawala mah saéna kedah ditangtoskeun heula naon anu badé
didamel jejerna supados mokus. Komo deui panitia tos langkung uninga,
yén kabudayaan téh lega ambahanana (simkuring nembé nguping kecap:
wengkuanana). 

Janten, supados teu mancawura, nya saéna kedah mokus. Anu langkung
utami, supados peserta anu badé ngaluuhan gempungan téh, saperti
simkuring, sakirang-kirangna mekel bahan kanggo paguneman.

Panitia nyebatkeun "sok sanajan ukur ngawangkong malah ukur nepi ka
ngabuntut bangkong sareng anu parantos puguh idek liherna atanapi
icikibungna dina kabudayaan di darat; oge silaturahim papada anu
sasari aktif di internet."

Ku ngaos éta seratan, aya kahanjelu simkuring. Acara anu baris
diluuhan ku inohong pinunjul, naha ukur ngararancang wangkongan nu
baris ngabuntut bangkong? Siga anu henteu optimis, henteu sumanget,
malah nyaketan kana pesimis. Padahal ari rarancang mah kedah sing
asak, sumanget, optimis, ulah kalah miharep ngabuntut bangkong. Lebar
kabina-bina upami para inohong anu sakitu sumangetna, dibagéakeun ku
sikep panitia anu henteu optimis.

Tina jejer kahiji anu didadarkeun ku panitia, simkuring henteu mendak
jejer nanaon. Da ari perkawis silaturahmi mah otomatis, salaku umat
Islam, dimana baé aya gempungan tangtos baé sakaligus silaturahmi.
Malah ieu serat simkuring ogé hakékatna mah mugia sing janten silaturahmi.

Jejer anu kadua, anu kaunggel ku panitia: "aya kereteg ti sababaraha
dulur anu di internet, kahayang nyieun riungan anu maneuh ka hareup,
upamana bulanan, pikeun nyieun garapan-garapan anu rada nerus tur
puguh tuturusna enggoning ngalahirkeun tatapakan sumbangan keur
masyarakat oge pamarentah (Jabar khususna, jembarna RI) dina widang
kabudayaan ku cara nyieun pajemuhan antara "anu diinternet" sareng
"anu di darat" tea. Anapon naon kurikulumna atawa agenda eta
unggal-unggal pajemuhan maneuh teh (sakadang) justru eta anu
diantarana bade dipadungdengkeun dina riungan ping 3 Pebruari 2008.
Jadi, nyoko kana jejer nu kadua mah, jejer riungan teh justru keur
maheutkeun jejer riungan-riungan maneuh anu haladir pikahareupeun."

Ku ngaos éta seratan, balaka baé, numutkeun simkuring mah pabeulit
(boa kétang simkuring anu kirang calakan mesékna). Nu karampa ku
simkuring mah:
1. Panitia badé nampung aspirasi warga internét nu hoyong ngawangun
riungan maneuh, upamana sasasih sakali (kalintang saéna). 

2. Eta riungan téh rarancangna badé ngadamel garapan-garapan anu rada
nerus tur écés tuturusna enggoning ngalahirkeun tatapakan sumbangan
kanggo masarakat sareng pamaréntah (Jabar hususna, jembarna RI) dina
widang kabudayaan.

3. Ari carana kumaha? Nya carana téh, masih numutkeun panitia: "ku
cara ngadamel pajemuhan antara 'anu di internét' sareng 'anu di darat'
téa.

4. Naon baé garapan pajemuhan téh? Saur panitia, "Anapon naon
kurikulumna atawa agenda eta unggal-unggal pajemuhan maneuh teh
(sakadang) justru eta anu diantarana bade dipadungdengkeun dina
riungan ping 3 Pebruari 2008. Jadi, nyoko kana jejer nu kadua mah,
jejer riungan teh justru keur maheutkeun jejer riungan-riungan maneuh
anu haladir pikahareupeun."

Duka naon maksadna kecap "sakadang" mah. Nu écés, sasarina kecap
"Sakadang" sok dipasangkeun sareng Kuya, Mencek, Maung, anatapi paling
banter ogé sok dianggo "gelar payun" kanggo  mitoha, dina dongéng Si
Kabayan. 

Leupas tina pasualan "sakadang", kacindekanna tina dadaran panitia téh
rupina jejer gempungan kaping 3 Pébuari 2008 téh, diantarana badé
nyusun jejer riungan maneuh. Kumargi aya kecap "diantarana", hartosna
éta jejer téh mung sabagéan tina jejer poko. Naon atuh jejer anu
pokona? Rupina, panitia teu acan panceg nyepeng jejer anu poko, sanés
"henteu tiasa mayunkeun jejer atawa tema riungan leuwih ti anu kasebut
di luhur". 

Mémang diaku ku panitia, yén: "Teu aya sanes kituna teh inggis ku
bisi, rempan ku lengkah, palalaur anu kasorang jauh taneuh ka langit
tinimbang anu d

[Urang Sunda] Re: Ua sas di media indonesia

2005-06-25 Thread dhipagaluh
Abdi oge atos ngaos. Ngiring reueus ka Ua Sas hususuna, umumna mah ka 
sadaya nu "ngageugeuh" Kusnet.

Rada reuwas abdi teh, basa ngadangu wartos aya Ua di Media Endonesia. 
Margi basa wengina teh, nembe oge abdi badami sareng Dadan oge Hijar 
di Cupumanik. 

Kieu babadamian teh: Abdi diangkir nyerat artikel dina buku panduan 
Pameran Buku Bandung 2005 (baris lumangsung 2-8 Agustus 2005). Ari 
honorna bade ditukeuran ku "iklan" Swara Cangkurileung sareng 
Cupumanik (dimuatkeun dina buku panduan).

Sabada diskusi, antukna aya kacindekan yen abdi bade nyerat "Ua Sas 
Sahabat Buku" (Patali sareng jejer PBB '05, "Berkawan Buku, Berbilang 
Ilmu).

Enjingna, nembe oge bade prak nyerat, ana kirining teh aya SMS. Demi 
eusina ngawartosan abdi yen Ua Sas aya dina "Media Indonesia". Hemeng 
pisan tah sakedapan mah, dugi ka panyawat rewog barang tuang kanceuh 
deui.

Ayeuna nembe bade dikeureuyeuh. Pidua'na we ti sadayana, mugia tiasa 
rengse enjing, supados kasanggakeun dinten Senen (Manawi teu acan 
leuir, margi jangji abdi mah dinten Saptu)

Wilujeng, Ua.

Baktosna
Pun Dhipa



--- In urangsunda@yahoogroups.com, "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Hatur nuhun Kang Eko, sasieureun sabeunyeureun mugi aya mangfaatna, 
da mung
> sakitu anu katata kaduga.
> Alhamdulillah dijudulanana cocog jeung hate.

--< diteukteuk >--





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/