Re: [Urang Sunda] Kahatur Panitia Pajemuhan Anu Dipihormat
Hapunten ka kang Oman oge panitia sanesna, si kuring teu tiasa ngaluuhan acara pajemuhan. Kamari mah alesanana teh nyaeta nuju ngadamel tugas ti sakola-perkawis estetika sunda tea- padahal rarasaan karek ge asup, geus kudu nyieun paper. kanggo ngeuyeuban bahan, Insya alloh bade ngulem narasumber kanggo ngabahas eta, bade ditandean ku si kuring di pusat studi sunda. insya alloh, jumaah 15 februari jam 2an siang. Narasumberna: 1. Abah Surya kanggo estetika sunda umum, 2. kang Roza Mintareja kanggo arsitektur. Kapayun insya alloh kang tedi perkawis kujang, oge narasumber sanesna. urang ondang pembimbingna sakalian. heuheu. ka bah Willy, iraha bah bade ka Sumedang? upami bade ajak abdi nya. heuheu. bade nyimpang ka museum Geusan Ulun, teras maluruh bumi tilas bupati bandung nu urang sumedang, Martanagara, manawi tiasa dipotret sareng ditoong lebetna. Aya buku dua kardus kintunkeuneun ka jampang teu acan. Ka teh Imas, wayahna nya. Rada lami, da ongkoh danana paciwit-ciwit lutung. Tos aya nu ngantos ukeun dikirim deui ti garut, oge aya tempat enggal guru di garut oge, balad kang Deny Suwarja. Alesan ka dua teu tiasa ngaluuhan, nyaeta panyawat lami nu matuh mucunghul deui, sabot pindah ka cihideung, seueur kembang, jorojoy panyawat ngalukis mucunghul deui. Atuh ngumaha ka indung budak, hayang kanvas, ari cet akrilikna mah aya, oleh2 Abah Joe ti New York (nuhun pisan Bah Joe, nembean yeuh ngangge cet made in amrik, biasana mun teu walanda, china) sareng sesa kapungkur. Kanu bade noong aya di http://mangjamal.multiply.com/paintings Dinten minggu kamari teh teu emut ongkoh, n milarian novel munggaran karya sobat, Jurie G. Jarian, saurna tos medal ku mizania, grup mizan. Kaget oge, judulna di robah, asalna Darul, jadi Opik Sok Cool, nih! Heuheu. Sigana pedah eusina komedi roman, bari nyaritakeun teroris lokal. Nya milari di pameran buku ikapi di landmark braga. Ngulibek pinuh ku jelema jeung buku. Saur Jurie G Jarian, hatur nuhun cenah ka baraya kusnet nu namina tos kaci ditambut dina novel eta, Soni Rosa, Deni Suwarja, Runa, Ajan Hudori, Ono Taryono, Kumi Iskandar, jaradi tangtara nu numpes teroris. Heuheu. Gambar jilid nebeng di http://mangjamal.multiply.com/bukuku -- geocities.com/mangjamal mangjamal.multiply.com
Re: [Urang Sunda] Kahatur Panitia Pajemuhan Anu Dipihormat
Waa'alikumsalam tiasa uninga teu nu ti milis saha wae nu dongkap? punten yeu abdi telat macana maklum tos 2 minggon langkung tapa heula di Cilegong baktos Agus Pakusarakan On Sat, Feb 2, 2008 at 12:09 PM, dhipagaluh [EMAIL PROTECTED] wrote: Assalammu'alaikum Wr.Wb Sampurasun Alhamdulillah iber perkawis pajemuhan anu badé lumangsung di Wisma Unpad parantos katampi. Mugia baé acarana tiasa lumangsung kalayan lungsur-langsar, kénging rido Nu Maha Kawasa geusan ngahontal udagan tur cita-cita wargi sadaya nu micinta Ki Sunda. Bingah tur reueus ka para inohong anu salawasna teu weléh merjoangkeun kabudayaan Sunda kalayan pok bari prakna, siga Pangersa Prof. Dr. Ganjar Kurnia, DEA, Pangersa Bapa Hidayat Suryalaga, Pangersa Kang Ahmad Gibson Al-Bustomi, Pangersa Kang Dingding Haérudin, M.Pd., Pangersa Apih Sidik, sareng seueur deui nu sanésna. Ku kituna, tangtos baé simkuring kalintang ngarojongna kana ieu kagiatan. Serat anu dikintun ka simkuring téh sumpingna ti Kang Oman. Nanging, patali Kang Oman nyebatkeun wawakil ti panitia, ieu waleran simkuring ogé ditujukeun kanggo panitia. Simkuring henteu ngatasnamikeun sasaha, éstuning kereteg simkuring pribadi anu tiasa janten saukur janten dogdog pangréwong. Perkawis jejer anu baris dipadungdengkeun, kalintang lumbrahna upami seueur nu naroskeun. Margi, ari badé paguneman, padungdengan, diskusi, atanapi sawala mah saéna kedah ditangtoskeun heula naon anu badé didamel jejerna supados mokus. Komo deui panitia tos langkung uninga, yén kabudayaan téh lega ambahanana (simkuring nembé nguping kecap: wengkuanana). Janten, supados teu mancawura, nya saéna kedah mokus. Anu langkung utami, supados peserta anu badé ngaluuhan gempungan téh, saperti simkuring, sakirang-kirangna mekel bahan kanggo paguneman. Panitia nyebatkeun sok sanajan ukur ngawangkong malah ukur nepi ka ngabuntut bangkong sareng anu parantos puguh idek liherna atanapi icikibungna dina kabudayaan di darat; oge silaturahim papada anu sasari aktif di internet. Ku ngaos éta seratan, aya kahanjelu simkuring. Acara anu baris diluuhan ku inohong pinunjul, naha ukur ngararancang wangkongan nu baris ngabuntut bangkong? Siga anu henteu optimis, henteu sumanget, malah nyaketan kana pesimis. Padahal ari rarancang mah kedah sing asak, sumanget, optimis, ulah kalah miharep ngabuntut bangkong. Lebar kabina-bina upami para inohong anu sakitu sumangetna, dibagéakeun ku sikep panitia anu henteu optimis. Tina jejer kahiji anu didadarkeun ku panitia, simkuring henteu mendak jejer nanaon. Da ari perkawis silaturahmi mah otomatis, salaku umat Islam, dimana baé aya gempungan tangtos baé sakaligus silaturahmi. Malah ieu serat simkuring ogé hakékatna mah mugia sing janten silaturahmi. Jejer anu kadua, anu kaunggel ku panitia: aya kereteg ti sababaraha dulur anu di internet, kahayang nyieun riungan anu maneuh ka hareup, upamana bulanan, pikeun nyieun garapan-garapan anu rada nerus tur puguh tuturusna enggoning ngalahirkeun tatapakan sumbangan keur masyarakat oge pamarentah (Jabar khususna, jembarna RI) dina widang kabudayaan ku cara nyieun pajemuhan antara anu diinternet sareng anu di darat tea. Anapon naon kurikulumna atawa agenda eta unggal-unggal pajemuhan maneuh teh (sakadang) justru eta anu diantarana bade dipadungdengkeun dina riungan ping 3 Pebruari 2008. Jadi, nyoko kana jejer nu kadua mah, jejer riungan teh justru keur maheutkeun jejer riungan-riungan maneuh anu haladir pikahareupeun. Ku ngaos éta seratan, balaka baé, numutkeun simkuring mah pabeulit (boa kétang simkuring anu kirang calakan mesékna). Nu karampa ku simkuring mah: 1. Panitia badé nampung aspirasi warga internét nu hoyong ngawangun riungan maneuh, upamana sasasih sakali (kalintang saéna). 2. Eta riungan téh rarancangna badé ngadamel garapan-garapan anu rada nerus tur écés tuturusna enggoning ngalahirkeun tatapakan sumbangan kanggo masarakat sareng pamaréntah (Jabar hususna, jembarna RI) dina widang kabudayaan. 3. Ari carana kumaha? Nya carana téh, masih numutkeun panitia: ku cara ngadamel pajemuhan antara 'anu di internét' sareng 'anu di darat' téa. 4. Naon baé garapan pajemuhan téh? Saur panitia, Anapon naon kurikulumna atawa agenda eta unggal-unggal pajemuhan maneuh teh (sakadang) justru eta anu diantarana bade dipadungdengkeun dina riungan ping 3 Pebruari 2008. Jadi, nyoko kana jejer nu kadua mah, jejer riungan teh justru keur maheutkeun jejer riungan-riungan maneuh anu haladir pikahareupeun. Duka naon maksadna kecap sakadang mah. Nu écés, sasarina kecap Sakadang sok dipasangkeun sareng Kuya, Mencek, Maung, anatapi paling banter ogé sok dianggo gelar payun kanggo mitoha, dina dongéng Si Kabayan. Leupas tina pasualan sakadang, kacindekanna tina dadaran panitia téh rupina jejer gempungan kaping 3 Pébuari 2008 téh, diantarana badé nyusun jejer riungan maneuh. Kumargi aya kecap diantarana, hartosna éta jejer téh mung sabagéan tina jejer poko. Naon atuh jejer anu
Re: [Urang Sunda] Kahatur Panitia Pajemuhan Anu Dipihormat
Nambihan kang... sateuacana hatur nuhun tos di wartosan mun akang teu ngalungkeun iyeu email mah abdi moal terang aya pajemuhan di UNPAD, da' di pilari2 teh email ti kang oman nah mah teu aya na inbox janten heren ku rasa abdi naha bet kitu nya.. ari ngaran pajemuhan budaya sunda ceunah ari di wartosan teu sakabeh, bujeng2 nu teu aya dimilis nu dimilis oge teu kawartosan.. hal iyeu geus sababara kali kajidian boh waktos pamunutan sumbangan di HBH teu sadayana wargi ka kintun serat/email eta mung sawatara jalma nu katanger aya jeung kaciri boga duit ceuk kasarna mah.. sakitu heula we ahh engke teruskeun tunduh yeuh... karek jol nepi ka jakarta baktos Agus Pakusarakan (anti diskriminasi) On Sat, Feb 2, 2008 at 12:09 PM, dhipagaluh [EMAIL PROTECTED] wrote: Assalammu'alaikum Wr.Wb Sampurasun Alhamdulillah iber perkawis pajemuhan anu badé lumangsung di Wisma Unpad parantos katampi. Mugia baé acarana tiasa lumangsung kalayan lungsur-langsar, kénging rido Nu Maha Kawasa geusan ngahontal udagan tur cita-cita wargi sadaya nu micinta Ki Sunda. Bingah tur reueus ka para inohong anu salawasna teu weléh merjoangkeun kabudayaan Sunda kalayan pok bari prakna, siga Pangersa Prof. Dr. Ganjar Kurnia, DEA, Pangersa Bapa Hidayat Suryalaga, Pangersa Kang Ahmad Gibson Al-Bustomi, Pangersa Kang Dingding Haérudin, M.Pd., Pangersa Apih Sidik, sareng seueur deui nu sanésna. Ku kituna, tangtos baé simkuring kalintang ngarojongna kana ieu kagiatan. Serat anu dikintun ka simkuring téh sumpingna ti Kang Oman. Nanging, patali Kang Oman nyebatkeun wawakil ti panitia, ieu waleran simkuring ogé ditujukeun kanggo panitia. Simkuring henteu ngatasnamikeun sasaha, éstuning kereteg simkuring pribadi anu tiasa janten saukur janten dogdog pangréwong. Perkawis jejer anu baris dipadungdengkeun, kalintang lumbrahna upami seueur nu naroskeun. Margi, ari badé paguneman, padungdengan, diskusi, atanapi sawala mah saéna kedah ditangtoskeun heula naon anu badé didamel jejerna supados mokus. Komo deui panitia tos langkung uninga, yén kabudayaan téh lega ambahanana (simkuring nembé nguping kecap: wengkuanana). Janten, supados teu mancawura, nya saéna kedah mokus. Anu langkung utami, supados peserta anu badé ngaluuhan gempungan téh, saperti simkuring, sakirang-kirangna mekel bahan kanggo paguneman. Panitia nyebatkeun sok sanajan ukur ngawangkong malah ukur nepi ka ngabuntut bangkong sareng anu parantos puguh idek liherna atanapi icikibungna dina kabudayaan di darat; oge silaturahim papada anu sasari aktif di internet. Ku ngaos éta seratan, aya kahanjelu simkuring. Acara anu baris diluuhan ku inohong pinunjul, naha ukur ngararancang wangkongan nu baris ngabuntut bangkong? Siga anu henteu optimis, henteu sumanget, malah nyaketan kana pesimis. Padahal ari rarancang mah kedah sing asak, sumanget, optimis, ulah kalah miharep ngabuntut bangkong. Lebar kabina-bina upami para inohong anu sakitu sumangetna, dibagéakeun ku sikep panitia anu henteu optimis. Tina jejer kahiji anu didadarkeun ku panitia, simkuring henteu mendak jejer nanaon. Da ari perkawis silaturahmi mah otomatis, salaku umat Islam, dimana baé aya gempungan tangtos baé sakaligus silaturahmi. Malah ieu serat simkuring ogé hakékatna mah mugia sing janten silaturahmi. Jejer anu kadua, anu kaunggel ku panitia: aya kereteg ti sababaraha dulur anu di internet, kahayang nyieun riungan anu maneuh ka hareup, upamana bulanan, pikeun nyieun garapan-garapan anu rada nerus tur puguh tuturusna enggoning ngalahirkeun tatapakan sumbangan keur masyarakat oge pamarentah (Jabar khususna, jembarna RI) dina widang kabudayaan ku cara nyieun pajemuhan antara anu diinternet sareng anu di darat tea. Anapon naon kurikulumna atawa agenda eta unggal-unggal pajemuhan maneuh teh (sakadang) justru eta anu diantarana bade dipadungdengkeun dina riungan ping 3 Pebruari 2008. Jadi, nyoko kana jejer nu kadua mah, jejer riungan teh justru keur maheutkeun jejer riungan-riungan maneuh anu haladir pikahareupeun. Ku ngaos éta seratan, balaka baé, numutkeun simkuring mah pabeulit (boa kétang simkuring anu kirang calakan mesékna). Nu karampa ku simkuring mah: 1. Panitia badé nampung aspirasi warga internét nu hoyong ngawangun riungan maneuh, upamana sasasih sakali (kalintang saéna). 2. Eta riungan téh rarancangna badé ngadamel garapan-garapan anu rada nerus tur écés tuturusna enggoning ngalahirkeun tatapakan sumbangan kanggo masarakat sareng pamaréntah (Jabar hususna, jembarna RI) dina widang kabudayaan. 3. Ari carana kumaha? Nya carana téh, masih numutkeun panitia: ku cara ngadamel pajemuhan antara 'anu di internét' sareng 'anu di darat' téa. 4. Naon baé garapan pajemuhan téh? Saur panitia, Anapon naon kurikulumna atawa agenda eta unggal-unggal pajemuhan maneuh teh (sakadang) justru eta anu diantarana bade dipadungdengkeun dina riungan ping 3 Pebruari 2008. Jadi, nyoko kana jejer nu kadua mah, jejer riungan teh justru keur maheutkeun jejer riungan-riungan
[Urang Sunda] Kahatur Panitia Pajemuhan Anu Dipihormat
Assalammu'alaikum Wr.Wb Sampurasun Alhamdulillah iber perkawis pajemuhan anu badé lumangsung di Wisma Unpad parantos katampi. Mugia baé acarana tiasa lumangsung kalayan lungsur-langsar, kénging rido Nu Maha Kawasa geusan ngahontal udagan tur cita-cita wargi sadaya nu micinta Ki Sunda. Bingah tur reueus ka para inohong anu salawasna teu weléh merjoangkeun kabudayaan Sunda kalayan pok bari prakna, siga Pangersa Prof. Dr. Ganjar Kurnia, DEA, Pangersa Bapa Hidayat Suryalaga, Pangersa Kang Ahmad Gibson Al-Bustomi, Pangersa Kang Dingding Haérudin, M.Pd., Pangersa Apih Sidik, sareng seueur deui nu sanésna. Ku kituna, tangtos baé simkuring kalintang ngarojongna kana ieu kagiatan. Serat anu dikintun ka simkuring téh sumpingna ti Kang Oman. Nanging, patali Kang Oman nyebatkeun wawakil ti panitia, ieu waleran simkuring ogé ditujukeun kanggo panitia. Simkuring henteu ngatasnamikeun sasaha, éstuning kereteg simkuring pribadi anu tiasa janten saukur janten dogdog pangréwong. Perkawis jejer anu baris dipadungdengkeun, kalintang lumbrahna upami seueur nu naroskeun. Margi, ari badé paguneman, padungdengan, diskusi, atanapi sawala mah saéna kedah ditangtoskeun heula naon anu badé didamel jejerna supados mokus. Komo deui panitia tos langkung uninga, yén kabudayaan téh lega ambahanana (simkuring nembé nguping kecap: wengkuanana). Janten, supados teu mancawura, nya saéna kedah mokus. Anu langkung utami, supados peserta anu badé ngaluuhan gempungan téh, saperti simkuring, sakirang-kirangna mekel bahan kanggo paguneman. Panitia nyebatkeun sok sanajan ukur ngawangkong malah ukur nepi ka ngabuntut bangkong sareng anu parantos puguh idek liherna atanapi icikibungna dina kabudayaan di darat; oge silaturahim papada anu sasari aktif di internet. Ku ngaos éta seratan, aya kahanjelu simkuring. Acara anu baris diluuhan ku inohong pinunjul, naha ukur ngararancang wangkongan nu baris ngabuntut bangkong? Siga anu henteu optimis, henteu sumanget, malah nyaketan kana pesimis. Padahal ari rarancang mah kedah sing asak, sumanget, optimis, ulah kalah miharep ngabuntut bangkong. Lebar kabina-bina upami para inohong anu sakitu sumangetna, dibagéakeun ku sikep panitia anu henteu optimis. Tina jejer kahiji anu didadarkeun ku panitia, simkuring henteu mendak jejer nanaon. Da ari perkawis silaturahmi mah otomatis, salaku umat Islam, dimana baé aya gempungan tangtos baé sakaligus silaturahmi. Malah ieu serat simkuring ogé hakékatna mah mugia sing janten silaturahmi. Jejer anu kadua, anu kaunggel ku panitia: aya kereteg ti sababaraha dulur anu di internet, kahayang nyieun riungan anu maneuh ka hareup, upamana bulanan, pikeun nyieun garapan-garapan anu rada nerus tur puguh tuturusna enggoning ngalahirkeun tatapakan sumbangan keur masyarakat oge pamarentah (Jabar khususna, jembarna RI) dina widang kabudayaan ku cara nyieun pajemuhan antara anu diinternet sareng anu di darat tea. Anapon naon kurikulumna atawa agenda eta unggal-unggal pajemuhan maneuh teh (sakadang) justru eta anu diantarana bade dipadungdengkeun dina riungan ping 3 Pebruari 2008. Jadi, nyoko kana jejer nu kadua mah, jejer riungan teh justru keur maheutkeun jejer riungan-riungan maneuh anu haladir pikahareupeun. Ku ngaos éta seratan, balaka baé, numutkeun simkuring mah pabeulit (boa kétang simkuring anu kirang calakan mesékna). Nu karampa ku simkuring mah: 1. Panitia badé nampung aspirasi warga internét nu hoyong ngawangun riungan maneuh, upamana sasasih sakali (kalintang saéna). 2. Eta riungan téh rarancangna badé ngadamel garapan-garapan anu rada nerus tur écés tuturusna enggoning ngalahirkeun tatapakan sumbangan kanggo masarakat sareng pamaréntah (Jabar hususna, jembarna RI) dina widang kabudayaan. 3. Ari carana kumaha? Nya carana téh, masih numutkeun panitia: ku cara ngadamel pajemuhan antara 'anu di internét' sareng 'anu di darat' téa. 4. Naon baé garapan pajemuhan téh? Saur panitia, Anapon naon kurikulumna atawa agenda eta unggal-unggal pajemuhan maneuh teh (sakadang) justru eta anu diantarana bade dipadungdengkeun dina riungan ping 3 Pebruari 2008. Jadi, nyoko kana jejer nu kadua mah, jejer riungan teh justru keur maheutkeun jejer riungan-riungan maneuh anu haladir pikahareupeun. Duka naon maksadna kecap sakadang mah. Nu écés, sasarina kecap Sakadang sok dipasangkeun sareng Kuya, Mencek, Maung, anatapi paling banter ogé sok dianggo gelar payun kanggo mitoha, dina dongéng Si Kabayan. Leupas tina pasualan sakadang, kacindekanna tina dadaran panitia téh rupina jejer gempungan kaping 3 Pébuari 2008 téh, diantarana badé nyusun jejer riungan maneuh. Kumargi aya kecap diantarana, hartosna éta jejer téh mung sabagéan tina jejer poko. Naon atuh jejer anu pokona? Rupina, panitia teu acan panceg nyepeng jejer anu poko, sanés henteu tiasa mayunkeun jejer atawa tema riungan leuwih ti anu kasebut di luhur. Mémang diaku ku panitia, yén: Teu aya sanes kituna teh inggis ku bisi, rempan ku lengkah, palalaur anu kasorang jauh taneuh ka langit tinimbang anu dipimaksud lian ti anu